Seputar Islam

Contoh Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 20 September 2024, Singkat dan Berkesan, Tersedia PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Contoh Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 20 September 2024, Singkat dan Berkesan, Tersedia PDF

Nanging, Allah ngahujjah, “Aya teu kakawasaan anu leuwih pohara, sareng aya teu kakayaan anu leuwih rea tinimbang kakayaan sareng kakawasaan Sulaiman? Sanajan kitu, Sulaeman teu pernah ngalaleykeun parentah Kaula sareng teu pernah ninggalkeun ibadah.”    

Akibatna, para hamba ti golongan panguasa sareng jalmi-jalmi berharta ngabetem teu tiasa ngawaler sareng teu gaduh alesan deui.     

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Kadua, 

Alloh ngahujjah hamba-Na nu ti golongan budak sareng jalmi-jalmi anu sibuk ngaaulaan dunungannana ku Nabi Yusuf ‘alaihissalam. 

Sakumaha kauninga, Nabi Yusuf ‘alaihissalam teh hamba atanapi budak Al-‘Aziz panguasa Mesir sareng istrina. Sadidintenna sibuk ngaulaan tuanna. Sanaos kitu, Nabi Yusuf teu pernah laley ngajalankeun parentah Alloh sareng teu pernah lalawora ngajalankeun ibadah.    

Tah jaga teh Alloh bakal naros ka hamba-hamba-Na, para palayan, sareng para buruh, “Kunaon sawaktu di dunya aranjeun teu aribadah?”    

Aranjeuna ngawaler, “Ya Alloh, abdi sadaya teh sibuk ngaulaan tuan-tuan abdi, sahingga teu kabujeng ibadah.”    

Alloh teras ngahujjah, “Saenya-enyana hamba Kaula Yusuf aya dina kakawasaan panguasa Mesir sareng istrina. Nanging, anjeuna teu pernah ngalaleykeun parentah sareng ninggalkeun ibadah.”          

Katilu, Alloh ngahujjah para hamba-Na anu diuji ku panyakit kalayan Nabi Ayyub alaihissalam. Sakumaha kauninga, Nabi Ayyub ’alaihissalam nyaeta nabi anu diuji ku panyakit beurat sareng lami. Hiji-hiji karabat sareng wargi caketna ngajauhan sareng ngasingkakeun, kalebet istri anu asalna satia ngarencangan. 

Nanging, anjeuna tetep sobar nampi ujian sareng teu kaluar tina perintah. Anjeuna narima ujian dugika Alloh nyehatkeunnana deui saatos 18 tahun. Matak pantes mantenna nyandang gelar pamingpin jalma-jalma anu sabar.      

Jaga dina poe Kiamat, Alloh bakal naros ka jalma-jalma anu sawaktos di dunyana repot ku rupi-rupi ujian, “Kunaon aranjeun teu aribadah?”  

Aranjeuna ngawaler, “Abdi sadaya teh sibuk, ya Alloh, ku ujian anu nimpa. Abdi sadaya repot ku panyakit.”    

Nanging, Alloh ngahujjah, “Hamba Kaula Ayyub diuji ku panyakit anu beurat. Ngan, anjeuna teu pernah lengah ngalaksanakeun parentah sareng ngalaleykeun ibadah.”       

Kaopat, Alloh menghujjah kaum papa sareng jalmi-jalmi fakir ku Nabi Isa ‘alaihissalam. Kauninga, Nabi Isa ‘alaihissalam teh hamba anu paling fakir di alam dunya. Saking fakirna, anjeuna teu gaduh harta saalit-alit acan. Malahan istri sareng bumi ge anjeuna mah teu gaduheun.     

Jaga di akherat, Alloh bakal naros ka jalma-jalma fakir nu laley kana ibadah, “Kunaon salami di dunya, aranjeun teu ibadah?”   

Halaman
123

Berita Terkini