Seputar Islam
Naskah Khutbah Jumat Minggu Ke-4 Bulan Oktober 2023 dalam Bahasa Sunda Beserta Format PDF
Berikut merupakan naskah khutbah Jum'at edisi bulan oktober dalam bahasa Sunda, paling menyentuh dan penuh khidmat. Lengkap dalam format PDF link undu
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
Tah ma’rifat anu sapertos kitu bakal lahir kaimanan anu pageuh dina hate. Ngan, kaimanan ka Alloh moal sampurna lamun teu cumpon kana syaratna.
Pang saeutikna syaratna iman ka Alloh teh, sakumaha diuningakeun ku Syekh Nawawi dina kitab Kasyifatus Saja, aya opat: Kahiji, syarat iman ka Alloh teh iman kana qudroh-Na. Nalika urang geus nganyatakeun diri iman ka Alloh, maka iman kana kawasana Alloh jadi perkara anu niscaya. Hartosna teu meuenang henteu.
Iman ka Alloh berarti sami sareng minuhan hate ku kayakinan kana kawasana Alloh. Ulah mangmang jeung hariwang kana kakawasaan Alloh.
Pertanyaannana, naha geuning lamun urang nyuhunkeun teu langsung dikabulkeun ku Alloh. Jawabanna sanes Alloh teu kawasa, ngan Alloh teu acan ngairodah atanapi ngersakeun.
Naha geuning jalma teu beunghar kabeh? Sanes Alloh teh kawasa ngabeungharkeun hamba-Na. Sanes Alloh teu kawasa ngabeungharkeun hamba-Na, nanging Alloh teu ngersakeun.
Justru Alloh teu ngabeungharkeun sadaya hamba-Na teh mangrupikeun hikmah sareng kaadilan-Nana. Bayangkeun lamun sadaya jalma baleunghar kabeh, naha rek silih butuhkeun kumaha, saha anu bade anu buburuh, saha anu rek kuli kanu beunghar, jeung sajabana.
Sidang jumah anu mulya
Kadua, syaratna iman ka Alloh teh nyaeta iman kana qadarna Alloh. Hartosna, iman kana perkara-perkara anu tos diukur, tur ditangtangtoskeun ku Alloh. Naon wae anu tos diukur sareng ditangtoskeun ku Alloh?
Salah sawiosna nyaeta jodo, pati bagja, cilaka manusa. Sadayana tos dicitak ku Alloh. Nyakitu deui milik sareng rezeki.
Hartosna, lain urang kedah cicing sabab rezeki tos ditangtukeun, nanging urang kedah syukur kana jatah rezeki ti Alloh saatosna urang nyampurkeun sareng ngamaksimalkeun ikhtiar.
Katilu, syaratna iman ka Alloh teh pasrah tumamprak ka Alloh. Hartosna, nalika urang tos nganyatakeun diri iman ka Alloh, maka urang kedah sumerah ka Alloh, ngarasa diri sasampiran, awak sasampayan, umur ukur gagaduhan, sarengkang saparipolah, urang teu ngaboga-boga.
Kalimat: Lahaula wala quwwata lain ukur babasaan, tapi estu jadi kanyataan. Teu daya jeung teu aya kakuatan, anging kersaning sareng pitulung Alloh.
Hadirin sadayana Terakhir, syaratna iman ka Alloh teh nyaeta, sapapaosna nyuhunkeun pitulung sareng sagala rupina ka Alloh. Saatosna urang ngawungkul ibadah ka Alloh, maka saterasna nyuhunkeun pitulung sareng panangtayungan wungkul ka Alloh.
Nalika urang ngadu’a sareng ikhtiar, maka eta samata-mata jalan sareng ngajalankeun parentah Alloh, sabab anu nangtoskeun sareng anu masihan pitulung anu saestuna teu aya deui nyaeta Alloh.
Tah kitu saleresna hakekat ma’rifat sareng kaimanan. Salajengna, eta kaimanan kedah diwujudkeun dina amaliah sapopoe, sabab iman lain tiba ukur ucapan sareng kayakinan, tapi oge perbuatan.
Sidang jumah rohimakumulloh Ku sabab kitu, para ulama tos ngadamel hiji ukuran, lamun aya jalma daek iman dina hate jeung ucapan hungkul, maka eta disebut jalma fasek.
Doa Sujud Sahwi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahan Indonesia |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Bacaan Surat Yasin Latin Mudah Dibaca Lengkap Artinya PDF, Ayat 1- 83 |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Tentang Hari Kemerdekaan, Tersedia File PDF |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.