Seputar Islam
Materi Khutbah Sholat Ied Hari Raya Idul Adha 1444 H/2023 Singkat Bahasa Sunda, Ada File PDF
Berikut contoh naskah khutbah sholat Ied Idul Adha dalam Bahasa Sunda terbaru 2023, singkat dan penuh haru. Tersedia pula dalam bentuk PDF yang bisa d
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
Para hadirin sadaya,
Pikeun maot ngabantun iman sarta panungtungan ucapanku La ilaaha illallah eta teh sanes padamelan enteng, namung padamelan abot, margi dina waktu sakarat maot teh urang baka digoda ku setan sangkan urang maot bari henteu iman. - Na'udru billahi min dzalik.
Ku margi kitu sangkan urang maot ngabantun iman, teu aya deui jalan anu pangutamana sajaba ti kedah sering eling (dikir) ka Gusti Allah ti ayeuna keneh, tegesna kedah dibiasakeun dina nalika bungah sangkan urang sukuran ka Gusti Allah, komo nalika aya dina musibat/kasusah mah kedah sering muntang tulung ka Mantenna ulah ka sasaha, sangkan Gusti Allah masihan topek sarta ngaijabah kana doa urang.
Pidawuh Allah:
رِجَلٌل لاَّتُلْهِيْهِمْ تِجَارَةٌوَّلاَبَيْعٌ عَنْ ذِكْرِاللهِ
Hartosna: "Ari jalma anu diangken hamba Allah teh) nya eta jalma-jalma anu tara katungkulkeun ku usaha jeung jual-meuli dina dikirna ka Allah teh.”
Pendeknamah sanajan bari usaha. digawe naon bae oge tetep bari inget ka Gusti Allah.
Para hadirin sadaya,
Saparantos maot urang sadaya bakal nyorang alam kubur atawa alam barzakh. Di alam barzakh urang sadaya bakal kenging patarosan ti Malaikat Munkar jeung Nakir, dua Malaikat anu rupina pikasieuneun pisan.
Sakur jalma anu tiasa ngajawab kana patarosanana, cirina bakal bagja di aheratna sarta terus bakal narima kani'matan kubur Sawangsulna upamana henteu tiasa nga jawab, cirina bakal cilaka di aheratna sarta terus narima siksa kubur.
Perlu diemutkeun yen tiasa atawa henteuna ngajawab patarosan Malaikat teh gumantung kana sae/awonna amal urang.
Upami sae amalna tinangtu tiasa ngawaler, upami tukang masiat tinangtu moal tiasa ngawaler. Moal tiasa diapalkeun jawabanana ti ayeuna, ari kana ibadahna ngedul mah.
Para hadirin sadaya,
Perlu diemutkeun deui, yen siksaan di naraka teh siksaan anu sagala kaayaanana tina seuneu, siksaan anu maha hebat.
Nya kitu deui kani'matan di surga teh kani'matan anu henteu aya hinggana raosna tur abadi.
Materi Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda
Khutbah Idul Adha 2023 Bahasa Sunda
Khutbah Sholat Ied
Idul Adha 1444 H
Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
Tribun Sumsel
Sholawat Burdah Lengkap 10 Pasal dalam Tulisan Arab, Latin dan Terjemahannya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Sebelum dan Sesudah Bekerja Lengkap Tulisan Latin Serta Artinya |
![]() |
---|
Doa Sujud Sahwi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahan Indonesia |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.