Seputar Islam

Khutbah Jumat Malam Nuzulul Quran Edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada File PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Khutbah Jumat Malam Nuzulul Quran Edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada File PDF

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Satiap bulan Romadhon kaping 17 kaom Muslim biasa ngalaksanakeun miéling Nuzulul Qur’an. Rupa-rupa acara dilaksanakeun pikeun ngingetan deui kana pentingna Al-Qur’an ngajadikeun padoman hirup manusa akhir zaman Kajadian Nuzulul Qur’an nyaéta kajadian anu ahéng.

Naha kunaon? Cobi perhatoskeun dawuhan Alloh SWT:

لَوْ أَنْزَلْنَا هَذَا الْقُرْآنَ عَلَى جَبَلٍ لَرَأَيْتَهُ خَاشِعًا مُتَصَدِّعًا مِنْ خَشْيَةِ اللَّهِ وَتِلْكَ الْأَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُونَ

“Lamun ieu Al-Qur’an ku Kami diurunkeun di luhureun gunung, anjeun (Muhammad) pasti bakal nyaksian éta gunung téh turut jeung hancur paburantak kusabab sieun ku

Alloh. Pangumpamaan ieu ku kami dijieun pikeun manusa supaya maranéhna daék mikir”. (TQS al-Hasyr [59]: 21).

Imam ath-Thobari nafsirkeun ayat ieu ku nyebatkeun: Alloh Anu Maha Agung ngadawuh, “Lamun Kami nurunkeun Al-Qur’an kana hiji gunung, samentara éta gunung téh mangrupakeun tumpukan batu, pasti anjeun bakal nyaksian, wahai Muhammad, éta gunung téh kacida pisan sieuna.”

Alloh ngadawuh, “Éta Gunung turut sarta beulah paburantak kusabab kacida pisan sieuna ka Alloh singsanajan éta gunung (batu-batu) anu kacida pisan teuasna.”

Taya lian kusabab éta gunung téh kacida hariwangna teu sanggup nyumponan hak-hak Alloh anu diwajibkeun ka dirina, nyaéta ngagungkeun Al-Qur’an”. (Ath-Thobari, Jami’ al-Bayan fi Ta’wil Al Qur’an, 23/300).

Anapon Imam al-Baidhowi napsirkeun ayat ieu ku nyebatkeun, “Lamun Kami (Alloh SWT) nyiptakeun akal jeung parasaan kana gunung, sakumaha anu geus Kami ciptakeun kana diri manusa, tuluy Kami nurunkeun Al-Qur’an kana luhureun éta gunung, kalawan konsékwénsi ganjaran jeung siksaan, éstu éta gunung bakal turut, patuh jeung hancur paburantak kusabab kacida sieuna ka Alloh SWT.

Ayat ieu mangrupakeun gambaran yén kacida pisan gedéna kahébatan sarta pangaruh Al-Qur’an.” (Al-Baidhawi, Anwar at-Tanzil wa Asror at-Ta’wil, 3/479).

Kusabab kitu pisan, nurutkeun Abu Hayan al-Andalusi; “Ayat ieu mangrupakeun panyacad ka manusa anu teuas haté jeung parasaanana teu kapangaruhan saeutik ogé ku Al-Qur’an.

Padahal lamun gunung anu ngadeg jeung tohaga baé pasti turut jeung patuh kana Al-Qur’an, samistina manusa leuwih payus pikeun turut jeung patuh kana Al-Qur’an”. (Abu Hayan al-Andalusi, Bahr al-Muhîth, 8/251).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Naon anu disebutkeun ku Abu Hayan al-Andalusi ieu éstu loba kajadian dina wanci kiwari. Loba manusa henteu nurut jeung patuh kana Al-Qur’an.

Halaman
1234

Berita Terkini