Seputar Islam
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Bulan Syaban Edisi 23 Januari 2026, Penuh Khidmat dan Ada PDF
Hadirin sidang Jum’ah anu mulia, Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Dzat Anu Maha Gofur. Alhamdulillah, lantaran rohmat, hidayah
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
TRIBUNSUMSEL.COM - Memasuki Jumat pertama di Bulan Syaban 1447 H, umumnya materi Khutbah Jumat yang akan disampaikan berhubungan dengan moment ini.
Berikut sajian selengkapnya teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Syaban 1447 H yang berkesan dan penuh khidmat untuk Jamaah Sholat Jumat.
Tersedia juga dalam format PDF yang bisa di unduh melalui link tautan di bawah ini.
- Unduh PDF Khutbah Jumat >> [Klik Disini:]
____
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
"Sya’ban Bulan Tobat Jeung Ngomean Diri Samemeh Mayunan Bulan Suci"
Khutbah I:
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا تُوبُوا إِلَى اللَّهِ تَوْبَةً نَصُوحًا ، عَسَى رَبُّكُمْ أَنْ يُكَفِّرَ عَنْكُمْ سَيِّئَاتِكُمْ وَيُدْخِلَكُمْ جَنَّاتٍ تَجْرِي مِنْ تَحْتِهَا الْأَنْهَارُ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ
Hadirin sidang Jum’ah anu mulia,
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Dzat Anu Maha Gofur. Alhamdulillah, lantaran rohmat, hidayah, sareng inayah mantenna, urang sadayana masih ngengingkeun ni’mat iman sareng ni’mat Islam.
Teu kakantun oge ni’mat sehat, nikmat panjang yuswa, sareng nikmat kakiatan, sahingga di na waktos ieu hate urang masih dipaparin anugrah ngaraos kapanggil ku salah sawios parintah-Na, calik sasarengan di tempat anu insya Alloh pinuh kaberkahan ieu, dina raraga ngalaksanakeun sholat Jumah. Margi, teu saalit dulur-dulur urang, anu katingal pisikna kuat jeung jaggag, tapi teu kiat ngalangkahkeun dua sampean kana ieu patempatan.
Ku hal sakitu, alhamdulillah, urang masih dipaparin rupi-rupi anugrah, kalebet anugrah hidayah kanggo ngajalankeun ibadah. Kalayan mudah-mudahan, sapapaosna urang sing dipaparin istiqomah ku Allah oge ditebihkeun tina rupi-rupi perkara anu dibendu ku mantenna. Amin ya Allah, Amin rabbal-alamin.
Solawat sareng salam anu utami muga tetep ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat sadaya alam. Kalayan muga-muga urang sadayana dicatet janten umatna anu tiasa istiqomah nuturkan ajarannana sareng nyonto budi pekertina. Solawat sareng salam mugia dilimpahkan kulawargi sareng para sahabatna, kalebet ka urang sadayana anu teu liren-liren ngarepkeun syafaatna di yaomil jaza’. Amin ya mujibassa’ilin.
Hadirin kaom Muslimin anu dimuliakeun ku Allah,
Dina waktos ieu urang sadayana parantos aya di pertengahan sasih Sya’ban, sasih anu mulia tur istimewa, nanging saur Kangjeng Rosul sok dilumayankeun ku umatna. Padahal, saban lebet kana ieu sasih, Kangjeng Rosul mah sok ningkatkeun ibadahna tur nyeueurkeun saum sunahna. Salah sawios dalihna, margi mantenna kacida hoyongna, nalika dilaporkeun amal teh, mantenna nuju dina kaayaan saum.
Hal ieu kantos ditaroskeun ku salah sawios sahabat anu wastana Usamah bin Zaid, “Ya Rosulallah, abdi ningal salira saum dina sasih Sya’ban ieu anu teu sasering sasih-sasih sanesna iwal ti sasih Romadon.”
Waleran Kangjeng Rosul:
فَذَلِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ، بَيْنَ شَهْرِ رَجَبٍ وَشَهْرِ رَمَضَانَ، تُرْفَعُ فِيهِ أَعْمَالُ النَّاسِ، فَأُحِبُّ أَنْ لَا يُرْفَعَ عَمَلِي إِلَّا وَأَنَا صَائِمٌ
Khutbah Jumat
Tribunsumsel.com
Bulan Syaban 1447 H
Bahasa Sunda
Kumpulan Khutbah Jumat
Kumpulan PDF Khutbah Jumat
| Memahami Hadits Ikatlah Untamu Lalu Bertawakallah, Konsep Ikhtiar dan Tawakal dalam Islam |
|
|---|
| Puasa Dzulhijjah 2026 Mulai Tanggal Berapa? Ini Jadwal Pelaksanaannya |
|
|---|
| Tata Cara Sa’i dalam Ibadah Haji dan Umroh, Hukum, Syarat, Lengkap dengan Bacaan Doanya |
|
|---|
| Sholat tidak Khusyuk Apakah Sah? Rasulullah Menjawabnya dari Kisah Bersama Sahabat Beliau |
|
|---|
| Dzikir dan Doa di 10 Hari Pertama Bulan Dzulhijjah, Hari Arafah hingga Idul Adha |
|
|---|
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/sumsel/foto/bank/originals/Teks-Khutbah-Jumat-Bahasa-Sunda-Bulan-Syaban-Edisi-23-Januari-2026-Penuh-Khidmat-dan-Ada-PDF.jpg)