Seputar Islam

Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Adha 2024 Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna, Ada PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Adha 2024 Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna, Ada PDF

Allahu Akbar 3x

Hadirin Rahimakumullah

​​​​​​​Kadua, saparantos Ismail nincak umur baleg, Allah miwarang Ibrahim supaya meuncit putrana nu jenengan Ismail tea, tapi kanyataannana ku Allah digentos peupeuncitannana ku domba nu badag ti jero sawarga. Dawuh Allah dina Al-Qur’an dina surat As-Soffaat ayat ka 106-107.

إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰؤُاٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ

“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung kami geus ngaganti manehna (Isma’il) ku peupeuncitan anu gede (domba anu lintuh).”

Sajarah ayana kurban sabab kata’atannana Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Dugi ka ayeuna kurban bisa dirasakeun mangpa’atna ku urang sarerea terutama keur jalma miskin.

​​​​​​​Katilu, ngalaksanakeun pernikahan ku Allah dianjurkeun kacida, sabab nikah teh bakal ngajaga farji jeung paningali.Sanajan rumasa jadi jalma nu miskin, ku Allah pasti bakal dibere rizki anu cukup, asal urangna bener-bener daek usaha. Dawuh Allah dina Al-Quran dina surat An-Nur ayat 32.

وَأَنكِحُواٱلْأَيَٰمَىٰ مِنكُمْ وَٱلصَّٰلِحِينَ مِنْ عِبَادِكُمْ وَإِمَائِكُمْ إِن يَكُونُوا فُقَرَاءَ يُغْنِهِمُ ٱللَّهُ مِن فَضْلِهِۦ وَٱللَّهُ وَٰسِعٌ عَلِيمٌ

“Jeung geura kawinkeun jalma-jalma anu lalagasan ti antara maraneh, jeung abid-abid katut amat-amat milik maraneh anu sapantesna (kawin). Upama maranehna pakir, engke oge Allah ngajadikeun maranehna mampuh ku kajembaranana, jeung Allah teh Maha Jembar tur Maha Uninga. (Qs. An Nur:32)

Kaopat, mun aya kasusahan dina mancen kahirupan, pasti ku Allah bakal dibere kasenangan, ku Allah bakal leuwih loba dibere kasenangan tinimbang kasusahan. Tapi saratna, urang kudu bener-bener takwa ka Allah swt. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

فَإِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا
إِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا

“Saenyana dina kasusah (rohani) teh aya kabungah, jeung saenyana dina karipuh (jasmani) aya kasenangan.” (Qs. Al-Insyirah: 5-6)

Dina dua ayat di luhur netelakeun yen saenya satiap aya kasusah pasti aya kabungah.

Terus tingali deui dina surat al-Tholaq ayat 2 dugi 3.

وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجْعَل لَّهُۥ مَخْرَجًا
وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ وَمَن يَتَوَكَّلْ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُۥ

Halaman
123

Berita Terkini