“Maha suci Allah yang telah memperjalankan hamba-Nya pada suatu malam dari Masjidil Haram ke Masjidil Aqsha yang telah kami berkahi sekelilingnya agar kami perlihatkan kepadanya sebagian dari tanda-tanda (kebesaran) Kami, sesungguhnya Dia adalah Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui”. (QS. Al-Isra: 1)
Para hadirin sidang Jumat Kaum Muslimin Rahimakumullah
Kajadian Isra’ Mi’raj ieu mangrupikeun kajadian anu luar biasa, jeung salah sahiji ujian kaimanan keur satiap umat Islam, teu di waktu harita teu di waktu ayeuna, bahkan ujian eta berjalan sepanjang jaman, dina perkara kaimanan jeung kayakinan kana bener jeung henteuna risalah anu dicandak ku Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam.
Memang ,lamun dipikir ku secara logika henteu mungkin hiji jalma sanggup ngalakukeun perjalanan ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsa dina waktu anu sakitu singkatna, bahkan perjalanan eta dilanjutkeun ti Masjid al-Aqsa naek ka langit dugikeun ka Sidratul Muntaha ngan dina waktu satu malam. iyeu mangrupakeun hiji perkara anu henteu asup akal.
Rasulullah sempat bingung di waktos enjing-enjingna, kumaha ngadugikeun risalah iyeu kumargi anjeuna kantos ngalakukeun perjalanan dina waktu berdagang sasarengan sareng kafilah dagang kaum quraisy anu mana perjalanan ti Mekkah ka Baitul Maqdis di Palestina teh merlukeun waktu salami sabulan perjalanan.
Risalah iyeu sanes perkara anu ringan dimana Kangjeng Nabi kedah ngadudikeun kebenaran anu terjadi, sabab henteu mustahil bakal loba jalma anu henteu percaya, malahan bisa jadi loba jalma anu bakal mengingkari kana risalah iyeu.
Nanging perasaan bingung eta tiba-tiba leungit anu salajengna anjeuna ngaraos tenang sareng mantap kanggo ngadugikeunana.
Salajengna dina waktos enjing-enjing eta anjeuna kaluar ti bumina ngadongkapan ka tempat ngumpulna kaum Quraisy.
Saparantosna Abu Jahal datang, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam nyaritakeun kajadian anu di alaman ku anjeuna dina wengi tadi ka Abu jahal.
Abu Jahal tumaros ka Kangjeng Nabi bari sinis,:
هل من خبر يا محمد؟
“Wahai Muhammad, apakah ada yang ingin engkau katakan ?” Kangjeng
Nabi ngawaler: " نعم ,betul".
Abu jahal tumaros deui:" وما ذاك Apakah itu ?".
Rasulullah ngawaler:
أسري بي ليلة البارحة إلى المسجد الأقصى,