Seputar Islam

Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Bulan Rajab Edisi 10 Januari 2025, Pilihan Terbaik dan Penuh Makna

Berikut ini akan disajikan contoh teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Rajab edisi 10 Januari 2025, pilihan terbaik dan berkesan untuk dibagi

Tayang:
Tribunsumsel.com
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Bulan Rajab Edisi 10 Januari 2025, Pilihan Terbaik dan Penuh Makna 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan contoh teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Rajab edisi 10 Januari 2025, pilihan terbaik dan berkesan untuk dibagikan pada jamaah sholat Jumat.

=======

KHUTBAH JUMAT BAHASA SUNDA

"Ranggeuyan Kamulyaan keur Jalma Takwa di Akherat"

Khutbah I   

إِنّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن 

 أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: لِلَّذِيْنَ أَحۡسَنُواْ مِنۡهُمۡ وَٱتَّقَوۡاْ أَجۡرٌ عَظِيمٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ   

Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh, 

Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana. Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, oge ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna.  

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayanma. Sabab, ngan katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana. 

Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh, 

Saenya-enyana Alloh moal rek ngalalaworakeun kasaean sareng katakwaan hamba-Na. Mantenna moal sulaya nyumponan kana jangji-Na, kalebet jangji ka para hamba-Na anu takwa, imma di dunya wa imma di akherat. 

Dina leresan ieu, Imam Al-Ghazali parantos nguningakeun sababaraha rupi kamulyaan anu disiapkeun ku Alloh kanggo jalmi-jalmi takwa di akherat.  

Kahiji, jalmi takwa bakal diringankeun sareng digampilkeun ku Alloh nalika mayunan sakaratul maut. Sedengkeun sakaratul maut teh numutkeun hiji riwayat, nyerina ibarat dicabutna hiji tangkal cucukan tina lebet padaharan sakaligus.   

Digambarkeun dina hadits, keur jalmi anu soleh mah, nyerina kamatian ibarat dicabutna hiji rambut tina adonan tipung, sedangkeun numutkeun riwayat sanes mah, kaluarna teh lir ibarat kaluarna cai tina teko dina pada lancar ngalir teu aya halangannana.   

Kadua, jalmi takwa bakal disalametkeun tina patarosan sareng fitnah kubur. Benten sareng jalmi-jalmi kufur, jalmi-jalmi anu takwa mah sapertos diajarkeun sareng ditungtun dina ngawaler patarosan-patarosan malaikat Munkar Nakir. 

Sakumaha dina sababaraha riwayat, patarosan-patarosanna teh di antawisna perkawis Pangeran anu diibadahan, agama anu dicepeng, rosul anu dituturkeun, kitab anu janten padoman, sareng dulur nalika di alam dunya.   

Hal ieu oge teu leupas tina jangji Alloh: 

Halaman 1/4
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
KOMENTAR

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved