Seputar Islam
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru 3 Oktober 2025, Pilihan Terbaik dan Penuh Makna
Berikut adalah sajian selengkapnya untuk materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda edisi 3 Oktober 2025 yang berkesan dan penuh makna untuk bagikan pada Jama
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Sagigireun ti eta, sacara khusus ngaraksa sholat tiasa ditingal tina segi waktu, tempat sareng carana. Patali sareng waktu, ngajagi waktu sholat teh mangrupikeun hal anu utama. Aya sababaraha hadits anu nguningakeun hal eta, di antawisna, hadits riwayat Al-Baihaqi:
أَوَّلُ الْوَقْتِ رِضْوَانُ اللهِ
Hartosna, “Awal waktu teh karidhoan Allah.”
Sementawis hadits sanes nyebatkeun nalika kangjeng Rosul ditaros, “Amal naon anu paling utama?” Mantenna ngawaler:
الصَّلَاةُ فِي أَوَّلِ وَقْتِهَا
Hartosna, “Sholat dina awal waktuna,” (HR. Al-Baihaqi). Walhasil, di antawis cara ngaraksa sholat teh nyaeta ngaraksa waktuna. Diutamakeun dina awal waktu teh nalika teu aya uzur anu ngahalangan.
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh Ngaraksa sholat anu kadua nyaeta ngaraksa tina arah tempatna. Sakumaha anu ku urang kauninga, tempat anu paling utama kanggo ngalaksanakeun sholat teh, terutami pameget, nyaeta masjid. Kautamaannana oge parantos masyhur dina sababaraha hadits, di antawisna:
إِنَّ أَحَدَكُمْ إِذَا تَوَضَّأَ فَأَحْسَنَ الْوُضُوءَ، ثُمَّ أَتَى الْمَسْجِدَ، لَا يُرِيدُ إِلَّا الصَّلَاةَ، ولَا يَنْهَزُهُ إِلَّا الصَّلَاةُ، لَمْ يَخْطُ خَطْوَةً إِلَّا رُفِعَ لَهُ بِهَا دَرَجَةٌ، وَحُطَّ بِهَا عَنْهُ خَطِيئَةٌ، حَتَّى يَدْخُلَ الْمَسْجِدَ
Hartosna, “Saenya-enyana nalika salah sawios aranjeun wudhu teras ngahade-hade wudhuna lajeng lebet ka masjid, teu aya anu diharepkeun anging sholat, teu aya anu ngadorong anging sholat, maka teu pati-pati anjeunna ngalengkah hiji lengkah kecuali diangkat hiji derajat, dihapus hiji kasalahan, dugika anjeuna lebet ka masjid,” (HR. Ahmad).
Malihan lajengan eta hadits nguningakeun, salami urang aya di masjid sareng ngalakonan sholat, sarta teu ngalih tempat sholat, teu batal oge teu nyarioskeun nu sanes, maka para malaikat bakal ngadu’akeun eta jalmi:
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لَهُ، اَللَّهُمَّ ارْحَمْهُ، اَللَّهُمَّ تُبْ عَلَيْهِ
Hartosna, “Ya Alloh, paparin panghampura anjeunna, paparin rohmat anjeunna, oge tampi tobat anjeunna!”
Luyu sareng hadits eta, jalmi anu sapapaosna sholat di masjid oge ngama’murkeun masjid bakal digolongkeun ku Allah kana golongan jalma anu iman sareng taat ka Mantenna, sakumaha dina Al-Quran:
اِنَّمَا يَعْمُرُ مَسٰجِدَ اللّٰهِ مَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَاَقَامَ الصَّلٰوةَ وَاٰتَى الزَّكٰوةَ وَلَمْ يَخْشَ اِلَّا اللّٰهَۗ
Hartosna, “Saenya-enyana anu (pantes) ngama’murkeun masjid-masjid Alloh ukur jalma anu iman ka Alloh sareng Poe Akhir, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, sarta teu sieun (ka sasaha) salian ti ka Alloh,” (QS. At-Taubah [9]: 18).
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh Terakhir, urang ngaraksa sholat tina cara ngalakonannana, nyaeta berjamaah. Shalat berjamaah memang tiasa wae dilakonan di bumi, nanging anu langkung utamina mah di masjid. Kalintang masyhur hadits anu nguningakeun kautamaannana, di antawisna hadits:
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Oktober 2025 Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Memaknai Pepatah Banyak Anak Banyak Rezeki dalam Pandangan Islam, Lengkap Dalil Alquran dan Hadits |
![]() |
---|
Panduan Cara Memilih Travel Umroh Agar tidak Tertipu dan Dapat Beribadah Sesuai Syariah |
![]() |
---|
Allahummaghfirli Watub Alayya Innaka Antat Tawwaburrahim, Tulisan Arab & Arti, Manfaat Dibaca 100x |
![]() |
---|
Doa Memohon Ampunan Untuk Orang yang Sudah Meninggal, Teks Arab, Latin dan Terjemah |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.