Seputar Islam

Contoh Naskah Khutbah Jumat Bulan Ramadhan Edisi 5 April 2024 Bahasa Sunda, Berkesan dan Ada PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Contoh Naskah Khutbah Jumat Bulan Ramadhan Edisi 5 April 2024 Bahasa Sunda, Berkesan dan Ada PDF

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini merupakan contoh Naskah Khutbah Jumat tentang Ramadhan edisi 5 April 2024 yang penuh makna dan berkesan dalam Bahasa Sunda.

Adapun akan disediakan pula dalam format PDF yang bisa di unduh melalui tautan dibawah ini.

____

Khutbah Jumat: "Hakekat Na Ibadah Puasa"

Khutbah I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوا االلهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ, وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى .

Hadirin jamaah jum’ah Rahimakumullah

Hadirin sadayana, Tiap manungsa pasti ngabogaan hawa nafsu. Jeung ari hakekat puasa teh nyaeta ngendalikeun hawa nafsu, lain maehan hawa nafsu. Cohagna mah, ngendalikeun hawa nafsu eta konci utama dina ibadah puasa.

Di antara na nafsu anu tilu, nyaeta nafsu muthma’innah, lawwamah, jeung ammarah. Nafsu muthma’innah nyaeta nafsu anu ngajak kana kasaean, syukur nalika urang meunang ni’mat, jeung ngajak sabar nalika urang dipaparin cocoba. Nafsu lawwamah nyaeta nafsu anu nyalahkeun/hanjakal urang nalika migawe salah jeung dosa.

Teras nafsu ammarah nyaeta nafsu anu sok marentah urang kana migawe goreng. Tegesna, eta sadayana nafsu teh, terutama nafsu amarah, kedah dikendalikeun ku urang, sanes justru urang anu dikendalikeun nafsu.

Sabab hiji waktu mah urang butuh ku nafsu, contona nafsu barang dahar supaya jadi sabab kuatna awak urang, nafsu syahwat kanu janten bojo urang supaya jadi sabab lahirna turunan urang, jeung sajabana.

Tah ibadah puasa teh jadi salah sahiji cara keur urang ngendalikeun hawa nafsu. Nafsu nu awalna bisa dicumponan kahayangna nalika di luar bulan puasa, dina bulan puasa mah wayahna ditahan heula.

Contona nafsu barang dahar ti beurang, jeung nafsu jimak/sapatemon jeung bojo urang. Jeung nalika dicumponannana oge ulah dianteur sakahayangna. Sabab urang teh puasa tea.

Puasa hartina nahan perkara anu asalna halal dipigawe ti beurang, komo lamun anu teu halal mah. Leuwih ti batas mah lain meunang kautamaan, tapi malah meunang karugian.

Hadirin jamaah jum’ah anu sami mulya.

Sanes kanten ti eta, puasa urang teh ulah ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat larangan hungkul, tapi kudu di tingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu sanesna. Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun ibadah puasa oge pahala ibadah puasa.

Kalolobaannana urang karek tiasa ningalkeun perkara anu ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur Kangjeng Nabi tea mah, tapi hikmah jeung faedah puasa anu saenyana teu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:

كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالعَطْشُ

Hartosna : “Seueur pisan jalmi anu puasa, tapi teu kenging bagean nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)

Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi puasa jeung anggota badan anu sanesna, saperti lisan puasa tina ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu teu halal, kuping puasa tina ngupingkeun perkara anu teu bermakna, panangan puasa tina midamel perkara anu dilarang, sampean puasa tina ngalengkah anu teu dipikarido ku Allah, sareng sajabina. Margi, Kangjeng Rasul sasauran, moal ditarima puasa jalmi anu tetep teu ninggalkeun pagawaean gorengna.

مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّوْرِ والعَمَلَ بهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طعَامَهُ وشَرَابَهُ

Hartosna: “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan dosa, maka Allah moal narima puasana dina nahan dahar jeung nginum.” (HR .al Bukhori).

Eta puasa teh nembe kagolongkeun puasa pancadria jeung anggota dzohir. Kalih ti eta, urang sadayana kedah ningkatkeun deui tina puasa dzohir kana puasa batin.

Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna hate tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hade, saperti syirik alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam, dengki, ujub, takabur, jeung sajabana. Anggur mah, pinuhan hate urang ku loba eling ka Allah SWT.

Sabab, yakin eta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang sareng Mantenna, saatosna urang diajar nurutan salah sawios sifatna, nyaeta teu tuang teu leueut. Tegesna, puasa teh nyaeta cara manusia nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana supaya leuwih deukeut jeung Mantenna.

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah

Salajengna, kanggo ngiatkeun sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida saena urang upami uninga kana hikmah-hikmahna puasa.

Salah sawiosna anu parantos disinggung di luhur, nyaeta ngahontal darajat takwa. Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu ngabatalkeun puasa sanaos teu aya batur. Tah dina sagala laku lampah teh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos disaksikeun jeung diawaskeun ku Allah SWT.

Kedah sieun midamel anu matak ngondang bebendu Allah. Lamun urang atos takwa Insya Allah, urang gaduh bekel anu pangsae-saena dina mayunan kahirupan akherat, sakumaha pidawuh Allah.

وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى

Hartosna : “Aranjeun kudu bebekelan. Maka saenya-enyana bekel anu paling alus nyaeta takwa.” (al-Baqoroh: 197).

Mudah-mudahan ngalangkungan khutbah anu singkat ieu, urang sadayana sing tiasa leres-leres ngajalankeun ibadah puasa kalayan ngengingkeun hikmah sareng fadilahna. Aamiin ya robbal ‘alamin..

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا االله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَا اتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاخِرَةِ حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .

(*)

Berita Terkini