Seputar Islam

Naskah Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda, Mengajak Berbuat Amal Untuk di Akhirat, Penuh Khidmat

Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda yang tersaji pada artikel kali ini bisa Anda gunakan sebagai referensi dan membagikannya kepada teman, sahabat hingg

Tribunsumsel.com
Naskah Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda, Mengajak Berbuat Amal Untuk di Akhirat, Penuh Khidmat 

Dawuhan Allah:

هَلْ اَتَاكَ حَدِيْثُ الْغَاشِيَةِ.وُجُوْهٌ يَوْمَئِذٍخَاشِيْعَةٌ.عَامِلَةٌنَاصِبَةٌتَصْلىَ نَارًاحَامِيَةً.تُسْقَى مِنْ عَيْنٍ اَنِيَةٍ.لَيْسَ لَهُمْ طَعَامٌ اِلاَّمِنْ ضَرِيْعٍ.لاَيُسْمِنُ وَلاَيُغْنِى مِنْ جُوْعٍ.وُجٌوْهٌ يَوْمَئِذٍنَاعِمَةٌ.لِسَعْيِهَارَاضِيَةٌ.فِى جَنَّةٍعَالِيَةٍ.لاَتَسْمَعُ فِيْهَالاَغِيَةً

Hartosna: "Naha geus datang ka andika beja kajadian anu hebat? Dina poe eta pirang-pirang beungeut anu tarungkul (harina). Anu digarawe cape (nararik rante beusi bari dibelenggu). Maranehna arasup kana seuneu naraka anu pohara panasa. Dibere nginumna tina sirah cai anu pohara panasna Maranehna henteu meunang kadaharan salian ti tangkal dore anu carucukan. Anu teu matak lintuh, teu ngaleungitkeun lapar. Aya deui mangpirang-pirang beungeut jalma anu sukan-sukan dina poe eta teh. Ngarasa bungah ku amalna waktu di dunya Arayana di jero sawarga anu luhur. Di jerona andika moal ngadenge omongan anu teu aye gunana. DI jerona aya sirah cai anu ngocor, ranjang anu diluhurkeun jeung disadiakeun pirang-pirang gelas, bantal sarandean anu disusun, arempuk Jeung alketip unu diamparkeun "(S. Al-Gosyiyah).

Para hadiri saya,

Urang sadaya bakal disuhunkeun pertanggungan jawab sadaya amal urang. sae atanapi awona, nya kitu deui ngeunaan kana atikan urang ka kulawarga urang ayeuna. Upami urang sok ngatik ka kulawarga sasarengan dina ibadah, tinangtu bakal kempel sadayana di sawarga, sakumaha pidawuh Allah:

وَالَّذِيْنَ اَمَنُوْاوَاتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتَهُمْ بِاِيْمَانٍ اَلْحَقْنَابِهِمْ

"Ari jalma-jalma anu mu'min anu dituturkeun ku anak pamajikanana dina kaimanan (katakwaan). tinangtu Kaula bakal ngumpulkeun maranehanana sabondoroyot jeung moal ngurangan kana amalna saeutik oge. (Tegesna bakal diadarajarkeun). (S.Thur: 21)

Upama jalma antepan ka kulawarga tara ngadidik/ngatik kana ibadah, engkena bakal silih dakwa, bakal silih jauhan sabab sieun didakwa tea.

Dawuhan Allah:

يَوْمَ يَفِرُّالْمَرْءُمِنْ اَخِيْهِ.وَاُمِّهِ وَاَبِيْهِ.وَصَاحِبَتِهِ وَبَنِيْهِ.

Hartosna: “(poe kiamah teh) poean jelema jelema ngajauhan ti dulurna, ti indung bapana, ti sobatna jeung anak- anakna."

Para hadirin sadaya,

Mangga pek perhatoskeun kaayaan ayeuna oge di dunya, upami rumah tangga jalmi anu takwa mah sok tengtrem, silih pikanyaah, silih pikadeudeuh, silih belaan sareng sasama kulawargi teh.

Sawangsulna rumah tangga jalmi anu henteu takwa sok kucrut, sok silih carekan, silih bongohan, malah aya anak anu silih wantun nyiksa ka sepuhna.

Mangga kantun ngemut, hoyong ka mana di aherat teh? Upama palay ka surga, getolan ibadahna kantunkeun masiatna.

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved