ramadan 2025

3 Kultum Ramadhan Bahasa Sunda yang Singkat dan Bermakna untuk Bagikan di Waktu Menjelang Berbuka

Alhamdulillah, hayu urang sadayana muji syukur ka Allah Swt. anu parantos maparin kasempetan ka urang pikeun ngalaksanakeun ibadah dina bulan Ramadhan

Tribunsumsel.com
KULTUM RAMADHAN BAHASA SUNDA - Ilustrasi seorang ustad tengah menyampaikan Kultum Ramadhan. Inilah 3 Kultum Ramadhan Bahasa Sunda yang Singkat dan Bermakna untuk Bagikan di Waktu Menjelang Berbuka 

TRIBUNSUMSEL.COM - Artikel kali ini akan menyajikan contoh Kuliah Tujuh Menit (Kultum) dalam Bahasa Sunda di bulan Ramadhan 2025.

Menjelang waktu Berbuka Puasa, umumnya umat muslim kerap mendengarkan kajian berupa Kuliah Tujuh Menit (Kultum).

Materi yang disampaikanpun beragam dan berkaitan dengan Puasa Ramadhan.

Dalam penyampaiannya Kultum Ramadhan ini bisa menggunakan berbagai bahasa daerah, salah satunya Bahasa Sunda.

Berikut Tribunsumsel.com sajikan kumpulan Kultum Ramadhan Bahasa Sunda yang berkesan dan penuh makna untuk digunakan sebagai referensi.

======

Kultum Ramadhan Bahasa Sunda

#Contoh 1

Menyambut Bulan Ramadhan

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
ﺇِﻥَّ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪَ ﻟِﻠﻪِ ﻧَﺤْﻤَﺪُﻩُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻐْﻔِﺮُﻩْ ﻭَﻧَﻌُﻮﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ ﻣِﻦْ ﺷُﺮُﻭْﺭِ ﺃَﻧْﻔُﺴِﻨَﺎ ﻭَﻣِﻦْ ﺳَﻴِّﺌَﺎﺕِ ﺃَﻋْﻤَﺎﻟِﻨَﺎ، ﻣَﻦْ ﻳَﻬْﺪِﻩِ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓَﻼَ ﻣُﻀِﻞَّ ﻟَﻪُ ﻭَﻣَﻦْ ﻳُﻀْﻠِﻞْ ﻓَﻼَ ﻫَﺎﺩِﻱَ ﻟَﻪُ. ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟَﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪ ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﻋَﺒْﺪُﻩُ ﻭَﺭَﺳُﻮْﻟُﻪُ

Alhamdulillah, hayu urang sadayana muji syukur ka Allah Swt., nu parantos masihan urang kaséhatan sareng kasempetan pikeun nepungan bulan suci Ramadhan. Shalawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka junjungan urang, Nabi Muhammad saw., ka kulawargana, sahabatna, sareng ka urang sadayana salaku umatna.

Dulur-dulur sadayana, bulan Ramadhan mangrupikeun bulan anu pinuh berkah, rahmat, sareng ampunan. Dina bulan ieu, urang diharepkeun pikeun ningkatkeun ibadah, boh puasa, solat, zakat, boh amal soleh séjénna.

Puasa sanés ngan ukur nahan lapar jeung dahaga, tapi ogé latihan pikeun ngontrol diri tina sagala rupa hal anu teu hadé. Allah Swt. ngadawuh dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 183:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

"Hei jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa seperti anu geus di wajibkeun ka jalma saacan maneh meh maraneh takwa." (QS Al Baqarah 183).

Ku kituna, Ramadhan téh lain ngan ukur bulan ibadah, tapi ogé bulan pendidikan keur diri urang. Urang diajarkeun kumaha carana jadi jalma anu langkung sabar, langkung syukur, jeung langkung deukeut ka Allah Swt.

Mugia dina bulan Ramadhan ieu, urang sadayana tiasa ningkatkeun ibadah, ngahontal taqwa, sareng kéngingkeun ampunan ti Allah Swt.

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

#Contoh 2

Fastabiqul Khairat

Halaman
123
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved