Seputar Islam

2 Naskah Khutbah Sholat Jumat Singkat Bahasa Sunda Lengkap Penuh Nasehat dan Ajakan Berbuat Kebaikan

Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan.

Penulis: M Fadli Dian Nugraha | Editor: Novaldi Hibaturrahman
scribd.com
Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan. 

TRIBUNSUMSEL.COM-Berikut ini merupakan Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda.

Kumpulan khutbah jumat bahasa sunda dapat anda bagikan kepada teman, sahabat hingga saudara yang bisa berbicara bahasa sunda.

Inilah Kumpulan Khutbah Jumat menggunakan Bahasa Sunda, dilansir scribd.com.

Baca juga: Contoh Teks Khutbah Jumat Edisi Rabiul Awal 22 September 2023 dalam Bahasa Jawa Singkat Penuh Makna

Khutbah Jumat Bahasa Sunda 1

Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan.

Sabab kalayan qudrat sareng iradatna, alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan umur dugika dinten iyeu, nyaeta dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng
ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman.

Henteu aya anu langkung pantes dina kasempatan Jum'at ieu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na.

Para Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah

Satiap jalmi tangtosna pasti ngagaduhan kahayang, ngagaduhan cita-cita jeung rencana. Nanging henteu satiap kahayang, satiap cita-cita, jeung henteu satiap rencana urang tiasa kahontal ku urang. Terkadang urang mikahayang hiji perkara anu menurut urang sae, tapi ternyata anu datangna perkara anu lain, anu ku urang teu dipikaresep.

Lebah dieu urang ditungtut kudu sadar bahwa eta mangrupikeun salah sahiji ujian ti Allah SWT. Jeung urang kedah uninga, bahwa henteu satiap anu dipikahayang ku urang selalu sae dina pandangan Alloh SWT, mungkin wae bakal ngajadikeun kacilakaan atawa ngajadikeun kamadlorotan ka diri urang. Mungkin wae perkara anu datang ka urang bari.

Henteu dipikaresep, eta leuwih hade keur urang mungguh Alloh. Allah langkung uninga kana naon anu dibutuhkeun ku urang dina satiap waktu, nyaeta anu ku Alloh dipasihkeun ka urang. QS Al-Baqoroh; 216 : Boleh jadi kamu membenci sesuatu, padahal ia amat baik bagimu, dan boleh jadi (pula) kamu menyukai sesuatu, padahal ia amat buruk bagimu; Allah mengetahui, sedang kamu tidak mengetahui.

Jadi dimana hiji waktu urang ngusahakeun hiji perkara, terus dibarengan ku ngadoa ka Alloh, bari dibarengan ku kayakinan yen Alloh bakal ngabulkeun kana doa urang, tapi anu datang ternyata henteu sesuai jeung anu dipenta ku urang. Eta lain harti Alloh henteu ngabulkeun, tapi Alloh ningali kana naon anu sabenerna dibutuhkeun ku urang.

Contona lamun urang nyaah ka anak, sagala anu diusahakeun ku urang eta pasti keur kapentingan anak, sedengkeun anak the umurna karek 5 taun, lamun eta anak menta duit keur jajan 10,000 pasti moal dibere sanajan aya. Tapi dimana eta anak geus manjing umur 17 taun, tong boro 10,000, menta 100,000 ge dibikeun. eta sababna urang sebagai kolot ngabogaanalesan anu teu kudu dibejakeun ka anak.

Nyakitu deui Alloh oge ngagaduhan rahasia anu urang henteu apal, naon sababna Alloh henteu masihan naon anu dipenta ku urang.

QS. Al Mulk ; 14 : اَلَا يَعۡلَمُ مَنۡ خَلَقَؕ وَهُوَ اللَّطِيۡفُ الۡخَبِيۡرُ

Apakah Allah Yang menciptakan itu tidak mengetahui ? dan Dia Maha Halus lagi Maha Mengetahui?

Tapi terkadang urang sebagai manusa sok berburuk sangka ka Alloh, naha beut kiyeu, naha beut kitu ?, menta senang malah susah, menta naek gajih malah dipecat, menta naek jabatan malah turun, menta kakayaan malah jadi miskin. Eta mangrupakeun salah sahiji ujian kaimanan keur satiap jalma

QS. Al ankabut; 2 : اَحَسِبَ النَّاسُ اَنۡ يُّتۡرَكُوۡۤا اَنۡ يَّقُوۡلُوۡۤا اٰمَنَّا وَهُمۡ لَا يُفۡتَـنُوۡنَ

Apakah manusia itu mengira bahwa mereka dibiarkan (saja) mengatakan: "Kami telah beriman", sedang mereka tidak diuji lagi? Jadi dimana hiji jalma menta kebaikan keur dirina, terkadang eta jalma sok diuji heula ku Alloh, nyakitu deui dimana hiji jalma dek ditingkatkeun darajatna ku Alloh, maka eta jalma bakal diuji heula ku mangrupa-rupa bentuk ujian. naha eta jalma the bakal tetep kuat dina iman ka Alloh, atawa bakal melemah, naha tetep bakal menta ka Alloh atawa bakal putus asa jeung euren ngadoana ? Maka sing saha jalma anu lulus tina ujian, eta jalma bakal ditingkatkeun darajatna Henteu saeutik jalma anu tadina rajin sholat, leket ka masjid, rajin ibadah, tiba-tiba jadi ngedul, ninggalkeun sholat jeung ninggalkneun ibadah.

Eta tandana jalma henteu lulus tina ujian. Maka dimana henteu lulus tina ujian, moal naek kelas, nyakitu deui darajatna tetep didinya. Dawuhan Rasululloh Sesungguhnya besarnya pahala tergantung dengan besarnya ujian. sesungguhnya, apabila Allah mencintai suatu kaum, maka Dia mengujinya. Siapa yang ridha dengan ujian itu, maka ia akan mendapatkan keridhaan-Nya. Siapa yang membenci ujian itu, maka ia akan mendapatkan kemurkaan-Nya. (HR. Tirmidzi dan Ibnu Majah)

Para Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah

Ari ujian Alloh teh sanes ngan saukur musibah wungkul tapi seueur pisan bentukna, tiasa wae gering ku panyakit, kasusahan, kacilakaan, Kamiskinan, pangkat, jabatan, kapingpinan, kakuasaan, popularitas, bahkan kakayaan jeung kasenangan oge mangrupikeun ujian, Abdurrahman bin Auf kantos ngagambarkeun beuratna ujian anu ngajadikeun seueur jalmi henteu lulus tina eta ujian, Kami diuji dengan kesusahan-kesusahan (ketika) bersama Rasulullah SAW dan kami dapat bersabar.

Kemudian kami diuji dengan kesenangan-kesenangan setelah beliau wafat, dan kami pun tidak dapat bersabar. (HR. Tirmidzi)
Dumasar eta hadits, tiasa ku urang kauninga, bahwa ternyata kakayaan jeung kasenangan teh sanes ukuran hiji jalma dimuliakeun ku Alloh, tapi mangrupikeun ujian keur eta jalma. Naha eta jalma teh tambah getol ibadahna atanapi jadi ngedul ? Henteu sauetik jalma anu nalika diuji ku kamiskinan, eta jalma bisa sabar.

Tapi sawaktu dibere kakayaan jeung kasenangan, eta jalma poho ka Alloh. Singkatna naon wae anu perkara menimpa ka jalma muslim, dipikaresep atawa teu dipikaresep, senang atawa susah, boh kakayaan atawa kamiskinan, eta sadayana mangrupikeun ujian ti Alloh. jeung aya anu lulus aya nu henteu.

Para Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah

Selain sebagai ujian dimana urang ditimpa kasusahan jeung kasulitan bertubi-tubi, bari terus-terusan dina waktu anu panjang, urang oge perlu muhasabah, ngaji kana diri bilih aya hiji dosa anu ngajadikeun doa-doa urang henteu diijabah ku Alloh, diantawisna 10 dosa besar anu ngajadikeun jalma susah;

1. Dosa Syirik, nyaeta menyekutukan Alloh
2. Ninggalkeun kawajiban Shalat
3. Durhaka ka indung bapa
4. Zina
5. Rizqi anu Haram atanapi Nuang katuangan anu diharamkeun
6. Mabok atanapi minum khamar / minuman keras
7. Megatkeun Silaturrahim, diantawisna goreng jeung dulur, goreng jeung tatangga jeung
sajabina.
8. Bohong atanapi kasaksian palsu atanapi Sumpah Palsu atanapi janji palsu sapertos Nadzar
anu teu dilaksanakeun sareng sajabina
9. Kikir atanapi pelit, tara ngaluarkeun zakat jeung sedekah
10. Ghibah atanapi ngomongkeun kagorengan batur

Tah eta rupina 10 dosa besar anu ku urang kudu dijadikeun muhasabah dina diri urang. Terkadang jalmi terhindar tina sebagian dosa anu tadi, tapi henteu terhindar tinu lainna, sahingga eta jalma doana henteu ditarima ku Alloh. Maka eta jalma kudu tobat ka Alloh ku Taubatan nasuha, nyaeta tobat anu bener-bener kaduhung jeung moal ngalakukeun deui eta dosa.
Tapi lamun urang henteu rumasa ngalakukeun 10 dosa besar anu tadi, tapi urang masih keneh aya dina kasusahan, eta hartosna urang keur diuji. Maka kudu dihadapi kalayan sabar jeung pasrah diri.

QS Al-Baqoroh; 45 : اُتْلُ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنَ الْكِتٰبِ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَۗ اِنَّ الصَّلٰوةَ تَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ ۗوَلَذِكْرُ اللّٰهِ اَكْبَرُ ۗوَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْ

Jadikanlah sabar dan shalat sebagai penolongmu. Dan sesungguhnya yang demikian itu sungguh berat, kecuali bagi orang-orang yang khusyu' Ujian itu akan selalu menimpa seorang hamba sampai Allah membiarkannya berjalan di atas bumi dengan tidak memiliki dosa. (HR. Tirmidzi dan An-Nasai)

Mudah-mudahan urang salamina terhindar tina rupi-rupi dosa besar anu ngajadikeun hirup urang aya dina kasusahan, jeung doa urang henteu ditarima ku Alloh, jeung mudahmudahan urang dipaparinan kakiatan sareng kasabaran dina narima ujian ti Alloh SWT. Aamiin.

Lengkap Khutbah Jumat
Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan.
Lengkap Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan.

Khutbah Jumat Bahasa Sunda 2

Baca juga: 15 Quotes Bijak Selamat Hari Jumat dalam Bahasa Inggris dan Arti, Thanks God Its Friday TGIF

Khutbah Jumat Bahasa Sunda

Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan.

Sidang jumat rohimakumullah.
Saba’da manjatkeun fuji miwa syukur ka Allah azja wajala. Dzat anu maha murah sareng maha asih, dzat anu maha ngamudahkeun sagala rupi urusan hamba-hamba-NA Henteu hilap sholawat miwa salam mugia salamina tumeteup ka jungjunan urang sadaya, habibana, wanabiyana Muhammad SAW, Ka keluarga-Na, ka sahabat-Sahabat-NA, Ka para tabi’in, tabi’ut tabi’in nu insya Allah dugi ka urang sadaya salaku umat-NA Salajeungna.

Khotib wasiat khususna kanggo khotib pribadi umum na ka kaum muslimin anu aya di ieu majlis “hayu urang sami-sami taqwa ka Allah Azja wa jalla, kalayan taqwa nu saenya-enyana jeung dimana wae urang ayana. Nu diwujudkeun ku ngalaksanakeun naon wae anu tos diparentahkeun ku Allah, sareng ngajauhan naon wae anu tos dicegah ku Allah Azja wa jalla. Margi mung ku taqwa nu jadi jalan kasalametan hirup didunia rauh di akhirat.

Sidang jum’at rohimakumullah

Aya hiji ungkapan bahasa Arab “Al insaanu mahalul khotho wa nisyan”. Ari manusa teh tempatna salah jeung poho. Terkadang urang salaku manusa dina ngalakonan kahirupan sadidinteun sok kabengbat ku amisna papaes dunya anu menipu, sahingga urang poho kana naon tujuan awal diciptakeuna urang sadaya.

Mangga perhatoskeun QS Adz dzariat ayat 56, Didinya Allah SWT dadawuh

وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْاِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ

Jeung teu pati-pati kami nyiptakeun jin jeung manusa kajaba pikeun ibadah ka kami. Kumargi kitu, tos janteun kawajiban urang sadaya salaku papada muslim pikeun silih elingan, silih wasiatan dina kabeneran. Hayu atuh urang manfaatkeun waktu di alam dunia anu sakedeng ieu, teu aya sanes nyaeta pikeun ibadah ka Allah Azja wa jalla.

Tekad ucap urang, pola fikir urang, tingkah polah urang sadaya ti ngawitan gugah kulem dugi ka bade kuleum deui. teu aya saneh ditujukeun pikeun ikhlas ibadah karena allah SWT jeung mihareup kana ridhona Allah SWT.


Dina hadist qudsi disebatkeun. Nu hadistna katampi ti Abu Hurairah RA, Saenyana Rasulullah SAW
sasanggeum:


Qoolal laahu ta’aala (dadawuh Allah Ta’aala) Yaa ibnu aadam (hai anak adam) tafarrogh li’ibaadatii ( tekunlah ibadah ka kami) amla’ shodroka ghinan ( niscaya bakal kami pinuhan dada anjeun ku kabengharan) wa asudda faqroka ( jeung bakal kami tutupan kafaqiran anjeun) wa in laa taf’al (jeung lamun anjeun teu migawena/ tegesna jeung lamun anjeun teu ibadah ka kami) mala’tu Shodroka syughlan ( niscaya bakal kami pinuhan dada anjeun ku kasibukan) wa lam asudda faqroka ( jeung kami moal nutupan kafaqiran anjeun)
HR AT -Tirmidzi sareng ibnu majah.

Sidang jumat rohimakumullah

Waktu dina sadinteun sawengi sabaraha jam anu digunakeun pikeun ibadah? Upami dileunyeupan ku urang sadaya waktu sadinyeun sawengi nu 24 jam ieu langkung seeur keneh digunakeun pikeun digawe,langkung seeur keneh dianggo pikeun kulem tibatan waktu anu dianggo pikeun ibadahna.

Waktu nu dipake digawe atanapi aktivitas rutinitas sadidinteun anu sejena, tiasa nyeepkeun waktu 8 sampai 10 jam, atau bahkan tiasa lebih. Kulem bisa sampai 6 dugi ka 8 jam sadinteun. Atau bahkan bisa lebih.

Lajeung sabaraha jam anu dianggo ibadah?

Memang leres ! Digawe atanapi kasab neangan kipayah pikeun nganafkahan kaluarga bisa jadi ibadah, ka sakola bisa jadi ibadah, ka pasar bisa jadi ibadah, ka sawah bisa jadi ibadah, ngalakukeun aktivitas rutinitas sadidinteun nu sejena oge bisa jadi ibadah. Tapi nu kumaha nu disebat ibadah teh? ari ibadah numutkeun ulama teh nyaeta:

Kumargi kitu: naha urang sadaya dina satiap bade didamel atanapi ngalakukeun aktivitas nu sejena parantos diniatan ibadah ikhlas karana Allah, lajeung ngucapkeun Bismillah nalika bade ngawitana, lajeung sapanjang ngalakukeun aktivitas eta urang nyandak nilai-nilai kataqwaan ka allah SWT? Nu aktivitas na dipasar, pami diniatan ibadah, insya allah manehna moal licik ngurangan timbangan.

Moal ngucapkeun sumpah sumpah palsu sangkan payu dagangana. Nu aktivitasna disawah pami diniatan ibadah. Insya allah moal wani berbuat dzolim ka batur. Nu aktivitasna di kantor, di instansi atanapi di lembaga mana wae, pami diniatan ibadah, insya allah manehna bakal nyumponan kawajibana kalawan sungguh-sungguh, jeung manehna moal wani nyandak sakedik wae oge barang anu lain hakna.

Lantaran maranehna ngarasa terus diponcongok ku Allah, sahingga sieun upami ngalakukeun padameulan padameulan anu henteu dipikaridho ku allah jeung bakal ngundang murkana Allah SWT.

Sidang jumat rohimakumullah

Upami teu acan kitu !, lajeung iraha atuh urang ibadahna?. Aya anu beranggapan, AHH ibadah mah cukup we sholat hungkul. Sabab cenah sholat teh hiji amalan wajib anu gede pahalana, jeung bakal pang payuna dihisab ku Allah SWT.

Naha beut ngarasa cukup ibadah teh ngan ku sholat hungkul? pernah teu urang ngemut. Kumaha mun sakabeuh sholat urang teu ditampi ku Allah SWT lantaran urang lalai dina sholatna? lajeung sabaraha loba urang sholat rurusuhan sahingga teu aya kahusuan jeung teu puguh bacaana?. Sabaraha kali urang ninggalkeun sholat nu lima waktu lantaran sibuk ku urusan dunia?

Sidang Jumat rohimakumullah

Waktu sholat nu lima waktu dina sadinten sawengi, upami diakumulasikeun jeung jatah umur urang sadaya dialam dunia. Jumlahna teu nyampai saparapat-parapatna na acan tina jatah umur urang. Mangga we urang sami-sami etang. Sadinteun sawengi aya lima waktu sholat. dina satiap waktu sholat urang nyeepkeun waktu antara 10 sampai ka 15 menit. berarti dina sadinteun sawengi waktu nu dipake pikeun sholat kurang lebih ngan sajam.

Upami rata-rata umur manusa di alam dunia teh 65 tahun. dipotong ku usia baligh 15 tahun sisana 50 tahun. waktu anu dipake sholat dina sadinteun sawengi sajam dikalikeun salama 50 tahun. jumlahna kurang lebih ngan 2 tahun.

Berarti salama 50 tahun dialam dunia, waktu anu dipake pikeun sholatna mah kurang lebih mung 2 tahun. langkung seeur keneh waktu anu dianggo pikeun kulem. 8 jam sapoe di kali salama lima puluh tahun. hasilna kurang lebih 17 tahun waktu anu dianggo pikeun kulem. Berarti sapertiluna tina jatah hirup urang dialam dunia dipake pikeun kulem. Matak rugi pami tea mah waktu urang dialam dunia ieu ngan dilobakeun pikeun kulem. sabab engke urang bakal kulem salamalamana ninggalkeun alam dunia

Sidang jumat Rohimakumullah

Tina salama lima puluh tahun dialam dunia, 2 tahun waktu anu dipake sholatna. Eta oge belum tentu sholatna bermakna, berpahala, jeung ditampi ku allah SWT.

Upami tea mah sholatna berpahala. Rasa rasana teu sabanding jeung perbuatan dosa-dosa anu dilakukeun salama lima puluh tahun, saperti halna, dina ucap sok aya bohong, aya janji anu sulaya, aya amanat anu khianat, jeung kadzoliman kadzoliman anu sejena deui. maka lain hiji hal anu teu mungkin, urang salaku umat diakhir zaman. bakal minuhan naraka sebagai balasan tina kalalaian urang sadaya. Dina surat al ma’un Allah dadawuh

Dina tafsir ibnu katsir. Numutkeun ibnu abbas nu disebat fawailul lilmushollin teh nyaeta sholatna jalma-jalma munafiq. Kumaha atuh ari ciri sholatna jalma munafiq
Allah dadawuh dina qs an-nisa ayat 142

Lajeung upami numutkeun Ata ibnu dinar, nu dimaksad lalai dina sholatna teh nyaeta:

1. maranehna anu nunaikeun sholatna lain diawal waktu, tapi nangguhkeun sampai ka akhir waktu secara tuluy tuluyan jeung geus jadi kabiasaan.
2. maranehna anu nunaikeun sholatna henteu memenuhi rukun jeung syaratna sesuai anu tos diparentahkeun
3. maranehna anu dina sholatna henteu aya kahusuan jeung henteu ngarenungkeun kana maknana sholat.
maka saur anjeuna sholatna nu kitu teh dikelompokeun sebagai sholatna jalma munafiq. Dina kitab shohihain Rasulullah Saw kantos sasanggeum:

Tuh eta teh sholatna jalma munafiq. 3x. Manehna diuk nungguan panon poe, sahingga dimanamana panon poe geus aya diantara dua tanduk syetan (yakni bakal titeuleum) manehna nantung pikeun sholat jeung matukan saloba 4 kali (dina hartos sholatna gancang) laa yadzkurul laahu fiihaa illa qoliilan ( manehna teu nyebut allah dina sholatna kecuali ngan saetik pisan) Hal ieu mangrupikeun gambaran sholat ashar diakhir waktu.

Manehna sholat bari gagancangan saperti manuk anu ker matukan kadaharana. Sholatna teu aya dina tumaninah jeung kakhusyuan. Maka dikecam ku Rasullah SAW sholatna jalma nu kitu teu nyeubat2 nami allah dina sholat melainkan mung hanya sakedik pisan.

Lengkap Khutbah Jumat Untuk Bahasa Sunda
Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda lengkap untuk dibagikan.

Baca juga: Bacaan Doa Saat Iman Lemah dan Ragu, Amantu Billahi Wa Rusulihi Huwal Awwalu Walakhiru, Berikut Arti

Itulah 2 naskah khutbah Jumat singkat dalam bahasa Sunda yang penuh nasihat dan ajakan berbuat kebaikan.

Baca artikel dan berita lainnya langsung dari google news  

Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved