Patarosannana, naha urang masih lalawora nyiapkeun bekel kangge di alam akherat? Sakapeung mah urang siga nu ingkar kana maot nu jadi gerbang lebetna alam akherat, oge teu sadar yen urang teh asalna maot, teras dihirupkeun ku Alloh, teras dimaotkeut deui teras dihirupkeun deui.
Cobi hayu urang sami-sami titenan pidawuh Alloh dina ayat sanesna.
كَيْفَ تَكْفُرُوْنَ بِاللّٰهِ وَكُنْتُمْ اَمْوَاتًا فَاَحْيَاكُمْۚ ثُمَّ يُمِيْتُكُمْ ثُمَّ يُحْيِيْكُمْ ثُمَّ اِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ
Hartosna, “Kumaha aranjeun bisa ingkar ka Alloh, padahal aranjeun tadina maot, tuluy Anjeuna (Alloh) ngahirupkeun aranjeun, tulus Anjeuna (Alloh) ngamaotkeun aranjeun, tuluy ngahirupkeun deui aranjeun. Ukur ka Mantenna aranjen dibalikkeun,” (QS. Al-Baqoroh [2]: 28).
Maasyiral muslimin rahimakumulloh!
Salajengna, salaku jalmi anu gaduh cita-cita hoyong janten hamba anu takwa, kedah kumaha urang nyiapkeun kahirupan alam barzakh sareng alam akherat anu langkung sae?
Tangtosna seueur pisan tungtunan Kangjeng Rosul anu tiasa ku urang laksanakeun dina raraga nyiapkeun kamatian sareng alam akherat, diantawisna aya tilu perkara.
Kahiji, migawe amal sahade-hadena. Dina surah Al-Mulk ayat 1-2, Allah parantos ngadawuh:
تَبٰرَكَ الَّذِيْ بِيَدِهِ الْمُلْكُۖ وَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌۙ ۨالَّذِيْ خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيٰوةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلًاۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْغَفُوْرُۙ
Hartosna, “Mahasuci Alloh anu Mahanguasai (sadayana) karajaan, sareng Anjeuna Mahakawasa kana sagala rupa perkara. Dzat anu nyiptakeun maot jeung hirup kanggo nguji aranjeun, saha di antara aranjeun anu leuwih hade amalna. Jeung Anjeuna Mahaperkasa, oge Mahapanghampura,”
Maasyiral muslimin rahimakumulloh!
Sapertos kumaha amal pang hadena teh? Salah sawios indikatorna nyaeta, amal anu istiqamah, sakumaha anu diuningakeun hadits Kangjen Rosul:
فَإِنَّ خَيْرَ الْعَمَلِ أَدْوَمُهُ وَإِنْ قَلَّ
Hartosna, “Saenya-enyana amal anu pang hadena teh nyaeta amal anu rutin sanajan saalit,” (HR. Abu Hurairoh).
Amal anu pang hadena oge ngandung hartos midamel amal anu saikhlas-ikhlasna, amal anu samaksimal mungkin, sareng amal anu sasampurna mungkin, imma nalika muamalah sareng Allah, imma nalika muamalah sareng papada jalma.
Oge tong hilap supaya amal urang langkung soson-soson dina midamel amal, maka patrikeun dina manah urang yen bisa jadi amal anu keur dipidamel teh nyaeta amal anu terakhir dipidamel ku urang.