TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan isi Naskah Khutbah Jumat tentang Ramadhan edisi 29 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, menyentuh hati dan inspiratif, lengkap format PDF yang bisa Anda unduh melalui tautan dibawah ini.
- Unduh Naskah Khutbah Jumat Ramadhan Bahasa Sunda [Disini]
_____
Khutbah Jumat: "Takwa Tujuan Puasa"
Khutbah I
الحمدُ لله الّذِي خَلَقَ الخَلْقَ لِعِبَادَتِهِ، وَأَمْرُهُمْ بِتَوْحِيْدِهِ وَطَاعَتِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، أَكْمَلُ الخَلْقِ عُبُودِيَّةً للهِ، وَأَعْظَمَهُمْ طَاعَةً لَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَاِبهِ. اَمَّا بَعْدُ، فَيَااَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِه وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنـْتُمْ مُسْلِمُوْنَ فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: أعوذ بالله من الشيطان الرجيم: وَاعْتَصِمُوا بِحَبْلِ اللهِ جَمِيعًا وَلاَ تَفَرَّقُوا وَاذْكُرُوا نِعْمَتَ اللهِ عَلَيْكُمْ إِذْ كُنتُمْ أَعْدَآءً فَأَلَّفَ بَيْنَ قُلُوبِكُمْ فَأَصْبَحْتُم بِنِعْمَتِهِ إِخْوَانًا
Jamaah sholat Jum'ah anu mulya
Mindeng pisan urang nguping nalika Romadhon datang para da'i atawa ustadz ngingetan umat Islam yén puasa wajib dilakukeun kalawan tujuan supaya urang jadi pribadi anu takwa.
Naséhat ieu diulang-ulang ti hiji ceramah ka ceramah séjén, bahkan saméméh Romadhon cunduk. Rujukana jelas, nyaéta Surat Al-Baqoroh ayat 183, anu unggelna:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
"Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumha diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun malahmandar aranjeun takwa.”
Naon harti takwa téh? Para ulama sacara umum ngahartikeun “ngalaksanakeun paréntah Alloh jeung ngajauhan larangan-larangan-Na”.
Mindeng pisan publik narima definisi éta cukup sakitu. Jarang umat Islam nyuprih katerangan rinci soal definisi ieu, ngahayatina, terus ngamalkeun sakumaha mistina.
Jamaah sholat jum’ah hafidhokumulloh
Definisi anu umum dipahami publik éta mémang henteu kaliru, tapi lain berarti sampurna. Pangartian ieu masih didominasi ku kacenderungan ngaronjatna ibadah ritual wungkul.
Segi ma'siat ogé saolah-olah diidentikkeun jeung pagawéan lahiriah samata. Padahal, dina diri manusa aya dua hal anu kudu diperhatikeun, nyaéta dimensi dhohir jeung dimensi bathin.