Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat 6 Oktober 2023 Bahasa Sunda Singkat dan Menyentuh Hati, Tersedia Format PDF

Berikut ini merupakan contoh materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda edisi bulan Oktober, mengandung makna mendalam dan penuh Khidmat untuk referensi.

Grafis MG Tribunsumsel.com/Dimas/Rafli
Materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda Penuh Khidmat dan Menyentuh Hati, Tersedia Format PDF Disini 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini merupakan contoh materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda edisi bulan Oktober, mengandung makna mendalam dan penuh Khidmat untuk referensi.

Tersedia pula dalam format PDF yang dapat diunduh melalui link dibawah ini.

Khutbah Jum'at Bahasa Sunda: "Tobat Jalan keur Ngondang Rohmat"

(٩x) أَسْتَغِفُرُ اللهَ الْعَظِيْمِ اَلَّذِيْ لَا إِلَهَ إِلَّا هُوَ الْحَيُّ الْقَيُّومُ وَأَتُوْبُ إِلَيْهِ اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي أَنْزَلَ مِنَ السَّمَاءِ مَاءً فَأَحْيَا بِهِ الْأَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا، إِنَّ فِي ذَلِكَ لَآيَةٍ لِّقَوْمِ يَسْمَعُوْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا محمدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِفَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ

Hadirin jamaah sholat istisqo anu dimulyakeun ku Alloh,

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, khotib seja ngadugikeun wasiat ka sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt.

Takwa anu saleres-leresna, nyaeta takwa anu diwujudkeun ku ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh oge nyingkahan sagala rupi larangan-Nana.

Sabab, takwa anu janten wasilah lungsurkan rohmat sareng kabarokahan, sakumaha nu ditegeskeun dina ayat Al-Quran:

وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَىٰ آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَلَٰكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ

Hartosna, “Sakirana panghuni negri-negri ariman sareng tarakwa, pastina Kaula bakal ngalimpahkeun ka maranehna berekah ti langit jeung ti bumi, ngan maranehna ngabohongkeun (ayat-ayat Kaula), maka Kaula siksa maranehna disebabkeun gawe maranehna keneh,” (QS. Al-Araf [7]: 97).

Tah kitu pidawuh Alloh dina Al-Quran keur jalma-jalma anu ariman jeung tarakwa. Sabalikna, keur jalma-jalma anu teu percaya kana ayat-ayat Alloh, harti teu daek iman jeung teu takwa ka Mantenna, maka ancamannana siksaan sareng kasangsaraan, satimpal sareng amal perbuatan maranehna.

Matak hayu urang sabisa-bisa ningkatkeun takwa, harti kasieun sareng kataatan ka Alloh, pados negri anu dihuni ku urang ieu pinuh ku kabarokahan.

Hadirin kaom Muslimin sareng muslimat,

Patali sareng usum halodo panjang anu nuju dirandapan ku urang sadayana, malah di sababaraha daerah tos ngakibatkeun hese cai sareng kagararingan, maka urang kedah geuwat muntang ngeumbing ka Alloh, ngalangkungan munajat sareng tobat.

Sabab, bisa jadi nu matak ngahalangan turunna rohmat teh, kalebet turunna hujan teh nyaeta dosa urang sorangan. Ari perkara nu matak ngabersihan kana dosa urang nyaeta tobat. Tobat hartina balik kana jalan anu dipika rido ku Alloh.

Tobat hartina masrahkeun diri ka Alloh saparantos milampah dosa. Tobat hartosna nyuhunkeun dihampura ka Alloh bari dituluykeun ku padamelan taat ka Mantenna.

Ari tobat ka Alloh syaratna aya tilu. Hiji ngaraos handeueul kana dosa anu tos dipilampah. Kadua ngalesotkeun padamelan dosa nu sok dipilampah. Katilu gaduh tekad kuat dina hate moal rek milampah dosa nu sarupa. Tah eta teh syarat dosa ka Alloh.

Sedengkeun syarat tobat ka papada manusa ditambih hiji syarat deui nyaeta istihlal. Hartosna menta dihampura ka jalma anu pernah dizolim sareng menta dihalalkeun tina perkara nu pernah digasab.

Tah nalika rek tobat, jalma anu dipenta hampura ku urang kedah dugika ngahampura. Sabab, Alloh moal waka ngahampura hamba-Na lamun eta hamba teu acan silih hampura jeung sasamana.

Hadirin anu mulya,

Salajengna tobat ka Alloh kedah dijalankeun kalayan total sareng kaikhlasan, ngawitan ku lisan, ku hate, sareng ku sadaya anggahota badan. Ari ngalaksanakeun tobat ku lisan nyaeta nyeueurkeun ngaos istigfar. Kantenan, dina waktos istisqa sapertos ayeuna.

Memang sakedahna urang nyeueurkeun istigfar ti kawit urang kaluar ti bumi dugika uih deui ka bumi. Lisan urang ulah pere ngaoskeun istigfar, sakumaha anu kantos diparentahkeun ku Nabi Nuh ka umatna:

اِسْتَفِغِرُوا رَبَّكُمْ إِنَّهُ كَانَ غَفَّارًا يُرْسِلِ السَّمَاءَ عَلَيْكُمْ مِدْرَارًا، وَيُمْدِدْكُمْ بِأَمْوَالٍ وَبَنِيْنَ وَيَجْعَل لَّكُمْ جَنَّاتٍ وَيَجْعَل لَّكُمْ أَنْهَارًا

Hartosna, “Pek marenta dihampura aranjeun ka pangeran aranjeun. Saenya-enyana Alloh dzat anu maha ngahampura. Pastina Anjeuna bakal ngirimkeun hujan ka aranjeun kalayan gebretan. Oge Anjeuna bakal ngalobakeun keur aranjeun harta tur anak-anak aranjeun, jeung ngayakeun keur aranjeun kebon-kebon jeung ngayakeun di jerona wahangan-wahangan,” (QS. Nuh [71]: 10-12).

Saterasna tobat ku hate nyaeta ngaraos hanjakal kana dosa anu tos dilakuken kalayan pinuh harepan yen dosana bakal dihampura ku Alloh. Sabab, saenya-enyana Alloh teh dzat anu maha ngahampura kana dosa hamba-Na. Kalih ti eta, hatena gaduh tekad anu kuat rek ngeureunan kana dosana.

Nanging kedah diemut ku urang sadayana, sanaos Alloh ngagaduhan sifat lautan hampura, tapi dosa urang ulah rek dijajadikeun jeung ulah rek dilanggengkeun.

Sabab, teu aya dosa anu ageung lamun dipayunkeun kana panghampura Alloh, sabalikna teu aya dosa anu alit lamun dina dipayunkeun kana bebendu Alloh. Jadi panghampura sareng bebendu Alloh teh perkara anu dirahasiakeun ku Anjeuna.

Matak urang ulah gagabah dina sarengkak saparipolah. Utamina ka papada jalma.

Sabab, tobat ka jalma mah leuwih beurat tibatan tobat ka Alloh sabab kudu menta dihampura heula, sementara manusia leuwih hese ngahampura tibatan pangeran.

Hadirin kaom Muslimin,

Sanaos Alloh maha ngahampura, maha welas ka abdi-abdi-Na, maha ngawurkeun ni’mat, nanging upami hamba-hamba-Na teu syukur oge ngabohongkeun kana ayat-ayat-Na, maka anu terjadi nyaeta ancaman dirobahna eta kani’matan janten peringatan, kalebet peringatan nu ku urang dirandapan ayeuna, nyata musibah kahalodoan. Sanes Alloh robih janten teu welas ka abdi-Na, nanging etamah urang-urang keneh anu teu layak dipika welas.

Patali sareng usum halodo sapertos ayeuna, Imam Ibnu Majah parantos ngariwayatkeun wireh Kangjeng Rosul saw. parantos ngadawuh:

يَامَعْشَرَ الْمُهَاجِرِيْنَ، خَمْسٌ إِذَا ابْتَلَيْتُمْ بِهِنَّ وَأَعُوْذُ بِاللهِ أَنْ تُدْرِكُوْهُنَّ ...وَلَمْ يَمْنَعُوْنَ زَكَاةَ أَمْوَالِهِمْ إِلَّا مُنِعُوا الْقَطْرَ مِنَ السَّمَاءِ وَلَوْ لَا الْبَهَائِمُ لَمْ يُمْطَرُوْا

Hartosna, “He kaum Muhajirin, aya lima perkara nalika aranjeun geus diuji ku lima perkara eta, sareng kaula nyuhunkeun perlindungan tina aranjeun nyorang eta lima perkara. Salah sahiji di antara anu lima perkara tadi nyaeta, teu pati-pati maranehna nahan zakat mal kecuali maranehna ditahan tina hujan ti langit. Oge lamun lain karena sasatoan maka maranehna moal diturunan hujan,” (HR. Ibnu Majah).

Numutkeun hadis ieu, salah sawios perkara nu nyebabkeun ditahanna hujan teh nyaeta nahan ngaluarkeun zakat.

Hartosna jelas, anu ngajadikeun tertahanna hujan teh teu aya deui kamaksiatan manusia, dina hal ini nahan hak jalma-jalma fakir. Tah ku sabab kitu, hayu urang nyeueurkeun sedekah ka jalma-jalma fakir.

Oge perhatikeun bisi aya harta urang anu teu acan dizakatan, hayu urang laksanakeun supaya Alloh teu nahan hujan kanggo urang. Sing emut yen Alloh bakal nulungan hiji hamba, salami eta hamba silih tulungan jeung sasamana.

وَاللهُ فِي عَوْنِ الْعَبْدِ مَا كَانَ فِي عَوْنِ أَخِيْهِ

Jamaah solat istisqo sadaya,

Mudah-mudahan ngalangkungan tobat urang, sholat istisqo, oge sodakoh, Alloh ngaijabah kana dosa urang sadayana. Amiin ya mujibassailin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

***

Baca juga: Arti Wakafa Billahi Nashiro, Kalimat Sering Diucapkan Ulama dalam Ceramah, Dikutip dari Ayat Alquran

Baca juga: Surat Yasin Latin Mudah Dibaca Lengkap Bacaan Doa Setelah Baca Surat Yasin

Baca juga: Arti Robbana Faghfirlana Dzunubana Wakaffar Anna Sayyiatina dan Amalan Penghapuskan Dosa-dosa Kecil

Baca artikel dan berita Tribun Sumsel lainnya langsung dari google news

Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved