Seputar Islam
Contoh Materi Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda 25 Agustus 2023, Mudah Dipahami dan Penuh Makna
Berikut contoh materi khutbah Jumat singkat dalam bahasa Sunda, edisi 25 Agustus 2023, Khidmat dan penuh makna untuk para jamaah.
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
Para hadirin sadaya,
Saparantosna seep waktu umur dunya, bakal dongkap kiamah. Nya eta runtagna ieu jagat ku tiupan songsong Malaikat Isrofil nepi ka sadaya mahluk ancur.
Saparantos opat puluh taun ti harita, Allah marentahkeun deui Malaikat Isrofil geusan niup songsong anu kadua kali, pikeun ngahirupkeun sadaya mahluk geusan meunang pangwalesan amalna ti Gusti Allah.
Dawuhan Gusti Allah:
اَلْيَوْمَ تُجْزَىكُلُّ نَفْسٍابِمَالَسَبَتْ.
Hartosna: "Dina poe ieu bakal diwales sakur jiwa nurutkeun pagaweanana"
Sareng dawuhan-Na:
فَمَنْ يَعْمَل مِثْقَالَ ذَرَةٍخَيْرَايَرَهُ وَمَنْ يَعمَل مِسْقَالَ ذَرَّةٍشَرًّايَرَهُ.
Hartosna: "Sing saha jalma anu migawe kahadean sanajan sagede kebul, tangtu manehna nenjo (nurima) kana akibatns (ganjaranana) Jeung saha jalma anu migawe ka gorengan sanajan sagede kebul, tangtu bakal nenjo (narima) kana siksaanana."
Para hadirin sadaya,
Tah ku margi kitu, sing saha anu mikanyaah kana dirina sangkan ulah kenging siksaan ti Gusti Allah malah kenging ganjar anana, mangga urang ngaronjatkeun amal ibadah urang.
Upama henteu nyaah kana dirina, eta mah teu langkung teuing, tangtos engkena ngaraos hanjakal di aherat.
Namung urang sadaya kedah emut yen kaduhung teh tara ti heula, salamina sok pandeuri. Tibatan urang kaduhung di aherat, langkung sae maksakeun diri kana ibadah ayeuna, da henteu matak ngurangan kana usaha, malah sawangsulna, matak janten berekah.
Nya kitu deui ku ngalakonan kana ajaran Islam teh sihoreng matak ngamajengkeun kana pangwangunan dina sagala widang, sanes matak mundur. Ku margi kitu pidawuh K Nabi oge kapan,
"Dinul-Islam ya'lu wala yu'la 'alach, Hartosna Agama Islam teh luhur henteu aya anu ngaluhuran". Upami agama luhur darajatna, tinangtu anu ngalakonana oge janten luhur darajatna.
باَرَكَ اللَّهُ لِى وَلَكُمْ بِالاْاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَووَتَهُ اِنَّهُ هُوَاللسَّمِيْعُ الْعَلِمُ وَقُل رَبِّ اغْفِرْوَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُالرَّحِمِيْنَ.
***
Baca juga: Teks Khutbah Jumat Singkat Bulan Safar 25 Agustus 2023 dalam Bahasa Sunda, Tersedia File PDF
Baca juga: Contoh Naskah Khutbah Jumat Singkat 25 Agustus 2023, Mudah Dipahami Tersedia File PDF
Baca juga: Arti Taklimat dan Maklumat, Dua Kata Serapan dari Bahasa Arab, Banyak Dipakai Lembaga dan Instansi
Baca artikel dan berita lainnya langsung dari google news
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Materi Khutbah Jumat 2023
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
Materi Khutbah Jumat Maulid Nabi Muhammad SAW Edisi 29 Agustus 2025, Khidmat dan Ada PDF Disini |
![]() |
---|
Teks Doa Sebelum dan Sesudah Baca Al Quran, Lengkap Tulisan Latin Serta Artinya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Ketenangan Hati Serta Pikiran, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Pagi dan Sore Hari untuk Dirutinkan Setiap Hari, Tulisan Arab, Latin, dan Arti |
![]() |
---|
8 Contoh Kalimat Berita Duka dan Ucapan Duka Cita Islam untuk Orang yang Meninggal Dunia |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.