Seputar Islam

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Dzulhijjah Edisi 21 Juni 2024, Tersedia LINK PDF

Kali ini akan disajikan contoh teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang bulan Dzulhijjah edisi 21 Juni 2024, yang menyentuh dan penuh makna, tersedia f

Tribunsumsel.com
Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Dzulhijjah Edisi 21 Juni 2024, Tersedia LINK PDF 

Sadaya atribut atanapi pakean kabesaran dunya kudu dilesotkeun dipayuneun Allah Ta’ala

Amargi jalmi anu mulya mungguh Allah teh nyaeta jalmi anu pang takwana, pidawuhna dina surat Al-hujurot ayat 13:

يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ إِنَّا خَلَقۡنَٰكُم مِّن ذَكَرٖ وَأُنثَىٰ وَجَعَلۡنَٰكُمۡ شُعُوبٗا وَقَبَآئِلَ لِتَعَارَفُوٓاْۚ إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ ٱللَّهِ أَتۡقَىٰكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ ١٣

Hartosna : “Yeuh manusa saenyana kami ngajadikeun maraneh ti hiji lalaki jeung hiji awewe, jeung kami geus ngajadikeun maraneh jadi sababaraha bangsa jeung sabaraha golongan, supaya maraneh silih pikawanoh. Saestuna jalmi anu pangmulya-mulyana mungguhing Allah SWT nyaeta anu pang taqwana ti antara maraneh, saestuna Allah SWT teh maha uninga, oge maha ningali. (al-Hujurot: 13)

2. Seueur ibadah atanapi midamel amal sholeh dina salebet sasih Zulhijah utamina dina kaping hiji dugi ka sapuluh kanggo anu teu ngalaksanakeun ibadah haji.

3. Puasa arapah kanggo anu henteu ngalaksanakeun ibadah haji. Sahabat kantos naroskeun ka kangjeng Rasul perkawis saum arafah:

سُئِلَ عَنْ صَوْمِ عَرَفَةَ فَقَالَ: يُكَفِّرُ سَنَّةَالْمَضِيَةَ وَالْبَاقِيَةَ

Hartosna: “Ditaros perkawis saom arafah maka saur kanjeng Rasul: bakal ngiparatan kana dosa anu satahun kalangkung jeung anu sakantuna.”

4. Ngadegkeun sholat sunat idul adha.

5. Ngalaksanakeun ibadah qurban kanggo anu mampuh, kudu mentingkeun urang kana qurbanteh, margi aya dawuhan Kangjeng Rosul kieu:

مَنْ كَانَ لَهُ سَعَةٌ وَلَمْ يُضَحِّ فَلاَ يَقْرَبَنَّ مُصّلاَّنَا ـ (رَوَاهُ اَحْمَدْ وَ ابْنُ مَاجَةْ)

Hartosna: “Sing saha anu aya kalaluasaan dirina (dina hartana), tuluy Manehna teu kurban maka ulah ngadeukeutan tempat sholat kami.” (H.R. Ahmad jeung Ibnu Majah).

Hadirin Jamaah Jum’ah anu sami mulya,

Dina ibadah kurban oge aya atikan, nyaeta meuncit hiji hewan secara syareat , hakikatna urang sing bisa meuncit atawa ngabersihkeun dina hate sifat-sifat kahewanan kayaning hayang meunang sorangan, ngumbar syahwat, jeung mawa karep sorangan teu ngagugu kana dawuhan Allah SWT.

Janten kurban teh mangrupikeun buktos iman jeung taat ka Allah SWT nu di contoan ku Nabi Ibrahim AS.

Halaman
123
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved