Seputar Islam

2 Teks Khutbah Jumat Tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Penuh Khidmat, Ada PDF

Inilah sajian teks naskah khutbah Jumat yang mengangkat materi tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, penuh makna dan khidmat. Tersedia pula dalam form

Tribunsumsel.com
2 Teks Naskah Khutbah Jumat Tentang Palestina Dalam Bahasa Sunda, Terbaru dan Penuh Khidmat, Ada PDF 

Kahiji, wilayah Yérusalem geus jadi bagéan tina nagri-nagri Islam jeung statusna tanah khoroj timimiti zaman Kakholifahan Umar bin al-Khoththob rodliyallohu ‘anhu dina taun 637 M.
Saenggeus peperangan anu lumangsung salila mangbulan-bulan, akhirna Uskup Yérusalem, Sophronius, masrahkeun konci Kota Yérusalem ka Kholifah Umar bin al-Khoththob rodliyallohu ‘anhu kalawan langsung.

Kadua, kaom Muslim kabeungkeut jeung kaom Nasrani Yérusalem pikeun méré panyalindungan nagri éta ngaliwatan Perjanjian Umariyah.

Dina éta perjanjian Khilafah boga kawajiban méré jaminan ka kaom Nasrani naha anu aya patula-patalina jeung harta, jiwa, sarta ibadah maranéhna.

Khilafah ogé dipénta pikeun ulah ngizinan urang Yahudi cicing babarengan kaom Nasrani jeung kaom Muslim di Yérusalem. Kholifah Umar tuluy ngajamin teu aya saurang ogé urang Yahudi anu liwat jeung meuting di éta wilayah.

Perjanjian Kholifah Umar jeung kaom Nasrani Yérusalem ieu ngabeungkeut kaum Muslim wanci kiwari nepika akhir zaman.

Ku alesan ieu pisan, haram hukumna ngaku ayana nagara Yahudi penjajah di Palestina. Haram ogé nyokot solusi dua nagara anu diusulkeun ku PBB jeung nagara-nagara Barat. Sakabéhna ieu téh hakékatna sarua jeung ngaku ayana kaom Yahudi penjajah dina tanah urang kaom Muslim.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Tuluy naon anu sakuduna dilakukeun ku umat Islam wanci kiwari? Inget, Yahudi téh nyaéta penjajah, anu ngarampas, jeung anu ngarampog taneuh urang.

Teu aya anu pantes pikeun maranéhna anging diusir ti bumi Paléstina. Tangtu ieu bisa dilakukeun lamun militer umat ieu gerak teu cicing. Lainna Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ

Prak perangan maranéhna di mana baé anjeun manggihan maranéhna jeung prak usir marinéhna ti tempat maranéhna geus ngusir aranjeun (TQS al-Baqoroh [2]: 191).

Kukituna, geus sapantesna para pangawasa Arab jeung pangawasa Muslim ngirimkeun tentara maranéhna pikeun jihad babarengan jeung para mujahidin Palestina, ngusir kaom Yahudi penjajah ti wilayah Palestina.

Saéstuna ieu téh amal-amalan anu ganjaranana luar biasa gedéna. Mangka, teu pantes para tentara Muslim cicing jeung nangkeup harigu.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Naon anu kajadian di Paléstina ieu kuduna nyadarkeun urang sadaya yén ieu umat téh kudu ngahiji. Umat ieu kudu ngabogaan anu méré panyalindungan jeung pamingpin anu hiji.

Halaman
1234
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved