Seputar Islam

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Hari Kemerdekaan, Penuh Semangat dan Bermakna

Sidang jumah rohimakumulloh , Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Gusti Anu Maha Suci, Alloh Robbul Izzati.  Dzat anu teu weleh-w

Google Gemini AI
ILUSTRASI MENYAMPAIKAN KHUTBAH JUMAT - Berikut adalah Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Hari Kemerdekaan, Penuh Semangat dan Bermakna 

Ku hal sakitu kedah disyukuri oge dilebetan ieu kamerdekaan ku urang ku perkara-perkara anu sae tur manfaat, imma manfaat keur diri pribadi, keur masyarakat, oge bangsa Indonesia nu dipikacinta. Katambih jalmi nu teu syukur teh tos diancam ku adzabna Alloh, sabalikna lamun urang syukur ka Alloh, maka nikmat kamerdekaan eta bakal ditambih ku ni’mat-ni’mat sanesna, sakumaha dawuhannana: 

لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذابِي لَشَدِيدٌ ​​​​​​​

Hartosna, “Lamun aranjeun bersyukur, maka Kami bakal nambihan (ni’mat) keur aranjeun. Ngan lamun aranjeun kalufur, maka (sing emut) siksa Kaula pohara beurat,” (QS. Ibrohim  [14]:7). 

Salajengna kumaha nyukuran kamerdekaan ieu? Uih deui kana definisi syukur, nyaeta ngagunakeun ni’mat sesuai sareng kahoyong anu maparin ni’mat. Nyakitu deui ni’mat kamerdekaan, ieu kedah disyukuran sareng dieusian ku taat ka Alloh sareng rupi-rupi kasaean, bade kasaean keur diri pribadi, kasaean keur masyarakat, sareng kasaean keur nusa bangsa. 

Hartosna, ulah rek ngeusian kamerdekaan ieu ku kamaksiatan sareng kakufuran ka Alloh, sumawona ku kamungkaran sareng permusuhan sasama anak bangsa.​​​​​​​Sakedap deui, urang baris mayunan pesta demokrasi. Hartosna, urang bakal milih calon-calon pamingpin urang. 

Mugia urang sing dipaparin para pamingkin anu jujur tur amanah kalayan anu deudeuh ka sadayana rahayatna. Pamingpin anu tiasa mayungan ka sadayana warga. Nanging, kade ulah rek dikotoran ku tindakan-tindakan teu jujur, tindakan saling rendahkeun, saling hina, saling lecehkeun, anu kadituna matak nganteurkeun kana perpecahan sareng ngajauhkeun tina rohmat Alloh.

​​​​​​​Salajengna, mensyukuri ni’mat kamerdekaan, tiasa dilakukeun ku rupi-rupi kasaean sesuai tugas sareng kapasitas masing-masing. Anu janten pejabat, nyukuran ni’mat kamerdekaan, ku ngajalankeun tugas jabatanna kalayan pinuh tanggung jawab. 

Anu janten tentara, nyukuran ni’mat kamerdekaan ku cara ngajaga kaamanan nagara kalayan totalitas. Anu janten abdi nagara, nyukuran oge ngeusian ni’mat kamerdekaan ku cara soson-soson ngajalankeun tugas sareng fungsina kalayan amanah sareng pinuh pangabdian. 

Sareng saterasna.​​​​​​​Intina urang sadayana, bade istri bade pameget, naon wae latar belakang sosial urang, naon wae latar belakang pendidikan, sareng profesi urang, kedah midamel amal soleh, sareng didadasaran ku iman ka Alloh. 

Sabab jalmi nu midalel amal soleh sareng didadasaran ku kaimanan, parantos dijamin bakal dipaparin kahirupan anu sae, malahan bakal dipasihan balasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamelna, sakumaha anu diuningakeun ku Alloh dina Al-Quran.

 مَنْ عَمِلَ صالِحاً مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَياةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ ما كانُوا يَعْمَلُونَ ​​​​​​​

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu midamel amal saleh, pameget atanapi istri, sementara anjeuna iman, maka Kaula bakal masihan kahirupan ka anjeuna kalayan kahirupan anu sae, sareng bakal masihan pembalasan ka maranehna kalayan pembalasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamel ku maranehna,” (QS. an-Nahl [27]: 97). 

Ku sabab sakitu, janten jelas tur tetela kanggo urang sadayana, nu jadi dasar sagala rupi amal soleh teh nyaeta kaimanan. 

Hartosna, tiasa disebatkeun percuma midamel amal soleh, lamun eta amal soleh teu didadasaran ku kaimanan ka Alloh, iman ka para malaikat, sareng iman ka perkara-perkara nu tos ditetepkeun dina rukun iman sanesna.​​​​​​​Nyakitu deui urang ngamumule kamerdekaan. Moal sampurna upami teu didadasaran ku iman ka Nu Maha Kawasa. Sabab, anu leres-leres syukur ka Alloh sareng kana ni’mat kamerdekaan nyaeta jalmi-jalmi anu iman. 

Syukur nalika anjeuna tiasa soson-soson ibadah ka Alloh dina kaayaan lalugina teu aya halangan-harungan, oge teu aya gangguan kaamanan. Anjeuna tiasa ngabayangkeun, kumaha upami ibadah dina kaayaan teu acan merdeka. 

Halaman 2 dari 3
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved