Bulan Rajab

2 Contoh Kata Sambutan Ketua Panitia Acara Isra' Miraj 2024 Dalam Bahasa Sunda, Mudah Dipahami

Kata sambutan ini dapat disesuaikan dengan daerah masing-masing, seperti contoh penyampaikan kata sambutan menggunakan Bahasa Sunda. Berikut ini adal

Tribunsumsel.com
2 Contoh Kata Sambutan Ketua Panitia Acara Isra' Miraj 2024 Dalam Bahasa Sunda, Mudah Dipahami 

Anu ku sim kuring dipikahormat, Bapak Ustadz (nami)
Para sesepuh kampung anu dipikahormat (sebutkeun nami kampungna)
Bapak Kepala Desa (Sebatkeun nami desa)
Anu dipikahormat Bapak Ketua RT sareng Rw
Para ibu, bapak, hadirin sakalian nu dimulyakeun ku Gusti Allah.

Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT, kumargi parantos maparin taufik, hidayah, sareng limpahan rahmat-Na sahingga urang sadaya tiasa riung mungpulung ngalaksanakeun peringatan Isra Mi’raj wengi ayeuna.

Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW, anu parantos mikacinta umatna sareng parantos ngaluarkeun umatna tina jaman anu poek ka jaman anu pinuh ku cahaya.

Para hadirin anu dipikahormat,

Sim kuring ngadeg di dieu ngawakilan panitia peringatan Isra Mi'raj, ngahaturkeun nuhun ka sagala rupa pihak anu tos ilubiung dina ieu acara, boh tina segi tanaga, materi, sareng anu sanesna.

Mudah-mudahan kasaean ibu sareng bapak diganjar ku Allah SWT, aamiin.

Hatur nuhun oge ka para jamaah anu parantos kersa ngahadiran acara pangaosan Isra Mi’raj ieu, mugia urang sadayana kenging kabarokahan salawasna.

Hadirin anu dipikahormat,
Hayu urang sasarengan ngucapkeun shalawat ka Nabi Muhammad, ''Allahumma sholli 'ala sayyidina Muhammad wa'ala alihi sayyidina Muhammad".

Mudah-mudahan engke dina Yaumil akhir urang sadayana kalebet jalmi anu kenging limpahan syafaat kanjeng Nabi Muhammad SAW. Amin

Simkuring ngawakilan panitia acara Isra Miraj ngahaturkeun nuhun ka Bapak Ustaz (sebatkeun nami) anu kersa ngahadiran tur kersa masihan ceramah dina acara peringatan Isra Miraj.

Hadirin anu dirahmati ku Alloh,

Acara peringatan mieling Isra Miraj Nabi Muhammad Saw ieu tiasa dilaksanakeun sakumaha ayeuna, tangtos teu lian ti pangrojong sadaya lapisan masyarkat, ti para donatur sadayana, sakali deui simkuring salaku panata acara Pangéling-ngéling Isra Miraj, ngahaturkeun nuhun.

Sim kuring oge ngahaturkeun nuhun ka sakumna panitia anu tos kerja keras kalayan ihlas sangkan acara miéling Isra Mi’raj tiasa dilaksanakeun sakumaha mestina.

Mugia bantosan para wargi sadayaba diganjar ku Allah SWT, kenging pahala anu manglipet-lipet.

Abdi salaku wawakil panitia acara nyuhunkeun dihapunten saupami engke dina palaksanaan dina peringatan atanapi mieling Isra Mi'raj aya sagala rupi kakirangan atanapi kalepatan anu teu dihaja atanapi dihaja.

Sakitu anu kapihatur ku simkuring salaku wawakil Panitia Isra Miraj, hapunten bilih aya kalepatan.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

**

Baca berita dan artikel lainnya di google news.

Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved