Bulan Rajab

2 Contoh Teks Ceramah Isra Miraj 1445 H/2024 dalam Bahasa Sunda, Tersedia File PDF

Artikel ini berisi 2 contoh teks ceramah Isra Miraj 1445 H tahun 2024 dalam bahasa Sunda, tersedia file PDF.

Tribun Sumsel
Ilustrasi ceramah. Daftar 2 contoh teks ceramah isra miraj 1445 H/2024 dalam bahasa Sunda, tersedia file pdf 

Ka para kulawargana, sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat.
Isra Miraj teh nyaeta kajadian nu penting anu kudu ku urang di inget inget, nyaeta perjalanan kangjeng Rosul ti masjidil harom ka masjidil aqso terus naek ti masjidil aqso ka langit ka 7 ka sidrotul muntaha.

Urang pasti geus papada apal da di tiap perayaan Isra Miraj pasti di bahas. Bahkan ayat nage sapalih pasti tos pada terang dina surah Al Isra ayat 1.

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

سُبۡحٰنَ الَّذِىۡۤ اَسۡرٰى بِعَبۡدِهٖ لَيۡلًا مِّنَ الۡمَسۡجِدِ الۡحَـرَامِ اِلَى الۡمَسۡجِدِ الۡاَقۡصَا الَّذِىۡ بٰرَكۡنَا حَوۡلَهٗ لِنُرِيَهٗ مِنۡ اٰيٰتِنَا‌ ؕ اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيۡعُ الۡبَصِيۡرُ

"Mahasuci alloh anu ges ngiangken hambana dina hiji peting ti masjidil harom ka masjidil aqso anu sakulilingna ku kami diberkahan piken kami nembongken ka manehna ti antara ayat ayat kami saestuna anjena nu maha ngadangu nu maha uninga," (QS Al-Isra:1).

Tos jelas eta keterangan dina Al-Quran, anu jadi poin utamana tos pada terang yen ayeuna hasil tina Isra Miraj eta teh nyaeta parentah solat 5 waktu.

Tapi masih loba jelema anu ngalalaworaken kana solat, teu apal elmuna, mana anu rukun mana anu sunah, dina wudu mana parduna wudu, mana anu sunah dina wudu.

Bahaya lamun urang te apal mah, komo lamun dina palebah ngajina bari nundutan.

Ceuk guru ngaji parduna wudu eta aya genep.

Tah dina solat ge aya elmuna, aya syarat jeung rukunna. Nu matak kudu pisan diperhatikeun ulah asal wae solat.

Komo lamun teu apal pisan cik bakal kumaha kan teu kabayang ke ngacona solat kumaha.

Matak kudu diajar prak prakan wudu jeung solat anu bener. Meh solatna khusu ditarima ku Alloh SWT.

Hayu ti ayeuna urang memperdalam elmu urang. Mun teu apal tanyakeun ka guru, ka ustad ustad meh jadi apal ulah.

Mudah mudahan ku cariosan anu sakedik ieu sing jadi panggeuing keur diri urang sadaya supaya ningkatkeun kana elmu jeung kana ibadah urang amin ya alloh ya robbal alamin

Halaman
1234
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved