Sanes kanten ti eta, puasa urang teh ulah ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat larangan hungkul, tapi kudu di tingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu sanesna. Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun ibadah puasa oge pahala ibadah puasa.
Kalolobaannana urang karek tiasa ningalkeun perkara anu ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur Kangjeng Nabi tea mah, tapi hikmah jeung faedah puasa anu saenyana teu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:
كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالعَطْشُ
Hartosna : “Seueur pisan jalmi anu puasa, tapi teu kenging bagean nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)
Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi puasa jeung anggota badan anu sanesna, saperti lisan puasa tina ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu teu halal, kuping puasa tina ngupingkeun perkara anu teu bermakna, panangan puasa tina midamel perkara anu dilarang, sampean puasa tina ngalengkah anu teu dipikarido ku Allah, sareng sajabina. Margi, Kangjeng Rasul sasauran, moal ditarima puasa jalmi anu tetep teu ninggalkeun pagawaean gorengna.
مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّوْرِ والعَمَلَ بهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طعَامَهُ وشَرَابَهُ
Hartosna: “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan dosa, maka Allah moal narima puasana dina nahan dahar jeung nginum.” (HR .al Bukhori).
Eta puasa teh nembe kagolongkeun puasa pancadria jeung anggota dzohir. Kalih ti eta, urang sadayana kedah ningkatkeun deui tina puasa dzohir kana puasa batin.
Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna hate tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hade, saperti syirik alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam, dengki, ujub, takabur, jeung sajabana. Anggur mah, pinuhan hate urang ku loba eling ka Allah SWT.
Sabab, yakin eta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang sareng Mantenna, saatosna urang diajar nurutan salah sawios sifatna, nyaeta teu tuang teu leueut. Tegesna, puasa teh nyaeta cara manusia nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana supaya leuwih deukeut jeung Mantenna.
Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah
Salajengna, kanggo ngiatkeun sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida saena urang upami uninga kana hikmah-hikmahna puasa.
Salah sawiosna anu parantos disinggung di luhur, nyaeta ngahontal darajat takwa. Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu ngabatalkeun puasa sanaos teu aya batur. Tah dina sagala laku lampah teh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos disaksikeun jeung diawaskeun ku Allah SWT.
Kedah sieun midamel anu matak ngondang bebendu Allah. Lamun urang atos takwa Insya Allah, urang gaduh bekel anu pangsae-saena dina mayunan kahirupan akherat, sakumaha pidawuh Allah.
وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى