Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru Edisi 1 November 2024, Menyentuh dan Khidmat, Ada PDF

Berikut akan disajikan naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda edisi terbaru 1 November 2024, menyentuh hati dan penuh khidmat untuk dibagikan. Tersedia jug

TRIBUNSUMSEL.COM
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru Edisi 1 November 2024, Menyentuh dan Khidmat, Ada PDF 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda edisi terbaru 1 November 2024, menyentuh hati dan penuh khidmat untuk dibagikan. Tersedia juga dalam format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.

___________

"Kumaha Carana supaya Hate Urang bisa Pinuh ku Rasa Cinta ka Gusti Allah"

Khutbah I

الحمد لله ثم الحمد لله الحمد حمدا يوافي نعمه ويكافئ مزيده، يا ربنا لك الحمد كما ينبغي لجلال وجهك ولعظيم سلطانك، سبحانك اللهم لا أحصي  ثناءا عليك أنت كما أثنيت على نفسك، واشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له، وأشهد أن سيدنا ونبينا محمد عبده ورسوله وصفيه وخليله خير نبي أرسله، أرسله الله إلى العالم كله بشيرا ونذيرا اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى آل سيدنا محمد صلاة وسلاما دائمين متلازمين إلى يوم الدين، وأوصيكم أيها المسلمون ونفسي المذنبة بتقوى الله تعالى

أما بعد، فيا عباد الله

Hadirin anu dimulyakeun ku gusti Allah!

Arurang sadaya anu ngucapkeun kalimah asyhadu anlaa ilaaha illallaah wa asyhadu anna muhammadan rasulullah jeung hatena yakin bahwa moal aya nu bisa masihan kasedihan sarta kabagjaan kaurang iwalti izin Allah, kacida sedihna lamun hatena can ngarasa kana manisna cinta jeung rasa ka sieun ka gusti Allah.

Dina mimbar jum’at ieu urang emutan, kumaha carana sangkan hate arurang dipinuhan ku rasa cinta sarta rasa ka sieun ka gusti Allah. Jeung arurang ngarasakeun kana nikmat raray anu bercaya sabab hate urang anu salawasna mekar kalawan sagala anu bakal ku urang sangharepan.

Hadirin rahimakumullah!

Naon anu kudu ku urang lakukeun sangkan rasa cinta sareung rasa sieun ka gusti Allah hadir dina hate urang? Syekh said Ramadhan al-Buthi ngajarkeun ka urang sadaya ngalewatan ucapana anu singkat:

إذا تذكرت فضل الله عليك فاض قلبك حبا لله سبحانه وتعالى، وإذا تذكرت موقفك بين يديه، وأنت مقبل عليها ما في بالك ريب ليمتلئ فؤادك خشية من الله تعالى

Lamun urang ngemut bahwasana Allah masihan karunia sareung nikmat ka urang sadaya, disungkeun atanapi heunteu, maka pasti hate urang bakal dipinuhkeun ku rasa cinta anjeun-Na. Sareung lamun urang ngarasa naha urang teh pantes menangkeun eta sadayana padahal urang anu apal kana kaayaan urang nyalira, tos sakumaha seueurna urang ngalakukeun dosa, jeung naon anu ku urang dilakukeun kudu di pertanggung jawabkeun eungke di akhirat, henteu aya karaguan yen hate urang kudu pinuh ku rasa kasieun ka gusti Allah.

Sareung perjalanan spiritual manusa kedah dilaksanakeun kalayan “dua sampean” nyaeta perasaan cinta sareung takwa ka Allah. Lamun hate mikacinta ka Allah tanpa sieun, manusa moal ngahontal eta, jeung lamun ngan saukur aya rasa sieun tapi teu aya rasa cina dina hate maka manehna bakal euren dina jurang putus asa.

Hadirin, dulur urang anu seiman!

Isuk-isuk iyeu saatos Allah ngahudangkeun urang tina maot anu sementawis. Allah masih masihan kasempatan pikeun hirup, masih keneh ngizinan urang kanggo ngahirup udara dina poe iyeu, masih masihan urang suku nu bisa leumpang, panangan anu tiasa keuneh ngahuapan kana lambey urang, tulang punggung anu tiasa ngajadikeun urang calik dina meja-meja padamelan, maka ku kituna urang bisa calik jejeg. 

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved