Seputar Islam

Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru Edisi 16 Agustus 2024, Penuh Berkah dan Semangat

Berikut adalah contoh Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda terbaru edisi 16 Agustus 2024 yang berkesan, penuh berkah dan semangat untuk dibagikan pada se

Tribunsumsel.com
Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru Edisi 16 Agustus 2024, Penuh Berkah dan Semangat 

Laley kana teguran Alloh. Maranehna sibuk nguruskeun perkara dunya dugika poho kana perkara akherat. Maranehna sibuk ngumpul-ngumpul dunya dugika poho kana hisaban sareng pertangung-jawaban di payuneun Alloh. Kitu sakumaha unggel ayatna. 

أَلْهَاكُمُ التَّكَاثُرُ، حَتَّى زُرْتُمُ الْمَقَابِرَ   

Hartosna, “Ari paloba-loba raja kaya dunya teh eta tos ngalaleykeun aranjeun, dugika aranjeun asup kana jero kubur.” (QS. a-Takatsur [102]: 1-2).   

Tah ngalangkungan ieu ayat, Alloh saleresna parantos maparin pepeling ka urang sadayana, yen urang ulah laley teuing ku perkara dunya dugika poho pibekeleun urang mayunan kahirupan akherat. 

Hartos sanes urang ulah milari harta jeung dunya barana, nanging urang kedah emut, yen milari dunya kedah sesuai sareng jalan anu ditunjukkeun ku Alloh, tos kenging dunya kedah dianggo syukur ku urang di jalan Alloh, oge tong hilap saalit seueurna harta urang bakal dipertanggung-jawabkeun di payuneun Alloh.   

Urang sing emut, kaayaan urang di payunen Alloh dina poe kiamah, sakumaha anu parantos didugikeun ku Kangjeng Rosul. 

  لاَ تَزُولُ قَدَمُ ابْنِ آدَمَ يَوْمَ القِيَامَةِ مِنْ عِنْدِ رَبِّهِ حَتَّى يُسْأَلَ عَنْ خَمْسٍ، عَنْ عُمُرِهِ فِيمَ أَفْنَاهُ، وَعَنْ شَبَابِهِ فِيمَ أَبْلاَهُ، وَمَالِهِ مِنْ أَيْنَ اكْتَسَبَهُ وَفِيمَ أَنْفَقَهُ، وَمَاذَا عَمِلَ فِيمَا عَلِمَ   

Hartosna, “Moal ngeser lengkah bani Adam dina poe kiamah di payuneun pangerannana dugika ditaros ihwal lima perkara. Kahiji, ihwal umurna. Dipake naon eta umur? Kadua ihwal kangoraannana. Dianggo naon eta kangoraan diseepkeun? Katilu sareng kaopatna ihwal hartana. Timana eta harta dikengingkeun sareng dianggo naon eta harta? Kalima, ihwal naon anu dipigawe sesuai sareng elmu anu dipibogana?” (HR. at-Tirmidzi).   

Kitu geuning pertarosan anu bakal dipayunan ku urang sadayana. Matak hayu atuh urang emut deui ku urang. Hartosna urang teh sanes teu kenging gaduh harta jeung raja kaya. 

Nanging ulah resep jeung katungkul teuing ku ngumpul-ngumpulna, bari poho kana hak-hakna eta harta, sumawona bari poho di akherat kana hisabanna. Urang di dunya teh moal lila, pasti aya akhirna. 

Pasti bakal aya maot anu nungtungan eta kahirupan dunya. Sakaligus maot anu jadi awal pertangung-jawaban urang di alam akherat. Hanjakal, kalolobaan nana jalma teh poho dugika palebah dinya.    

Matak tong heran, teu sauetik jalma anu mabok ku dunya, poho kana cara ngala dunya anu dipika rido pangeran, teu ningali halal jeung haram. Tah cara anu saperti kitu teh teu sae mungguh agama jeung aturan pangeran.    

Hadirin sidang Jumah sadayana  Jadi cindekna urang teh ulah jongjon teuing sabab bakal ditanya lima perkara tadi. Kira-kira lamun ditanya lima perkara tadi, naha urang parantos siap kanggo ngajawabna? Lamun umur urang dianggo taat mah, gampang pisan ngajawabna. 

Tapi sabaliknya geura bayangkeun ku urang lamun umur dianggo ma’siat atanapi doraka nukang nongong ka pangeran, bade kumaha urang ngajawab? Teu acan deui pertanyaan anu sanesna, nyaeta perihal kangoraan, amal soleh, harta, oge ni’mat-ni’mat anu sanesna. 

Leres sakumaha pidawuh Alloh, tiap ni’mat bakal ditaroskeun:  

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved