Seputar Islam
2 Teks Khutbah Jumat Tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Penuh Khidmat, Ada PDF
Inilah sajian teks naskah khutbah Jumat yang mengangkat materi tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, penuh makna dan khidmat. Tersedia pula dalam form
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
TRIBUNSUMSEL.COM - Inilah sajian teks naskah khutbah Jumat yang mengangkat materi tentang Palestina dalam Bahasa Sunda, penuh makna dan khidmat. Terseia pula dalam format PDF yang dapat diunduh melalui link dibawah ini.
#Contoh Teks Khutbah Jumat 1
"Haram Ngantep Palestina Kalawan Teu Dibélaan ku Urang"
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :لَنْ يَّضُرُّوْكُمْ اِلَّآ اَذًىۗ وَاِنْ يُّقَاتِلُوْكُمْ يُوَلُّوْكُمُ الْاَدْبَارَۗ ثُمَّ لَا يُنْصَرُوْنَ
(QS Ali Imron [3]: 111)
Alhamdulillah, Mantena pisan Alloh Anu Ngawasa alam samesta. Anu maparin kameunangan kasaha baé anu dikersakeun ku Mantena jeung ngancurkeun saha baé anu dipihayang ku Mantena.
Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu alaihi wasallam.
Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi'in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugi ka akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh, kalawan sabener-benerna takwa. Ku cara ngalaksanakeun paréntah-peréntah-Na jeung ngajauhan sanéskanten cegahan-Na kalawan teu nunda-nunda deui.
Ingetkeun, takwa téh nyaéta karakter Muslim sajati anu engké bakal dibawa maot, sarta anu nangtukeun darajat urang sadaya dipayuneun Ilahi Robbi.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Nalika urang calik ngadangukeun khutbah ieu, wargi-wargi urang di Paléstina mah keur papuket ngalawan kakejeman kaom Yahudi.
Maranéhna ngawurkeun bom-bom, kaasup bom anu teu meunang digunakeun pikeun ngahancurkeun pangeusi Paléstina anu aya di Gaza.
Maranéhna ambek ku serangan Hamas anu luar biasa, ngadadak, sarta ngancurkeun. Tentara Yahudi anu cenah pang kuatna di Timur Tengah, kawalahan.
Amérika ogé milu ambek, manéhna ngirimkeun bantuan militer pikeun mantuan kaom Yahudi penjajah dina raraga numpes perlawanan kaom Muslim Paléstina.
Tapi anéhna, teu aya sama sakali bantuan militer ti nagara-nagara Arab jeung Islam pikeun mantuan kaom Muslim Paléstina dina ngalawan kaom Yahudi penjajah.
Para pangawasa Arab jeung Islam milih cicing siga hayam lisung, ipis burih eweuh kawani. Maranéhna ngan wani ngomong tukangeun. Paling banter maranéhna nyerukeun supaya kadua pihak ngeureunkeun serangan.
Dina waktu anu sarua, ratusan rébu nepika jutaan tentara maranéhna tetep ku maranéhna diantep “ngaranggur” di barak-barak maranéhna.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun ku sadayana, Paléstina téh nyaéta bagéan tina nagri Syam. Syam teu bisa dipisahkeun tina ajaran Islam. Syam waktu ayeuna nyaéta Suriah, Yordania, Libanon, jeung Paléstina, kaasup anu dicaplok ku kaom Yahudi.
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam maparin loba pisan pujian ka nagri Syam. Di antarana nyaéta:
طُوبَى لِلشَّامِ فَقُلْنَا لِأَيٍّ ذَلِكَ يَا رَسُولَ اللَّهِ قَالَ لِأَنَّ مَلَائِكَةَ الرَّحْمَنِ بَاسِطَةٌ أَجْنِحَتَهَا عَلَيْهَا
“Kauntungan pikeun pangeusi Syam,” Abdi sadaya naros, “Kusabab naon, wahéy Rosululloh?” Mantena ngawaler, “Kusabab para malaikat mébérkeun jangjang-jangjangna ka maranéhna (pangeusi Syam).” (HR at-Tirmidzi).
Syam ogé nyaéta nagri para nabi. Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam kantos ngadawuh, “Para nabi cicingna di Syam. Teu aya sajeungkal oge Kota Baitul Maqdis anging saurang nabi atawa malaikat pernah ngadu’a atawa ngadeg didinya.” (HR at-Tirmidzi).
Di Paléstina sorangan, anu jadi bagéan tina nagri Syam, ogé ngadeg Masjid al-Aqsho. Ieu téh kiblat anu munggaran kaom Muslim sarta tempat nyimpangna Rosul nalika perjalanan Isro’ Mi’raj. Wilayah di sabudeureunana tempat anu dibarokahan ku Alloh (Tingal: QS al-Isro [17]: 1).
Singsaha baé anu sholat di Masjidil Aqsho, bakal meunang ganjaran sarébu kali lipet ganjaran sholat di tempat lian. Ieu téh tempat suci nalika jadi milik urang sadaya umat Islam, salian ti Masjidil Harom jeung Masjid Nabawi.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun ku sadayana, Paléstina téh nyaéta lemah caina kaom Muslim jeung geus mang-abad-abad lilana jadi bagéan tina wilayah Islam. Kaom Muslim ogé kabeungkeut jeung Paléstina sarta Yérusalem kusabab dua alesan:
Kahiji, wilayah Yérusalem geus jadi bagéan tina nagri-nagri Islam jeung statusna tanah khoroj timimiti zaman Kakholifahan Umar bin al-Khoththob rodliyallohu ‘anhu dina taun 637 M.
Saenggeus peperangan anu lumangsung salila mangbulan-bulan, akhirna Uskup Yérusalem, Sophronius, masrahkeun konci Kota Yérusalem ka Kholifah Umar bin al-Khoththob rodliyallohu ‘anhu kalawan langsung.
Kadua, kaom Muslim kabeungkeut jeung kaom Nasrani Yérusalem pikeun méré panyalindungan nagri éta ngaliwatan Perjanjian Umariyah.
Dina éta perjanjian Khilafah boga kawajiban méré jaminan ka kaom Nasrani naha anu aya patula-patalina jeung harta, jiwa, sarta ibadah maranéhna.
Khilafah ogé dipénta pikeun ulah ngizinan urang Yahudi cicing babarengan kaom Nasrani jeung kaom Muslim di Yérusalem. Kholifah Umar tuluy ngajamin teu aya saurang ogé urang Yahudi anu liwat jeung meuting di éta wilayah.
Perjanjian Kholifah Umar jeung kaom Nasrani Yérusalem ieu ngabeungkeut kaum Muslim wanci kiwari nepika akhir zaman.
Ku alesan ieu pisan, haram hukumna ngaku ayana nagara Yahudi penjajah di Palestina. Haram ogé nyokot solusi dua nagara anu diusulkeun ku PBB jeung nagara-nagara Barat. Sakabéhna ieu téh hakékatna sarua jeung ngaku ayana kaom Yahudi penjajah dina tanah urang kaom Muslim.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Tuluy naon anu sakuduna dilakukeun ku umat Islam wanci kiwari? Inget, Yahudi téh nyaéta penjajah, anu ngarampas, jeung anu ngarampog taneuh urang.
Teu aya anu pantes pikeun maranéhna anging diusir ti bumi Paléstina. Tangtu ieu bisa dilakukeun lamun militer umat ieu gerak teu cicing. Lainna Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ
Prak perangan maranéhna di mana baé anjeun manggihan maranéhna jeung prak usir marinéhna ti tempat maranéhna geus ngusir aranjeun (TQS al-Baqoroh [2]: 191).
Kukituna, geus sapantesna para pangawasa Arab jeung pangawasa Muslim ngirimkeun tentara maranéhna pikeun jihad babarengan jeung para mujahidin Palestina, ngusir kaom Yahudi penjajah ti wilayah Palestina.
Saéstuna ieu téh amal-amalan anu ganjaranana luar biasa gedéna. Mangka, teu pantes para tentara Muslim cicing jeung nangkeup harigu.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Naon anu kajadian di Paléstina ieu kuduna nyadarkeun urang sadaya yén ieu umat téh kudu ngahiji. Umat ieu kudu ngabogaan anu méré panyalindungan jeung pamingpin anu hiji.
Ngalakukeun perjoangan dina hiji komando. Wates-wates nagara buatan penjajah, geus ngajadikeun umat ieu lemah sarta paburencay.
Kusabab kitu, umat mémang ngabutuhkeun saurang kholifah, pamingpin kaom Muslim sadunya. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngadawuh:
إِنَّمَا الْإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
Imam (Kholifah) téh nyaéta taméng, di satukangeun manéhna kaom Muslim perang jeung nyaindung (HR al-Bukhori Muslim).
Ngan Kholifah anu bakal ngumumkeun sakaligus mingpin langsung pasukan kaom Muslim di sakuliah dunya pikeun ngabébaskeun tanah Paléstina jeung nyalamatkeun kaum Muslim di mana baé.
‘Ala kulli hal, haram urang sadaya ngantep kaom Muslim Paléstina katalangsara teu aya anu ngabélaan. Haram urang sadaya ngantepkeun Palestina tetep dikawasa ku kaom Yahudi penjajah. Hayu urang sadaya hudang sarta ngahiji dina hiji beungkeutan.
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
#Contoh Naskah Khutbah Jumat 2
"Duka Palestina"
الحَمْدُ لِلّٰهِ الْمَلِكِ الدَّيَّانِ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى مُحَمَّدٍ سَيِّدِ وَلَدِ عَدْنَانَ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَتَابِعِيْهِ عَلَى مَرِّ الزَّمَانِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْمُنَـزَّهُ عَنِ الْجِسْمِيَّةِ وَالْجِهَةِ وَالزَّمَانِ وَالْمَكَانِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّـدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ كَانَ خُلُقَهُ الْقُرْآنُ،
أَمَّا بَعْدُ، عِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: مِنَ الْمُؤْمِنِينَ رِجَالٌ صَدَقُوا مَا عَاهَدُوا اللّٰهَ عَلَيْهِ فَمِنْهُم مَّنْ قَضَى نَحْبَهُ وَمِنْهُم مَّنْ يَنْتَظِرُ وَمَا بَدَّلُوا تَبْدِيلا (الأحزاب: ٢٣)
Jamaah Muslimin Ma'asyiral Sholat Jum'at anu diberkahan ku Alloh,
Sumangga urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT, ku cara ngadeuheuskeun manah mung ka Alloh.
Sumangga urang sanggakeun solawat sinareng salam ka jungjunan urang sadaya Muhammad salallahu alaihi wasssalam, mugia dina dinten anu ditangtukeun urang sadaya kenging syafaat ti anjeunna, Amin Allahhumma Aamiin.
Dina dinten Jum'at anu mulia ieu, urang anu cicing di nagara tercinta ieu tetep aman sareng nyaman tanpa katindihan ku sieun, panik, lapar sareng haus.
Memang kiwari urang masih bisa saré nyenyak tanpa dihantui ku ngabeledugna bom, sora mortir, komo tanpa sieun pélor nyasar.
Samentara éta, dulur-dulur urang di Palestina geus kaleungitan parasaan éta.
Kiwari, urang teu hariwang imah urang ancur ku misil, atawa hariwang anak jeung pamajikan urang katabrak pélor nyasar, sedengkeun dulur-dulur urang di Paléstina leungiteun rasa ieu.
Ari urang masih keneh bisa dahar, nginum sacukupna, tapi dulur-dulur urang di palestina geus kabeurangan, beak cai, malah teu boga baju keur diganti, dulur-dulur urang sadayana. geus leungit tempat cicing.
Malah réa nu jadi korban, réa-réa deui nyawa nu leungit, tatu-tatuna hese dirékam, malah réa nu karebek ku uing imahna sorangan. Alloh ngadawuh
وَتَعَاوَنُوْا عَلَى الْبِرِّ وَالتَّقْوٰىۖ وَلَا تَعَاوَنُوْا عَلَى الْاِثْمِ وَالْعُدْوَانِ ۖوَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ
Hartosna : “...Jeung tulungan aranjeun dina (ngalampahkeun) kahadean jeung taqwa, jeung ulah nulungan dina migawe dosa jeung maksiat. Jeung taqwa ka Allah, satemenna Allah kacida beuratna siksaan-Na". (QS Al Maidah: 2)
Malah dina hiji hadits disebutkeun yen Nabi shallallahu alaihi wa sallam masihan conto jalma mu'min salaku wangunan anu silih nguatkeun, anjeunna ngadawuh:
المُؤْمِنُ لِلْمُؤْمِنِ كالبُنْيانِ يَشُدُّ بَعْضُهُ بَعْضًا
Hartosna: "Saurang mu'min jeung mu'min lianna ibarat hiji gedong, silih kuatkeun." (HR. Muslim no. 2585).
Saterusna, dina sajarah sejen disebutkeun:
“Hiji Muslim teh dulur muslim sejen, manehna moal ngado’akeun dulurna jeung moal ngantep dulurna dianiaya. Sing saha anu nyumponan pangabutuh dulurna, Allah bakal nyumponan pangabutuhna. Sing saha anu mantuan ngaleungitkeun kasusah saurang muslim, Allah bakal ngaleungitkeun kasusahna dina poé kiamat, jeung sing saha anu nutupan aib dulurna, maka Alloh bakal nutupan aibna dina poé kiamat." (HR. Bukhari no. 2442).
Salaku jamaah sholat Jum’at anu dirahmatian ku Alloh, urang henteu kedah ngucapkeun:
"Saurna, masih seueur urang Indonesia anu hirupna susah, masih seueur jalma anu sangsara, upami anjeun hoyong ngabantosan umat Islam, tulungan waé anu caket sareng anjeun!"
Ieu kalimah sedih anu bener-bener nganyenyeri dulur-dulur urang di Palestina. Nyatana, kasusah dulur-dulur urang di Palestina jauh leuwih pikasieuneun tibatan urang di Indonesia anu masih dianggap biasa, sedengkeun kasusahna luar biasa.
Awakna pinuh ku tatu, haténa pinuh ku kasedih, jeung imah maranéhanana jadi puing anu masih kénéh nyepeng awak kulawargana.
Jamaah sholat Jum’at anu dimulyakeun ku Alloh, Rosulullah Shallallahu’alaihi Wasallam ngadawuh:
خَيْرُ النَّاسِ أَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ
"Panghadé-hadéna manusa nyaéta jalma anu paling mangpaat pikeun manusa." (HR. Ahmad, ath-Thabrani)
Janten mangpaat kanggo batur, kanggo dulur-dulur urang di Palestina,
Boh ku harta banda, do’a, atawa ngadu’a ka sasama muslim boh di lingkungan urang boh dina media sosial pikeun ngabagikeun saeutik ka dulur-dulur di Palestina.
Naon waé bantosan anu urang sanggakeun saleresna mangrupikeun titipan tina amal soleh urang pikeun dunya akherat, panebus kasusah dina dinten kiamat, sareng salaku pangrojong urang pikeun sasama muslim.
Sakitu khutbah Jum’at kanggo waktos ieu, mugia Allah ngabuka panon hate urang supados tiasa ngaringankeun kabeungharan duduluran urang di Palestina. Amin, Gusti. Amin.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي القُرْأنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ ال اَيَاتِ وَ ذِكْرِالحَكِيْمِ وَ تَقَبَّلَ اللهُ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمِ
(*)
Baca juga: Naskah Khutbah Jumat Minggu Ke-4 Bulan Oktober 2023 dalam Bahasa Sunda Beserta Format PDF
Baca juga: Link PDF Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Palestina Terbaru dan Penuh Makna
Baca juga: Contoh Naskah Khutbah Jumat Bahasa Jawa Edisi Oktober 2023: Kawontenan Umat Akhir Zaman
Baca artikel dan berita Tribun Sumsel lainnya langsung dari google news
Khutbah Jumat Rabiul Awal Bahasa Sunda Edisi 29 Agustus 2025, Menyentuh dan Penuh Makna |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Maulid Nabi Muhammad SAW, Khidmat dan Menyentuh, Ada LINK PDF |
![]() |
---|
Doa dan Zikir Jumat Pagi, Lengkap Tulisan Arab, Latin Serta Terjemahannya |
![]() |
---|
Doa Nabi Ibrahim Setelah Membangun Ka'bah, Cocok Untuk Berangkat Haji dan Umroh, Arab Latin dan Arti |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda 29 Agustus 2025, Tema Maulid Nabi Muhammad |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.