Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 18 Juli 2025, Bermakna dan Khidmat

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

ILUSTRASI KHUTBAH JUMAT - Inilah Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 18 Juli 2025, Bermakna dan Khidmat

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan contoh Khutbah Jumat terbaru edisi 18 Juli 2025 dalam Bahasa Sunda yang berkesan dan penuh makna untuk dibagikan pada Jamaah Sholat Jumat.

===============

Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda

"Nitenan Musibah nu Tumiba ka Manusa"

Khutbah I  

 اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي ظَهَرَ لِأَوْلِيَائِهِ بِنُعُوْتِ جَلَالِهِ. وَأَنَارَ قُلُوْبَ أَصْفِيَائِهِ بِمُشَاهَدَةِ صِفَاتِ كَمَالِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَلَا مُعِيْنَ فِي تَدْبِيْرِهِ وَأَفْعَالِهِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، نَبِيٌّ أَنْعَمَ اللهُ عَلَى جَمِيْعِ أَهْلِ الْأَرْضِ بِبَعْثِهِ وَإِرْسَالِهِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى جَمِيْعِ أَصْحَابِهِ وَآلِهِ، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا  

 أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: أَعُوْذُ باللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ ، وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُم مُّصِيبَةٌ قَالُواْ إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعونَ، صَدَقَ اللهُ العَظِيْمُ   

Hadirin rohimakumulloh  

Ti payun hayu urang sasarengan manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh swt. Sholawat miwah salam mugia salamina dikucurkeun ka Jungjunan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. miwah kulawargi, para sahabat, para tabiin, dugika urang sadayana salaku umatna. 
  
Teu hilap ngalangkungan ieu mimbar, pribados salaku khotib umajak ka sadaya ahli Jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah swt. Margi, ukur iman sareng takwa nu janten bekel utama kanggo urang ngamaksimalkeun katoatan ka Alloh swt. oge nebihan sagala rupi panyegah-Na. 

Hadirin rohimakumulloh  

Dina sababaraha dinten kapengker, sabagian dulur urang nu aya di daerah Jabodetabek, utamina Bogor sareng Bekasi, nuju katibanan musibah banjir. Mun seug ku urang dititenan, sabab eta musibah tiasa wae gara-gara manusa keneh anu ngolah ieu alam. Sapertosna alam tos murka kana tingkah jeung kasarakahan manusa anu teu eureun-eureun ngalaan hasilna.   

Tangtos katingal ku urang sadayana, ayeuna tos seueur leuweung anu robah fungsi janten lahan industri atanapi pamukiman. Seuseur tatangkalan anu ditebang. Akibatna seueur gunung anu lenang, cai hujan nu teu kaserep jeung teu wadahan.   
             
Nanging lepas tina sagala tingkah jeung kasalahan manusa, Al-Qur’an parantos nganyatakeun, yen sadayana nu tumiba parantos digariskeun ku Alloh swt. Sakumaha dawuhan-Nana dina serat At-Taubah ayat 51:  

 قُلْ لَنْ يُصِيْبَنَا إلاَّ مَا كَتَبَ اللهُ لَنَا هُوَ مَوْلاَنَا وَعَلَى اللهِ فَلْيَتَوَكَّلِ اْلمُؤْمِنُوْنَ  
 
Hartosna, “Dugikeun (Muhammad): Sama sakali moal nimpa kaula salian ti perkara anu tos ditetepkeun ku Alloh ka kaula. Anjeunna nu nangtayungan kaula, jeung ukur ka Allah jalma-jalma anu iman kudu tawakal.”   

Dina ayat anu neme, Alloh ngajelaskeun yen satiap anu tumiba tos digariskeun ku Alloh. Sahingga dina leresan ieu urang kedah ridho kana papasten ti Alloh. Sareng kedah hungkul ka Alloh, urang nyuhunkeun pitulung. Urang kedah sing sabar, kumaha nu sabar teh? Saur Alloh nalika ditibanan musibah, ngucapkeun:  

 إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعونَ   

Pertarosannana kunaon Gusti Alloh nimpakeun musibah. Waleranna sabab di sapengkereun musibah anu nimpa aya hikmah sareng pelajaran anu kalintang ageungna.   

Ku hal sakitu, dulur-dulur urang anu katiban musibah mugi sadayana sing dipaparin kasobaran. Nyakitu deui urang anu teu keuna ku musibah sing tiasa metik pelajaran tina eta musibah. 

Halaman
123

Berita Terkini