Lebaran 2023
Teks Khutbah Idul Fitri 1 Syawal 1444 H/2023 Bahasa Sunda Singkat, Ada File PDF
Artikel ini memuat teks khutbah Idul Fitri 1 Syawal 1444 H/2023 dalam bahasa Sunda, singkat dan lengkap file PDF.
Penulis: Novaldi Hibaturrahman | Editor: Novaldi Hibaturrahman
Kersaning Alloh urang tiasa kempel berjamaah di ieu tempat, mungkas sadayana rangkaian ibadah Romadon. Kalayan bari ngemutan kumaha urang neraskeun tur ngalestarikeun nilai-nilai Romadon. Naon wae pelajaran penting nu tiasa ku urang dipetik tina Romadon. Supaya urang ka payun gaduh langkah anu jelas, langkah anu matak ngajajap ka kasaean, langkah anu matak ngajajap kana rido sareng surgana Alloh swt.
Ku hal sakitu, hadirin sadayana, dina waktos ieu, khotib bade medar naon wae pelajaran penting tina Romadon anu tiasa dipetik ku urang. Sangkan urang teu kajongjonan teuing ku uforia lebaran, bari poho kana amanat Romadon. Hayu urang sami-sami kupingkeun, regepkeun, oge amalkeun.
Kahiji, pelajaran puasa Romadon teh nyaeta nembongkeun kadeudeuh Alloh kanggo urang salaku umat Kangjeng Rosul supaya ngalipetkeun ganjaran jeung ngahontal rupi-rupi kahadean. Sakumaha kauninga, umat Kangjeng Rosul mah parendek yuswana, rata-rata ukur 60 taunan, oge paling lami ukur saratus taunan. Tapi sanaos kitu, ku bulan Romadon, ibadah urang tiasa ngabanding kana ibadahna umat-umat kapungkur anu yuswana paranjang dugika ratusan tahun. Hal ieu terjadi ku ayana dilipet-lipetankeunnana pahala dina bulan Romadon, salah sawiosna ngalangkungan Laelatul Qodar anu kahadeannana ngabanding sarebu bulan, sakumaha anu tos ditetelakeun dina Al-Quran.
إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةِ الْقَدْرِ ، وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ ، لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ
Sing saha-sa anu anu ngalaksanakeun ibadah malem atanapi qiyamullail dina bulan Ramadhan, komo lamun ngenaan ka Lailatul Qodar disarengan ku kaimanan sareng kaikhlasan, maka panghampura dosa balasannana. Kitu sakumaha anu parantos didugikeun ku Kangjeng Nabi saw.
مَنْ يَقُمْ لَيْلَةَ القَدْرِ، إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا، غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu ibadah malem Lailatul Qodar disarengan ku kaimanan oge kaikhlasan maka bakal dihampura dosa-dosana,” (HR. Al-Bukhori).
Di dieu puasa masihan pelajaran kanggo urang, yen Alloh kawasa ngunggulkkeun hiji perkara di antawis perkara-perkara sanesna. Tah bulan puasa oge bulan anu diunggulkeun di antawis bulan-bulan sejenana. Nyakitu keneh Alloh kawasa ngunggulkeun jalma-jalma pilihannana di antawis jalma-jalma sejenna, ngalimpahkeun rezekina, ngaluaskeun elmuna, ngaluhurkeun darajatna, manjangkeun umurna, ngasepkeun rupana, jeung sajabana.
Tapi di sisi sanes, Alloh kawasa ngadamel jalmi-jalmi anu sabalikna ti eta. Hartosna sanes Alloh teu kawasa ngabeungharkeun sadaya jalma. Sanes teu kawasa Alloh ngelmuan sadayana jalma. Tapi di balik eta Alloh nyimpen hikmah sareng rahasia anu luar biasa.
اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْد
Maasyirol Muslimin, sidang solat id anu dimulyakeun ku Alloh
Kadua, pelajaran puasa teh nyaeta lahirna rahasia antawis urang sareng Alloh. Teu aya hamba anu tiasa ningal hakekatna kecuali Alloh. Matak pantes, teu aya anu hak ngabales puasa anging Alloh. Hal kitu luyu sareng katerangan hadis qudsi:
كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ يُضَاعَفُ الْحَسَنَةُ عَشْرُ أَمْثَالِهَا إِلَى سَبْعِمِائَةِ ضِعْفٍ، قَالَ اللَّهُ تَعَالَى: إِلَّا الصَّوْمَ، فَإِنَّهُ لِي، وَأَنَا أَجْزِي بِهِ يَدَعُ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ وَشَهْوَتَهُ مِنْ أَجْلِي
Hartosna, “Satiap amal turunan Adam dilipatgandakeun balesanana. Hiji kasaean dilipetgandakeun kana sapuluh dugika saratus lipetna. Alloh swt ngadawuh, ‘Anging ibadah puasa. Saenya-enyana puasa teh keur kaula. Oge kaula anu baris ngabalesna. Sabab, hiji hamba ninggalkeun syahwat jeung kadaharanna karena kaula.’” (HR. al-Bukhari).
Tah pelajaran puasa ieu kalintang pentingna kanggo urang ngaitkeun sagala rupa perkara ka Alloh. Sahingga urang salawasna tiasa berhubungan sareng Alloh, ngaraos diteuteup ku Alloh, diawasi ku Alloh. Ka dituna, urang ngaraos diatur ku Alloh, digerakkeun ku Alloh, sareng sajabina.
PDF Teks Halal Bihalal Lebaran Idul Fitri 1444H/2023 untuk Acara di Sekolah Tingkat SD/SMP/SMA |
![]() |
---|
16 Ucapan Selamat Lebaran Ketupat 2023 dalam Bahasa Jawa, Bisa Dikirim Melalui WA |
![]() |
---|
12 LINK Twibbon Lebaran Ketupat 2023 Untuk Dibagikan Melalui Medsos, Lengkap Cara Pakainya |
![]() |
---|
3 Contoh Sambutan Acara Halal Bihalal Lebaran 2023 di Kantor, Singkat dan Berkesan |
![]() |
---|
Contoh Undangan Halal Bihalal 2023 Untuk RT/RW, Tersedia dalam Bentuk DOC Bisa di Edit |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.