Seputar Islam

2 Teks Khutbah Jumat Tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Penuh Khidmat, Ada PDF

Inilah sajian teks naskah khutbah Jumat yang mengangkat materi tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, penuh makna dan khidmat. Tersedia pula dalam form

Tribunsumsel.com
2 Teks Naskah Khutbah Jumat Tentang Palestina Dalam Bahasa Sunda, Terbaru dan Penuh Khidmat, Ada PDF 

Maranéhna ambek ku serangan Hamas anu luar biasa, ngadadak, sarta ngancurkeun. Tentara Yahudi anu cenah pang kuatna di Timur Tengah, kawalahan.

Amérika ogé milu ambek, manéhna ngirimkeun bantuan militer pikeun mantuan kaom Yahudi penjajah dina raraga numpes perlawanan kaom Muslim Paléstina.

Tapi anéhna, teu aya sama sakali bantuan militer ti nagara-nagara Arab jeung Islam pikeun mantuan kaom Muslim Paléstina dina ngalawan kaom Yahudi penjajah.

Para pangawasa Arab jeung Islam milih cicing siga hayam lisung, ipis burih eweuh kawani. Maranéhna ngan wani ngomong tukangeun. Paling banter maranéhna nyerukeun supaya kadua pihak ngeureunkeun serangan.

Dina waktu anu sarua, ratusan rébu nepika jutaan tentara maranéhna tetep ku maranéhna diantep “ngaranggur” di barak-barak maranéhna.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun ku sadayana, Paléstina téh nyaéta bagéan tina nagri Syam. Syam teu bisa dipisahkeun tina ajaran Islam. Syam waktu ayeuna nyaéta Suriah, Yordania, Libanon, jeung Paléstina, kaasup anu dicaplok ku kaom Yahudi.

Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam maparin loba pisan pujian ka nagri Syam. Di antarana nyaéta:

طُوبَى لِلشَّامِ فَقُلْنَا لِأَيٍّ ذَلِكَ يَا رَسُولَ اللَّهِ قَالَ لِأَنَّ مَلَائِكَةَ الرَّحْمَنِ بَاسِطَةٌ أَجْنِحَتَهَا عَلَيْهَا

“Kauntungan pikeun pangeusi Syam,” Abdi sadaya naros, “Kusabab naon, wahéy Rosululloh?” Mantena ngawaler, “Kusabab para malaikat mébérkeun jangjang-jangjangna ka maranéhna (pangeusi Syam).” (HR at-Tirmidzi).

Syam ogé nyaéta nagri para nabi. Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam kantos ngadawuh, “Para nabi cicingna di Syam. Teu aya sajeungkal oge Kota Baitul Maqdis anging saurang nabi atawa malaikat pernah ngadu’a atawa ngadeg didinya.” (HR at-Tirmidzi).

Di Paléstina sorangan, anu jadi bagéan tina nagri Syam, ogé ngadeg Masjid al-Aqsho. Ieu téh kiblat anu munggaran kaom Muslim sarta tempat nyimpangna Rosul nalika perjalanan Isro’ Mi’raj. Wilayah di sabudeureunana tempat anu dibarokahan ku Alloh (Tingal: QS al-Isro [17]: 1).

Singsaha baé anu sholat di Masjidil Aqsho, bakal meunang ganjaran sarébu kali lipet ganjaran sholat di tempat lian. Ieu téh tempat suci nalika jadi milik urang sadaya umat Islam, salian ti Masjidil Harom jeung Masjid Nabawi.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun ku sadayana, Paléstina téh nyaéta lemah caina kaom Muslim jeung geus mang-abad-abad lilana jadi bagéan tina wilayah Islam. Kaom Muslim ogé kabeungkeut jeung Paléstina sarta Yérusalem kusabab dua alesan:

Halaman
1234
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved