Seputar Islam

Isi Naskah Khutbah Jumat Jelang Ramadhan dalam Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Berkesan, Ada PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Isi Naskah Khutbah Jumat Jelang Ramadhan dalam Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Berkesan, Ada PDF

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan naskah Khutbah Jum'at menyambut bulan suci Ramadhan edisi 1 Maret 2024, dalam Bahasa Sunda yang khidmat dan penuh makna.

Nashkah Khutbah Jumat ini juga dilengkapi dengan file PDF yang bisa Anda unduh melalui tautan dibawah ini.

_________________

Naskah Khutbah Jumat: Puasa Umat Zaman Baheula

Khutbah I

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

Hadirin Sidang Jumah anu Mulya

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Robbun Gafur, Dzat anu teu weleh-weleh maparin tur ngucuran ni’mat ka urang sadayana.

Terutami ni’mat iman, islam, ihsan, tur ni’mat kasehatan. Sahingga dina waktos ieu urang sadayana tiasa sasarengan aya dina tempat anu mulya kalayan siap sadia kanggo ngalaksanakeun netepan Jumah.

Solawat sareng salam anu utama mugia salaminya sing dikocorkeun ka Jungjungan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, anu diutus janten cahaya anu nyaangan ka urang sadayana.

Solawat sareng salam oge mugia sing dilimpahkeun ka para sahabatna, tabiin, tabiatna, dugika urang sadaya salaku umatna. Mudah-mudahan di akherat urang kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.

Hadirin anu mulya,

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, langkung ti payun khotib umajak ka sidang Jumah sadayan, hayu urang sami-sami ningkatkeun oge nanjeurkeun katakwaan ka Alloh swt. Sabab, teu aya deui hiji-hijina bekel nu paling hade keur urang sadaya, utamana keur mayunan kahirupan akherat jaga nyaeta katakwaan.

Takwa ngandung harti sieun ku Alloh, takwa ngandung harti ngawaro kana parentah Alloh, takwa ngandung harti waspada nyorang perkara nu dibendu ku Alloh. Mugi urang sadaya sing diistiqomahkeun dina raraga taat ka Mantenna, oge diraksa tina perkara-perkara anu ngundang bendu ti Mantenna. Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadayana,

Kirang langkung samingon deui urang baris lebet bulan suci Romadon. Ku hal sakitu, hayu urang sambut kalayan suka cita jeung gumbira, urang siapkeun sagala rupina, jiwa raga urang, jasmani jeung rohani, fisik jeung mentalna, kanggo mayunan ibadah puasa.

Halaman
1234

Berita Terkini