Seputar Islam

Materi Khutbah Sholat Ied Hari Raya Idul Adha 1444 H/2023 Singkat Bahasa Sunda, Ada File PDF

Berikut contoh naskah khutbah sholat Ied Idul Adha dalam Bahasa Sunda terbaru 2023, singkat dan penuh haru. Tersedia pula dalam bentuk PDF yang bisa d

Tribunsumsel.com
Materi Khutbah Sholat Ied Idul Adha 2023 dalam Bahasa Sunda, Beserta PDF Link Unduh Disini 

Dawuhan Allah:

هَلْ اَتَاكَ حَدِيْثُ الْغَاشِيَةِ.وُجُوْهٌ يَوْمَئِذٍخَاشِيْعَةٌ.عَامِلَةٌنَاصِبَةٌتَصْلىَ نَارًاحَامِيَةً.تُسْقَى مِنْ عَيْنٍ اَنِيَةٍ.لَيْسَ لَهُمْ طَعَامٌ اِلاَّمِنْ ضَرِيْعٍ.لاَيُسْمِنُ وَلاَيُغْنِى مِنْ جُوْعٍ.وُجٌوْهٌ يَوْمَئِذٍنَاعِمَةٌ.لِسَعْيِهَارَاضِيَةٌ.فِى جَنَّةٍعَالِيَةٍ.لاَتَسْمَعُ فِيْهَالاَغِيَةً

Hartosna: "Naha geus datang ka andika beja kajadian anu hebat? Dina poe eta pirang-pirang beungeut anu tarungkul (harina). Anu digarawe cape (nararik rante beusi bari dibelenggu). Maranehna arasup kana seuneu naraka anu pohara panasa.

Dibere nginumna tina sirah cai anu pohara panasna Maranehna henteu meunang kadaharan salian ti tangkal dore anu carucukan. Anu teu matak lintuh, teu ngaleungitkeun lapar.

Aya deui mangpirang-pirang beungeut jalma anu sukan-sukan dina poe eta teh. Ngarasa bungah ku amalna waktu di dunya Arayana di jero sawarga anu luhur.

Di jerona andika moal ngadenge omongan anu teu aye gunana. DI jerona aya sirah cai anu ngocor, ranjang anu diluhurkeun jeung disadiakeun pirang-pirang gelas, bantal sarandean anu disusun, arempuk Jeung alketip unu diamparkeun" (S. Al-Gosyiyah).

Para hadiri saya,

Urang sadaya bakal disuhunkeun pertanggungan jawab sadaya amal urang. sae atanapi awona, nya kitu deui ngeunaan kana atikan urang ka kulawarga urang ayeuna.

Upami urang sok ngatik ka kulawarga sasarengan dina ibadah, tinangtu bakal kempel sadayana di sawarga, sakumaha pidawuh Allah:

وَالَّذِيْنَ اَمَنُوْاوَاتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتَهُمْ بِاِيْمَانٍ اَلْحَقْنَابِهِمْ

"Ari jalma-jalma anu mu'min anu dituturkeun ku anak pamajikanana dina kaimanan (katakwaan). tinangtu Kaula bakal ngumpulkeun maranehanana sabondoroyot jeung moal ngurangan kana amalna saeutik oge. (Tegesna bakal diadarajarkeun). (S.Thur: 21)

Upama jalma antepan ka kulawarga tara ngadidik/ngatik kana ibadah, engkena bakal silih dakwa, bakal silih jauhan sabab sieun didakwa tea.

Dawuhan Allah:

يَوْمَ يَفِرُّالْمَرْءُمِنْ اَخِيْهِ.وَاُمِّهِ وَاَبِيْهِ.وَصَاحِبَتِهِ وَبَنِيْهِ.

Hartosna: “(poe kiamah teh) poean jelema jelema ngajauhan ti dulurna, ti indung bapana, ti sobatna jeung anak- anakna."

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved