Seputar Islam
Naskah Khutbah Jumat Minggu Ke-4 Bulan Oktober 2023 dalam Bahasa Sunda Beserta Format PDF
Berikut merupakan naskah khutbah Jum'at edisi bulan oktober dalam bahasa Sunda, paling menyentuh dan penuh khidmat. Lengkap dalam format PDF link undu
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut merupakan naskah khutbah Jum'at edisi bulan oktober dalam bahasa Sunda, paling menyentuh dan penuh khidmat. Lengkap dalam format PDF link unduh dibawah ini.
"Syarat Ma'rifat jeung Iman ka Alloh"
اَلْحَمْدُ للَّهِ الوَاحِدِ الْقَهَّارِ، الْعَزِيْزِ الْغَفَّارِ، مُقَدِّرِ الْأَقْدَارِ، مُصَرِّفِ الْأُمُورِ، مُكوِّرِ اللَّيْلِ عَلَى النَّهَارِ، تَبْصِرَةً لِذَوِي الْقُلُوْبِ وَالْأَبْصَارِ، اَلَّذِي أَيْقَظَ مَنْ خَلَقَهُ وَمَنِ اصْطَفَاهُ فَأَدْخَلَهُ فِي جُمْلَةِ الأَخْيَارِ، وَوَفَّقَ مَنِ اجْتَبَاهُ مِنْ عَبِيْدِهِ فَجَعَلَهُ مِنَ الْأَبْرَارِ، وَبَصَّرَ مَنْ أَحَبَّه فَزَهَّدَهُمْ فِي هَذِهِ الدَّارِ، فَاجْتَهِدُوا فِي مَرْضَاتِهِ وَالتَّأَهُّبِ لِدَارِ الْقَرَارِ، وَاجْتِنَابِ مَا يُسْخِطُهُ وَالْحَذْرِ مِنْ عَذَابِ النَّارِ
وَأَشْهَدُ أَن لَا إِلَهَ إِلَّا اللهّ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مُوْقِنٍ بِتَوْحِيْدِهِ، مُسْتَجِيْرٍ بِحَسَنِ تَأْيِيْدِهِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدِنَا مُحَمَّداً عَبْدُهُ الْمُصْطَفَى، وَأَمِيْنُهُ الْمُجْتَبَي وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ إِلَى كَافَةِ الْوَرَى صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ مَصَابِيْحُ الدُّجَى، وَعَلَى أَصْحَابِهِ مَفَاتِيْحُ الْهُدَى، وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْراً
أَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ وَاعْبُدُوْهُ، وَقَالَ تَعَالَى: ﴿ قُلْ هُوَ اللَّهُ أَحَدٌ، اللَّهُ الصَّمَدُ، لَمْ يَلِدْ، وَلَمْ يُولَدْ، وَلَمْ يَكُنْ لَهُ كُفُواً أَحَدٌ ﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ
Hadirin sidang jumah rohimakumulloh
Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu kedah dikedalkeun ku urang sadayana di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji syukur ka Alloh. Dzat anu maha nyipta sareng ngatur sadaya alam.
Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang dugika waktos ieu pisan, terutami ni’mat taufiq sareng hidayah. Sahingga urang tiasa kempel di tempat anu mulya ieu dina raraga turut tumut kana salah sawios parentah-Na nyaeta solat jumah berjamaah.
Solawat sareng anu utama mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, yakne Kangjeng Nabi Muhammad Saw. anu diutus janten rohmat ka sadayana alam.
Solawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, sareng para tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana anu ngarep-ngarep syafaatna di yaomil jaza.
Hadirin sadayana
Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib bade wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka kadang wargi ahli jum’ah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya sinareng akherat.
Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga ngajalankeun paranteh Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia urang sadayana sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Alloh swt. dina sagala laku lampah di alam dunya dina raraga ibadah sareng ngabakti kanu Maha Kawasa kalih rosul-Na.
Hadirin kaom
Muslimin anu mulya Sakumaha dina wasiat nembe, saenya-enyana kahirupan urang salaku jalma mu’min di alam dunya eta sakadar darma ngajalankeun ibadah ka Nu Kawasa.
Karena memang eta nu jadi hikmah Alloh nyiptakeun jin jeung manusa, sakumaha pidawuh-Na:
وَما خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلاَّ لِيَعْبُدُونِ
Hartosna, “Teu pati-pati Kaula (Alloh) nyiptakeun jin jeung manusa anging keur ibadah ka Kaula,” (QS. Adz-Dzariyat [51]:56).
Ditafsirkeun ku Ibnu Abbas, lafadz “illa liya’budun” di eta ayat, nyaeta “illa li ya’rifun” hartosna, “kecuali keur ma’rifat ka kaula (Alloh).”
Naha, tina ibadah janten kana ma’rifat? Sabab, syaratna ibadah teh kedah ma’rifat heula. Moal dugi kana hakekat ibadah lamun teu acan makrifat ka dzat anu bade diibadahannana.
Ari hartosna ma’rifat nyaeta uninga, nekadkeun, sareng ngayakinkeun ka Alloh yen teu aya deui pangeran anu hak disembah atanapi diibadahan anging Alloh.
Ngayakinkeun di dieu ngandung harti nganafikeun patekadan anu sifatna satengah hate, ragu jeung mangmang ka Alloh.
Cohagna mah teu meunang kurang saeutik pun kayakinan ka Alloh mah. Kedah 100 persen. Teu tiasa ditawar deui. Kalayan eta ma’rifat teh loyog sareng kaayaan Alloh.
Memang teu aya deui pangeran anu sahiji, wujud, tur maujud, kawasa, jeung nu jadi tempat nyuhunkeun anging Alloh, sakumaha dawuhannana:
قُلْ هُوَ اللَّهُ أَحَدٌ، اللَّهُ الصَّمَدُ، لَمْ يَلِدْ، وَلَمْ يُولَدْ، وَلَمْ يَكُنْ لَهُ كُفُواً أَحَدٌ
Hartosna, “Dugikeun ku anjeun (Muhammad), yen Alloh teh maha tunggal, Alloh teh tempat gumantung, teu ngalahirkeun, jeung teu ngalahirkeun, jeung teu aya saurang pun anu nyarupaan ka Anjeunna,” (QS. al-Ikhlas [112]: 1-4).
Sabab, bisi aya kayakinan ka Alloh, tapi teu sesuai sareng kaayaan Alloh. Contona yakin yen Alloh gaduh turunan. Naudzu billah.
Sareng deui supaya pageuh cicing dina hate, eta ma’rifat teh kedah didasarkeun kana dalil atanapi burhan. Bukti wujudna Alloh salah sawiosna nyaeta ayana ciptaan-ciptaan-Nana.
Ayana langit, bumi, panonpoe, bentang, bulan, manusa, sasatoan sareng sejenna, eta teh jadi dalil anu nunjukkeun ayana Alloh.
Jadi prinsipna, iman teh kudu yakin 100 persen, loyog sareng kaayaan Alloh, oge didasarkeun kana dalil. Eta konci ma’rifat ka Alloh.
Hadirin rohimakumulloh
Tah ma’rifat anu sapertos kitu bakal lahir kaimanan anu pageuh dina hate. Ngan, kaimanan ka Alloh moal sampurna lamun teu cumpon kana syaratna.
Pang saeutikna syaratna iman ka Alloh teh, sakumaha diuningakeun ku Syekh Nawawi dina kitab Kasyifatus Saja, aya opat: Kahiji, syarat iman ka Alloh teh iman kana qudroh-Na. Nalika urang geus nganyatakeun diri iman ka Alloh, maka iman kana kawasana Alloh jadi perkara anu niscaya. Hartosna teu meuenang henteu.
Iman ka Alloh berarti sami sareng minuhan hate ku kayakinan kana kawasana Alloh. Ulah mangmang jeung hariwang kana kakawasaan Alloh.
Pertanyaannana, naha geuning lamun urang nyuhunkeun teu langsung dikabulkeun ku Alloh. Jawabanna sanes Alloh teu kawasa, ngan Alloh teu acan ngairodah atanapi ngersakeun.
Naha geuning jalma teu beunghar kabeh? Sanes Alloh teh kawasa ngabeungharkeun hamba-Na. Sanes Alloh teu kawasa ngabeungharkeun hamba-Na, nanging Alloh teu ngersakeun.
Justru Alloh teu ngabeungharkeun sadaya hamba-Na teh mangrupikeun hikmah sareng kaadilan-Nana. Bayangkeun lamun sadaya jalma baleunghar kabeh, naha rek silih butuhkeun kumaha, saha anu bade anu buburuh, saha anu rek kuli kanu beunghar, jeung sajabana.
Sidang jumah anu mulya
Kadua, syaratna iman ka Alloh teh nyaeta iman kana qadarna Alloh. Hartosna, iman kana perkara-perkara anu tos diukur, tur ditangtangtoskeun ku Alloh. Naon wae anu tos diukur sareng ditangtoskeun ku Alloh?
Salah sawiosna nyaeta jodo, pati bagja, cilaka manusa. Sadayana tos dicitak ku Alloh. Nyakitu deui milik sareng rezeki.
Hartosna, lain urang kedah cicing sabab rezeki tos ditangtukeun, nanging urang kedah syukur kana jatah rezeki ti Alloh saatosna urang nyampurkeun sareng ngamaksimalkeun ikhtiar.
Katilu, syaratna iman ka Alloh teh pasrah tumamprak ka Alloh. Hartosna, nalika urang tos nganyatakeun diri iman ka Alloh, maka urang kedah sumerah ka Alloh, ngarasa diri sasampiran, awak sasampayan, umur ukur gagaduhan, sarengkang saparipolah, urang teu ngaboga-boga.
Kalimat: Lahaula wala quwwata lain ukur babasaan, tapi estu jadi kanyataan. Teu daya jeung teu aya kakuatan, anging kersaning sareng pitulung Alloh.
Hadirin sadayana Terakhir, syaratna iman ka Alloh teh nyaeta, sapapaosna nyuhunkeun pitulung sareng sagala rupina ka Alloh. Saatosna urang ngawungkul ibadah ka Alloh, maka saterasna nyuhunkeun pitulung sareng panangtayungan wungkul ka Alloh.
Nalika urang ngadu’a sareng ikhtiar, maka eta samata-mata jalan sareng ngajalankeun parentah Alloh, sabab anu nangtoskeun sareng anu masihan pitulung anu saestuna teu aya deui nyaeta Alloh.
Tah kitu saleresna hakekat ma’rifat sareng kaimanan. Salajengna, eta kaimanan kedah diwujudkeun dina amaliah sapopoe, sabab iman lain tiba ukur ucapan sareng kayakinan, tapi oge perbuatan.
Sidang jumah rohimakumulloh Ku sabab kitu, para ulama tos ngadamel hiji ukuran, lamun aya jalma daek iman dina hate jeung ucapan hungkul, maka eta disebut jalma fasek.
Salajengna, lamun aya jalma anu iman dina ucapan jeung dina perbuatan hungkul, maka eta jalma anu munafek. Matak hayu urang wujudkeun kaimanan oge kama’rifatan urang ka Alloh dina perbuatan anu nyata, nyaeta ibadah tea, sakumaha anu janten janten hikmah tina diciptakeunnana urang ku Alloh.
وَما خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلاَّ لِيَعْبُدُونِ
Mugia urang dipaparinan kaimanan sareng kama’rifatan anu kiat ku Alloh, sahingga tiasa leres-leres kumaula sareng ibadah ka Mantenna.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ
***
Baca juga: Link PDF Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Palestina Terbaru dan Penuh Makna
Baca juga: Materi Khutbah Jumat Tema Hari Sumpah Pemuda 2023, Penuh Semangat dan Link File PDF
Baca juga: LINK PDF Teks Khutbah Terakhir Rasulallah SAW di Arafah, Terkandung Makna dan Pesan Mendalam
Baca artikel dan berita Tribun Sumsel lainnya langsung dari google news
Doa Sujud Sahwi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahan Indonesia |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Bacaan Surat Yasin Latin Mudah Dibaca Lengkap Artinya PDF, Ayat 1- 83 |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Tentang Hari Kemerdekaan, Tersedia File PDF |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.