Bulan Rajab
Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Rajab Edisi 3 Januari 2025, Inspiratif dan Ada PDF
Berikut ini akan disajikan contoh naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Rajab 1446 Hijriyah edisi 3 Januari 2025 yang inspirati dan menyentu
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Teras dina taun eta oge anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku Istrina nyaeta Siti Khadijah, anu teras-terasan ngabantos sareng ngabela da’wahna Rasulullah. Siti Khadijah istrina Kangjeng Nabi, sareng Abu Tholib pamanna, mangrupikeun dua Jalmi anu disegani ku kafir Quraisy, dina taun eta dipanggil ku Allah SWT
Sahingga Kangjeng Nabi SAW teu ngagaduhan deui pembela anu kuat dina mayunan ancaman sareng panyiksaan ti kafir Quraisy. Kalintang sedihna Kangjeng Nabi Muhammad dikantunkeun ku Istri anu kacida mulyana dina waktos anu kacida dibutuhkeunana dugikeun ka anjeuna nyarios:
وَاللَّهِ مَا أَخْلَفَ اللَّهُ لِى خَيْرًا مِنْهَا ، وَقَدْ آمَنَتْ بِى إِذْ كَفَرَ بِيَ النَّاسُ وَصَدَّقَتْنِى وَكَذَّبَنِى النَّاسُ ، وَوَاسَتْنِى مِنْ مَالِهَا إِذْ حَرَمَنِى النَّاسُ وَرَزَقَنِى اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ الْأَوْلاَدَ مِنْهَا ، إِذْ حَرَمَنِى أَوْلاَدَ النِّسَاءِ
Hartosna: “Sareng Allah anu ngagentos anu langkung sae tianjeuna. anjeuna iman kakami saat manusa ingkar ka kami. Anjeuna anu ngabenerkeun kami saat manusa ngabohongkeun ka kami. Anjeuna anu ngahibur kami ku hartana saat manusa pelit. jeung Allah masihan kami anak lalaki saat aya nu ngaharamkeun anak awewe.” (HR. Ahmad)
Saparantosna dikantunkeun ku Abu Tholib RA sareng Siti Khadijah RA, Akhirna Kangjeng Nabi SAW ngizinkeun ka para sahabatna supados hijrah ka Thoif. Nanging penduduk Thoif, henteu nyambut ka Kangjeng Nabi SAW malahan maranehanana ngusir ka Kangjang Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Akhirna Kangjeng Nabi mulih deui bari kaayaan salirana seueur ku tatu.
Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah
Nya dina waktos eta Kangjeng Nabi kacida pisan ngaraos sedih, teras anjeuna ngado’a nyuhunkeun perlindungan kalayan pasrah ka Allah SWT. Doa anu kacida miris pinuh ku kasedihan, sahingga Allah ngutus hiji Malaikat pangjaga Gunung kanggo nawiskeun bantuan:
“Hei Muhammad, saestuna Allah nguping omongan kaom anjeun ka anjeun. kami malaikat pangjaga gunung, teras Allah ngutus kami ka anjeun pikeun ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun ku anjeun, upama anjeun menta ka kami, kami bakal ngahijikeun dua gunung pikeun ngahancurkeun manehanana.
Tapi kumaha waleran Rasululloh ?…“Kami miharep sangkan Allah ngaluarkeun tina sulbi-sulbi manehanana, sahingga jalma-jalma daek nyembah ka Allah anu Esa, jeung henteu Musyrik ku naon-naon bae oge. (HR. Bukhori wa Muslim)
Eta mangrupikeun salah sawios kaluhuran akhlaq Rasulullah SAW anu henteu ngagaduhan rasa dendam oge kebencian, sanajan ka jalma anu aniaya ka anjeuna. Sadaya cobaan beurat anu dialaman ku Rasulullah sareng para sahabatna eta moal sanggup dipayunan ku sadaya jalmi di alam dunya ayeuna.
Salajengna cobaan anu kacida beuratna dina taun eta, maka Allah ngaisrokeun sareng ngami’rojkeun Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina hiji wengi pasna dina wengian 27 Rajab.
Para Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah,
Hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Allah SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Urang kedah yakin dina taat kana parentah-parentah Allah sareng Rosulna, oge nebihan naon rupi anu dilarang ku Allah sareng Rosulna, utamina nulad atawa nyonto sifat-sifat Rasulullah anu kacida agungna.
Sahingga dina Kasempetan Bulan Rajab anu dongkapna sataun sakali ieu tiasa dimuliakeun ku urang sadaya, ku pirang-pirang amal sholeh boh anu sunat atanapi anu wajib sangkan kenging kabarokahan ti Allah SWT.
بَارَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْمِ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Khutbah Jumat Rajab
Naskah Khutbah Jumat Bulan Rajab
Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Rajab
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Tribunsumsel.com
3 Contoh Pidato/Ceramah Isra Miraj 1446H/2025 Singkat dan Penuh Makna, Untuk Kegiatan di Masjid |
![]() |
---|
Contoh Teks MC dan Susunan Acara Isra MIraj 1446H/2025 Bahasa Jawa, Singkat dan Mudah Dipahami |
![]() |
---|
21 Ucapan Isra Miraj 1446H/2025 dalam Bahasa Arab, Terbaik dan Penuh Makna untuk Ide Caption |
![]() |
---|
KUMPULAN Ucapan Isra Miraj 1446H/2025 Bahasa Inggris, Pilihan Terbaik dan Menarik untuk Referensi |
![]() |
---|
32 Ucapan Memperingati Isra Miraj 1446H/2025 Bahasa Jawa, Terbaik dan Sopan untuk Caption di Medsos |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.