Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat Hari Santri Nasional Bahasa Sunda Edisi 11 Oktober 2024, Singkat dan Bermakna
Berikut ini akan dipaparkan contoh materi Khutbah Jumat tentang Hari Santri Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda yang singkat dan berkesan, cocok untuk di
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan dipaparkan contoh materi Khutbah Jumat tentang Hari Santri Nasional 2024 dalam Bahasa Sunda yang singkat dan berkesan, cocok untuk dibagikan kepada jamaah sholat Jumat.
___________
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
"Hari Santri Nasional"
Khutbah I
الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ فَضَّلَنَا عَلٰى كَثِيْرٍ مِّنْ عِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ. اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنُ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُهُ وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ اْلاَمِيْـنُ، اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ . اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْ اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ ، أَعُوْذُ بِااللّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيم . فَلَوْلاَ نَفَرَ مِنْ كُلِّ فِرْقَةٍ مِنْهُمْ طَآئِفَةٌ لِّيَتَفَقَّهُوْا فِى الدِّيْنِ وَلِيُنْذِرُوْا قَوْمَهُمْ إِذَا رَجَعُوْآ إِلَيْهِمْ لَعَلَّهُمْ يَحْذَرُوْنَ.
Hadirin Jama’ah Jum’ah rahimakumullah,
Ku ayana Hari Santri Nasional anu baris dipiéling tiap kaping 22 Oktober, hayu urang sami-sami kiatan pemahaman kana makna ukhuwah wathoniyah, anu janten bagian tina ajaran Agama Islam. Sabab, ngajaga tali ukhuwwah wathoniyah (solidaritas nasional jeung nagara) kudu leuwih diutamakeun batan ukur ukhuwah Islamiyah.
Margi, ngalangkungan tali ukhuwwah wathoniyah nu kiat, sumanget nasional, patriotisme jeung rasa cinta tanah air bakal tumuwuh, nu saterusna bakal ngompa sumanget urang pikeun ngalakukeun rupa-rupa usaha mertahankeun NKRI tina rupa-rupa ancaman, boh nu asalna ti luar atawa ti jero.
Semanget ieu anu kapungkur didugikeun ku Kersana Hadratus Syaikh Hasyim Asy’ari kaping 22 Oktober 1945, sareng para ulama, kiai oge kaum santri sakuliah Jawa jeung Madura, maka dikaluarkeun fatwa “Resolusi Jihad” anu janten sababiyah perang nu rongkah di Surabaya kaping 10 November 1945.
Kajantenan eta teu aya lian dilakukeun dina raraga ngabela kedaulatan nagara tina ancaman pasukan gabungan Inggris jeung Belanda, anu baris ngajajah deui bangsa urang anu nembe 3 bulan merdeka.
Alhamdulillah, kukakawasaan sareng pitulung Allah nu maha Agung, fatwa “Resolusi Jihad” anu diusung ku para kiai jeung santri ngabuahkeun hasil anu pikabungaheun, soksanajan kudu ditebus ku ribuan nyawa ti kalangan santri anu gugur di medan perang.
Dina catatan sejarah, dicarioskeun yen saenyana diantara tokoh penting anu ngiring nyukseskeun peperangan di Surabaya, nyaeta para pajuang Laskar Hizbullah anu di komando ku Hadratusyaik KH Hasyim Asy’ari sacara militer dipimpin jeng KH Zainul Arifin.
Janteun Laskar Sabilillah dipimpin ku KH Masykur. Salain kitu teh loba jalmi nu sasarengan nu asal kalangan pesantren jadi komandan jeung anggota tentara Pembela Tanah Air (PETA).
Sakaligus anu janten sabab kunaon perang dilakukeun dina tanggal 10 November, sahingga dugi ayeuna sok diperingati Hari Pahlawan, nyaeta almaghfurlah Kiai Amin Sesepuh Babakan sareng Kiai Abbas Buntet, anu ku kersana Hadrotus Syaikh Hasyim Asy’ari disebat “Singa dari Jawa Barat”.
Hadirin Jama’ah Jum’ah rahimakumullah,
Ku hal eta, naha kedah aya keneh pasantren atanapi anu masantren? Allah ngadawuh dina surat at-Taubah ayat 122:
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Hari Santri Nasional
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Isi Teks Khutbah Jumat
Tribunsumsel.com
9 Doa Mohon Ampunan dan Rahmat Allah Bersumber dari Alquran, Teks Arab, Latin dan Terjemahan |
![]() |
---|
Doa Menghindari Bala, Allahumma Ya Kafiyal Bala Ikhfinal Bala Qobla Nuzulihi Minassama' Ya Allah |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Oktober 2025 Rabiul Akhir, Lengkap dengan Jadwal Puasa Senin-Kamis |
![]() |
---|
Kalender Hijriyah Bulan Oktober 2025, Bertepatan Bulan Rabiul Akhir dan Jumadil Awal |
![]() |
---|
Doa dan Amalan Memasuki Bulan Baru Bulan Rabiul Akhir Bertepatan 23 September 2025 |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.