HUT ke 78 RI

5 Naskah Pidato Kemerdekaan Bahasa Sunda Memperingati HUT Ke- 78 RI, Inspiratif Penuh Semangat

Penulis: M Fadli Dian Nugraha
Editor: Novaldi Hibaturrahman
AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Kumpulan Naskah Pidato Bahasa Sunda untuk memperingati HUT Ke-78 RI, 17 Agustus 2023, penuh inspirasi dan semangat.

TRIBUNSUMSEL.COM-Berikut ini merupakan Kumpulan Naskah Teks untuk memperingati HUT Ke-78 RI.

Pembacaan Naskah Teks Pidato Bahasa Sunda dapat dibaca saat peringatan HUT ke-78 RI bertepatan pada tanggal 17 Agustus 2023.

Sehingga dalam artikel ini Naskah Teks Pidato Bahasa Sunda dapat digunakan sebagai contoh panduan pembacaan pidato bahasa sunda penuh semangat nasionalisme.

Inilah kumpulan naskah teks pidato bahasa sunda, dilansir scribd.com.

Baca juga: Susunan Upacara dan Pedoman Peringatan HUT Ke 78 RI Tahun 2023, Untuk Seluruh Instansi Masyarakat

Pidato Bahasa Sunda HUT ke-78 RI [1]

Assalamualaikum.wr.wb
Bapak kapala sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu dipikahormat sareng hadirin tamu uleman nu ku
simkuring dipikahormat saderek sadaya ti kelas tilu sareng adi-adi kelas hiji anu ku simkuring dipikacinta.

Puji syukur urang sanggakeun ka tuhan nu maha esa anu geus ngalimpahkeun rahmat na ka urang sadaya jeung urang tiasa
kumpul didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Hadirin anu salinggih
Pikeun nyambut HUT kemerdekaan indonesia anu ka-78 pendidikan anu tos aya salama ieu, hayu urang tingkatkeun
pelajaran anu leuwih bermutu sareng pangajaran atawa pangarahan ti guru anu propesional sarta pangarahan sareng perhatian ti orang tua.

Hadirin anu salinggih
Slain ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuan atawa pahlawan anu geus mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara
uarang nyaeta negara nega indonesia, sareng jasa-jasa guru anu geus ngabimbing urang, ngajarkeun urang sadaya pikeun urang
tiasa jadi penerus bangsa anu alus atawa pikeun berguna ka bangsa jeung nagara.

Hadirin anu salinggih
Kirana teu kenging deui aya perpecahan sarta permusuhan, pembunuhan , sareng seueur deui kajadian anu sanesna. Mudahmudahan jeung samangat ’45 urang ngabangun nagara ku sifat anu sayang-menyayangi, saling ngahormatkeun , tolong menolong, pikeun terjalina kaharmonisan saperti nu urang harapkeun, pikeun jadi nagara anu sejahtera.

Ku kituna hayu urang sukseskeun reformasi gelombang ka-2 pikeun terwujudna kahirupan berbangsa nu makin sejahtera,
demokratis, sareng berkeadilan.

Hadirin anu salinggih
Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna, Wasslamualaikim.wr.wb


Pidato Bahasa Sunda HUT ke-78 RI [2]

TEKS PIDATO BAHASA SUNDA KEMERDEKAAN INDONESIA 17 AGUSTUS 1945 (HUT RI KE 78)

Assalamualaikum wr wb Hadirin anu dipikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyaken

Oge tehilap ka bapa bapa ibu ibu anu sami sami ku abdi di pikahormat anu insya allohku alloh di mulyaken Puji miwah syukur urang sanggaken.

Ka alloh swt anu alhamdulilah kalayan takdirtimantena urang sadaya tiasa riung mumpulung patepung lawung patepang wajah dinararaga menyambut hari kemerdekaan indonesia.

Anu alhamdulilah ie acara teh diwangun meni rongkah meni bingah simkuringninggalna, sabab ie teh ciri yen arurang sadaya antusias dina menyambut harikemerdekaan ie.

Tanggal 17 agustus 1945 nyaeta hari kemerdekaan indonesia, Tekaraos indonesia tos 78 taun merdeka ,tah di hari ulang tahun kemerdekaan ie teh nyaeta ajang supaya arurang inget sareng mengenang jasa jasa para pahlawan.

Anu bahela merangan parapejajah anu te mengenal rasa lelah, tah kabuktos hasil tina sumanget para pejuang.

Kuarurang tos karaos hasilna nyaeta kemerdekaan, merdeka tina pejajahan merdeka tinasagalarupi,Tah ku ayana kitu arurang sadaya kudu inget perjuangan para pahlawan, tah te sebataseta, tugas urang ayena nyaeta melanjutken perjuangan perjuangan para pahlawankucara mempertahanken kemerdekaan ie mempertahanken kekuatan kekuatan kebersamaan.

Kade urang ulah terpecah belah,Tah numatak ayena loba diayaken acara acara lomba teh supaya urang lebih sumangetjeng ngalatih kebersamaan urang, aya loba panjat pinang aya lomba balap karung, ayalomba balap kurupuk, sareng loba dei rupi rupi loba anu sejena, tah eta teh ciri arurangngarasa bingahjeng antusias.

Mudah mudahan ku ayana acara ie arurang sadaya tiasa lebih nguatken kebersamaan,mempertahanken kemerdekaan, bersatu kita teguh bercerai kita runtuh..Moal seer anu dicarios ti simkuring di alap cekap wasalamualaikum wr wb.

Pidato Bahasa Sunda HUT ke-78 RI [3]

Kemerdekaan indonesia
Bismillahirohmannir rohim,Assalamualaikum Wr. Wb!

Hadirin anu ku simkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang sanggakeun pujisinareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi katiasa kumpul ditempat ieu.

Henteu hilap, sholawat sarta salam urang serahkeun ka Nabi Muhammad SAW,kulawarga, sahabatna, sareng umatna nepi ka akhir zaman. Langkung tipayun sim kuringngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acaraperingatan hari kemerdekaan Republik Indonesia anu ka 78 tahun 2023.

Para sadérék sadaya,

Salah sahiji hal anu penting dina raraga miéling hari kemerdekaan, urang kedah gaduhrasa anu sajero-jerona dina jiwa anu suci syukur ka Pangéran Nu Maha Kawasa, yénkamerdekaan nu dipimilik ku urang éta karunia ti Allah nu dipasihkeun ka bangsa Indonesia,diproklamirkeun dina tanggal 17 Agustus 1945.

Anu kedah jadi perbatasan salamina, merdeka téh ngandung hartos tanggung jawab,maksadna hiji bangsa anu merdeka éta kedah pinuh ku rasa tanggung jawab kanggo ngabela,‘miara, ngurus sareng ngeusian’ kamerdekaan. Sadar sareng pinuh kasanggupan kanggongayakeun rupi-rupi pangorbanan anu diperlukeun kanggo kaluhuran, kamajuan sareng kajayaanlemah cai katut nagara urang.

Sajabi ti éta urang kedah sadar deui sareng leres-leres tiasa ngahayati yen ieukamerdekaan téh lain paméré ti penjajah, tapi kamerdekaan teh hasil perjuangan anu nyata sartahasil usaha bangsa Indonésia, ngorbankeun harta, tanaga sareng jiwa raga nu sanés sakedik.

Seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dinamélaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsatos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giatngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajangkahareupna.

nagara urang parantos ngagaduhan falsafah Pancasila sareng UUD 1945, mangga urangsami-sami pertahankeun tina rongrongan tangan-tangan jahil nu rék ngarintang’ kana lancarnapangwangunan di nagara. Akhirna dina raraga miéling hari kemerdekaan ayeuna, mangga urangsami-sami mintonkeun rasa syukur ka Pangéran nu parantos maparinkeun ni’mat kamerdekaanka urang sadaya.

Sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan Allah ta’ala salamina ngalimpahkeun rahmat kasadaya bangsa Indonésia. Aamiin yaa rabbal 'alamiin!

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Baca juga: 2 Contoh Teks Pidato Kemerdekaan Bahasa Inggris dan Artinya, untuk Peringatan HUT RI Ke-78 2023

Pidato Bahasa Sunda HUT ke-78 RI [4]

PIDATO KEMERDEKAAN
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Anu dipihormat Rama ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RW ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RT ...
Merdika! Merdika! Merdika!


Hayu urang panjatkeun puji sukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala, margi luhur limpahan rahmat sarta hidayah-Na, dina poe ieu urang sadaya dibere keneh kasempetan kanggo ngiring meramekeun acara dinten teupang taun kamerdikaan
Nagara Republik Indonesia anu ka-78 dina kaayaan damang wal-afiat.

Saterasna kalawan pangemut dinten teupang taun kamerdikaan urang ieu urang ngaharepkeun, mugi-mugi urang langkung ngaronjatkeun rasa tresna urang dina lemah cai sarta bangsa, langkung ngaronjatkeun tanagi juang urang ka bangsa
sarta nagara,langkung mempersatukeun jiwa sarta sakabeh awak urang kanggo memperkokoh persatuan sarta kesatuan bangsa.

Saderek sakantenan anu berbahagia, lamun urang emut perjuangan para pahlawan warsih 1945 mangka terlintas tangtos di benak urang yen sumanget perang anu kawas seuneu anu teu acan pareum eta kitu hebat ngahiji dina jiwa para pahlawan pajoang 45 eta.

Nanging kitu tak kawon pentingna kalawan peran urang sadaya ayeuna ieu. Perjuangan sateu acan parantos. Korban parantos
seueur ragragan mangka marilah urang ronjatkeun teras jiwa sarta sumanget 45,kalawan ngawujudkeun jiwa pangwangunan anu tangguh

Kamakmuran dumasar kaadilan sarta Kapangeranan Anu Maha Esa teu acan urang capai. ku kituna seueur keneh anu kedah urang perjuangkeun. Kamerdekaan minangka pusaka para pahlawan urang ieu hadena urang eusi kalawan jiwa pangwangunan teu aya mikawanoh kapentingan pribadi leuwih tiheula.

Jiwa sarta sumanget 45 nyaeta jiwa sarta sumanget kebersamaan. Jiwa anu mendahulukeun kapentingan sareng di luhur kapentingan golongan. ku kituna deui mangka urang wajib menigkatkeun rasa solidaritas berbangsa sarta bernegara. Persatuan sarta kesatuan nasional langkung di luhur kapentingan urang sacara pribaos sarta golongan. Tumbuhkeun rasa sumanget kebersamaan dina memperjuangkeun cita-cipta kamerdekaan.

Insya Allah hareupan bangsa Indonesia ngahontal kahirupan anu adil sarta makmur dumasar Pancasila sarta Ulem-Ulem Dasar 1945 kalawan ridla Allah Subhanahu wa Ta’ala kahontal kalawan numuwuhkeun sumanget persatuan sarta kesatuan nasional Indonesia. Amin,amin,yaa robbal ‘alamin.

Akhirul saur,wilujeng bajoang,wilujeng ngawangun bangsa sarta nagara urang tercinta ieu.

Dirgahayu Indonesia kuring! Merdika!

Pidato Bahasa Sunda HUT ke-78 RI [5]

Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boga catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.

Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.

Hadirin Nu dipihormat

Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku
kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.

Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi
ciciren bangsa.

Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.

Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

Baca juga: Contoh Susunan Upacara Pengibaran dan Penurunan Bendera 17 Agustus HUT RI Ke-78 Tahun 2023

Itulah 5 pidato memperingati HUT RI Ke-78 17 Agustus 2023 dalam bahasa Sunda, lengkap.

Baca artikel dan berita lainnya langsung dari google news

Berita Terkini