HUT 80 RI
2 Contoh Teks Pidato Upacara Hari Kemerdekaan RI 2025 dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Bermakna
Alhamdulillah kalawan rahmat Allah SWT, urang tiasa kumpul sakumaha acara satahun sakali, shalawat sareng salam mugia dilimpahkeun kabaginda urang na
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
TRIBUNSUMSEL.COM - Peringatan Hari Kemerdekaan Republik Indonesia jatuh pada tanggal 17 Agustus 2025 mendatang.
Saat memperingati Hari Kemerdekaan, umumnya akan dilangsungkan upacara pengibaran bendera merah putih, baik di sekolah hingga instansi lainnya.
Teks pidato jadi salah satu susunan acara yang tak boleh dilewatkan. Adapun dalam penyampaiannya bisa menggunakan bahasa daerah masing-masing, seperti Bahasa Sunda.
Berikut akan Tribunsumsel.com sajikan Contoh Teks Pidato peringatan Hari Kemerdekaan Republik Indonesia pada 17 Agustus 2025 dalam Bahasa Sunda yang singkat dan penuh makna.
_____________
Kumpulan Teks Pidato Hari Kemerdekaan Republik Indonesia dalam Bahasa Sunda
#Contoh Teks Pidato (1)
Assalamualaikum wr.wb.
Alhamdulillah kalawan rahmat Allah SWT, urang tiasa kumpul sakumaha acara satahun sakali, shalawat sareng salam mugia dilimpahkeun kabaginda urang nabi muhammad saw, ka kelargina nempi ka urang sadaya salaku umatna sampe yaumil akhir aamiin..
Simkuring selaku ketua karang taruna ngucapken rebu haturnuhun kasadayana pamuda anu parantos ikut serta dina terselenggarana iyeu acara 17 agustus, moga-moga kuayana acara iyeu nambah kacintaan urang sadaya ka NKRI sareng jasa para pahlawan anu tos berjuang kanggo kamerdekaan RI.
Kukituna abdi ngajak kasadaya pamuda pamudi hayu urang sasarengan ngajaga iyeu kamerdekaan kalayan jadi jalema anu leuwih hade deui, jadi jalma anu mangfaat kanggo sesama, jadi jalma anu mere conto bener kabudak.
Sia-sia pengorbanan para pahlawan baheula lamun kalakuan urang jiga runtah, kudu isin urang kapara pejuang bangsa lamun urang hirup arek kiye bae mah.
Para pejuang kemerdekaan negara indonesia berkorban jiwa ragana hanya demi nagara urang bebas ti penjajah, kabina-bina lamun urang arek hirup mahiwal jiga nuedan teu menang diatur.
Kukituna hayu urang sasarengan jaga iyeu kemerdekaan negara kesatuan republik indonesia.
Inti tina pidato iyeu urang supaya eling terus kajasa para pahlawan pendiri bangsa anu parantos ngintunken urang sadayana, mugi-mugi arwah dipasihan tempat anu paling indah diakherat aamiin.
Sakitu ti abdi salaku ketua karang taruna moga-moga aya manfaatna, hampura bilih aya cariosan anu teu enakeun di hate sararea. sakali deui abdi ngucapkeun hatur nuhun atas terselenggarana iyeu acara.
Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah
Wassalamualaikum Wr.Wb.
___
#Contoh Teks Pidato (2)
Assalamualaikum Wr. Wb.,
Tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah rabbul Ghofur, ka dzat Allah anu Maha Agung.
Kusabab kalayan nikmat ti mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung di ieu tempat dina raraga mieling acara kemerdekaan RI 17 Agustus.
Sholawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjungan urang sadaya, nyatana Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina ka para sahabat ka para tabi'in oge tabiat, tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Hadirin Rahimakumullah,
Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.
Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.
Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?
Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.
Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.
Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.
Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.
Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.
Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.
Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
**
Artikel lainnya di google news.
Ikuti dan bergabung disaluran WhatsApp Tribunsumsel.
Bahasa Sunda
Contoh Teks Pidato
Hari Kemerdekaan Republik Indonesia
17 Agustus
Tribunsumsel.com
Hari Kemerdekaan
2 Contoh LPJ Kegiatan dan Lomba 17 Agustus 2025, Tersedia File Word dan PDF |
![]() |
---|
Sekda Muaro Jambi Bicara Sanksi Camat Sungai Bahar usai Buat Siswa MTSN 7 Nangis Gegara Lagu Ultah |
![]() |
---|
Dipanggil Bupati Muaro Jambi, Majelis Kode Etik Bakal Sanksi Camat Sungai Bahar Buntut Drumband |
![]() |
---|
Nasib Agus Riyadi, Camat Sungai Bahar yang Ultah hingga Buat Tim Drumband Menangis, Bupati Bereaksi |
![]() |
---|
VIDEO Nasib Pegawai Putar Lagu Ultah Camat di Jambi Bikin Tim Drumband Menangis, DPRD Meradang |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.