Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Edisi 5 Juli 2024 Tentang Tahun Baru Islam Beserta LINK PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Edisi 5 Juli 2024 Tentang Tahun Baru Islam Beserta LINK PDF

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini sajian materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda edisi 5 Juli 2024 tentang Tahun Baru Islam 1 Muharram 1446 Hijjriyyah, yang menyentuh dan penuh makna. Tersedia juga format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.

_______

"Hijrah Jeung Muhasabah Sangkan Berkah"

Khutbah I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ فَضَّلَ بَيْنَ الشُّهُوْرِ وَاْلاَيَامِ. فَجَعَلَ شَهْرَعَاشُوْرَاءِ مِنْ اَفْضَلِهَافَفَضْلُهُ قَدْ سَاعَ بَيْنَ اْلاَنَامِ وَفَضَّلَ يَوْمَ عَشُوْرَاءِ عَلَى جَمِيْعِ اْلاَيَامِهِ وَجَعَلَهُ لِعِقْدِ اَيَّامِ الشَّهْرِ وَاسِطَةِ النِّظَامِ. اَشْهَدُ اَنْﻵاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ اْلمُنْفَرِدُ بِالْكَمَالِ وَاْلبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مَحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَ ئِمَّةِ اْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ. اَمَابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ , اِتَّقُوااللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ, فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ: اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ ٱتَّقُواْ ٱللَّهَ وَلۡتَنظُرۡ نَفۡسٞ مَّا قَدَّمَتۡ لِغَدٖۖ وَٱتَّقُواْ ٱللَّهَۚ إِنَّ ٱللَّهَ خَبِيرُۢ بِمَا تَعۡمَلُونَ.

Hadirin jamaah Jumat Rahimakumullah

Langkung tipayun mangga urang sami-sami sanggakeun puji sareng syukur ka hadzirat Allah SWT., nu parantos maparingan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, oge dina dangeut ieu urang sadaya mugi didugikeun ku Allah SWT kana sasih anu enggal nyaeta Muharram 1446 H, kalayan disarengan sehat wal-afiyat tiasa ngalakonan parentah Mantenna.

Salajengna Shalawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang sadaya nyaeta kangjeng Nabi Muhammad SAW., sareng ka kulawargina, para sahabatna, tabi’in, tabi’it tabi’in dugi ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin

Hadirin jamaah Jumat Rahimakumullah,

Dina Jumat payun urang sadaya bakal gentos taun anu enggal nyaeta 1446 H. Janten urang teh parantos ngantunkeun taun 1445 H. Ku datangna bulan Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar, saperti anu geus diterangkeun dina ajaran Islam, anu mangrupakeun bulan nalika Rasulullah SAW., seueur kenging kajayaan dina ngalaksanakeun syi’ar/da’wahna atanapi ngadugikeun kalimat tauhid Laailaaha Illallah. Sajabi ti eta bulan muharram teh mangarupikeun bulan pergantian taun Islam nu biasa ku urang disebut taun “Hijriah atanapi taun baru Islam”.

Ayapon maksud urang ngayakeun peringatan dina nyambut taun anu munggaran, sajabi ti ngarayakeun taun baru Islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama Islam. Oge urang kudu daek ngitung atanapi muhasabah kana diri jeung nimbang diri urang sorangan samemeh urang di-itung sakabeh amal urang boh anu hade atawa nu goreng dipayuneun Allah SWT, dina poean wawales, sapertos dina salah sawios katerangan anu disaurkeun dina Al-Qur’an :

يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ ٱتَّقُواْ ٱللَّهَ وَلۡتَنظُرۡ نَفۡسٞ مَّا قَدَّمَتۡ لِغَدٖۖ وَٱتَّقُواْ ٱللَّهَۚ إِنَّ ٱللَّهَ خَبِيرُۢ بِمَا تَعۡمَلُونَ 

Hartosna: Hei inget jalma-jalma nu ariman, kudu taqwa aranjeun kabeh ka Allah jeung kudu merhatikeun diri kana naon-naon anu geus dilakonan pikeun poe isuk jeung kudu tarakwa aranjeun kabeh ka Allah saestuna Allah anu waspada kana naon perkara anu ku aranjeun dipigawe. (al-Hasr: 18)

Oge dawuhan sahabat Umar bin Khothob:

حَا سِبُوْااَنْفُسَكُمْ قَبْلَ اَنْ تُحَاسَبُوْا

Halaman
123

Berita Terkini