Seputar Islam

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Dzulhijjah Edisi 21 Juni 2024, Tersedia LINK PDF

Kali ini akan disajikan contoh teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang bulan Dzulhijjah edisi 21 Juni 2024, yang menyentuh dan penuh makna, tersedia f

Tribunsumsel.com
Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tentang Dzulhijjah Edisi 21 Juni 2024, Tersedia LINK PDF 

TRIBUNSUMSEL.COM - Kali ini akan disajikan contoh teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang bulan Dzulhijjah edisi 21 Juni 2024, yang menyentuh dan penuh makna, tersedia format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.

_______

"Fadhilah Sasih Zulhijah"

Khutbah I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَدَا وَمَاكُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ اَنْ هَدَانَا اللهُ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِيَ بَعْدَهُ. اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ وَالتَابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ. اَمَّابَعْدُ:

فَيَـااَيُّـهَااْلحَاضِرُوْنَ, اِتَّقُوْا الله َحَيْثُمَا كُنْتُمْ وَاِنَّ اْلجَنَّـةَ اُعِـدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَقَالَ الله ُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ: أَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ . يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ إِنَّا خَلَقۡنَٰكُم مِّن ذَكَرٖ وَأُنثَىٰ وَجَعَلۡنَٰكُمۡ شُعُوبٗا وَقَبَآئِلَ لِتَعَارَفُوٓاْۚ إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ ٱللَّهِ أَتۡقَىٰ كُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ .

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah..

Dina sasih zulhijah atanapi sasih haji anu kamashurna, mangrupikeun sasih anu agung, anu ngandung makna sajarah Nabi pilihan kakasih Allah Ta’ala nyaeta Gusti kangjeng Nabi Ibrahim AS jeung putrana Nabi Ismail AS

Sahingga urang sadayana diparentah ku Allah Subhanahu Wata’ala, sangkan midamel amal shaleh dina salebet sasih Zulhijah, boh anu wajib atanapi anu sunatna.

Paréntah Allah Subhanahu Wata’ala, diantawisna aya lima anu tos biasa dilaksanakeun ku jalmi-jalmi anu shaleh nyaéta:

1. Ngalaksanakeun ibadah haji di Mekkah, wajib hukumna kanggo anu parantos mampuh.

Dina ibadah haji aya tarbiyah atanapi atikan jeung didikan anu ti Allah Subhanahu Wata’ala.

Sadayana jalmi anu ibadah haji teu kenging ningalikeun atribut atanapi nganggo pakéan kabesaran kamulyaan dunya anu dibanggakeun, kajabi mung saukur nganggo kaen ihram anu serba bodas kalayan teu nganggo model anu nonjolkeun ciri has atanapi suku bangsa, asal nagara, pejabat atanapi rahayat, konglomerat atawa jalma malarat.

Sadayana sami lawon bodas anu di anggona. Ieu mangrupikeun hiji lambang kesamaan di antara manusa dipayuneun Allah SWT.

Amargi ibadah haji teh lain piknik, lain hayang meunang titel haji estu nedunanan panggilan Allah Subhanahu Wata’ala.

Sadaya atribut atanapi pakean kabesaran dunya kudu dilesotkeun dipayuneun Allah Ta’ala

Amargi jalmi anu mulya mungguh Allah teh nyaeta jalmi anu pang takwana, pidawuhna dina surat Al-hujurot ayat 13:

يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ إِنَّا خَلَقۡنَٰكُم مِّن ذَكَرٖ وَأُنثَىٰ وَجَعَلۡنَٰكُمۡ شُعُوبٗا وَقَبَآئِلَ لِتَعَارَفُوٓاْۚ إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ ٱللَّهِ أَتۡقَىٰكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ ١٣

Hartosna : “Yeuh manusa saenyana kami ngajadikeun maraneh ti hiji lalaki jeung hiji awewe, jeung kami geus ngajadikeun maraneh jadi sababaraha bangsa jeung sabaraha golongan, supaya maraneh silih pikawanoh. Saestuna jalmi anu pangmulya-mulyana mungguhing Allah SWT nyaeta anu pang taqwana ti antara maraneh, saestuna Allah SWT teh maha uninga, oge maha ningali. (al-Hujurot: 13)

2. Seueur ibadah atanapi midamel amal sholeh dina salebet sasih Zulhijah utamina dina kaping hiji dugi ka sapuluh kanggo anu teu ngalaksanakeun ibadah haji.

3. Puasa arapah kanggo anu henteu ngalaksanakeun ibadah haji. Sahabat kantos naroskeun ka kangjeng Rasul perkawis saum arafah:

سُئِلَ عَنْ صَوْمِ عَرَفَةَ فَقَالَ: يُكَفِّرُ سَنَّةَالْمَضِيَةَ وَالْبَاقِيَةَ

Hartosna: “Ditaros perkawis saom arafah maka saur kanjeng Rasul: bakal ngiparatan kana dosa anu satahun kalangkung jeung anu sakantuna.”

4. Ngadegkeun sholat sunat idul adha.

5. Ngalaksanakeun ibadah qurban kanggo anu mampuh, kudu mentingkeun urang kana qurbanteh, margi aya dawuhan Kangjeng Rosul kieu:

مَنْ كَانَ لَهُ سَعَةٌ وَلَمْ يُضَحِّ فَلاَ يَقْرَبَنَّ مُصّلاَّنَا ـ (رَوَاهُ اَحْمَدْ وَ ابْنُ مَاجَةْ)

Hartosna: “Sing saha anu aya kalaluasaan dirina (dina hartana), tuluy Manehna teu kurban maka ulah ngadeukeutan tempat sholat kami.” (H.R. Ahmad jeung Ibnu Majah).

Hadirin Jamaah Jum’ah anu sami mulya,

Dina ibadah kurban oge aya atikan, nyaeta meuncit hiji hewan secara syareat , hakikatna urang sing bisa meuncit atawa ngabersihkeun dina hate sifat-sifat kahewanan kayaning hayang meunang sorangan, ngumbar syahwat, jeung mawa karep sorangan teu ngagugu kana dawuhan Allah SWT.

Janten kurban teh mangrupikeun buktos iman jeung taat ka Allah SWT nu di contoan ku Nabi Ibrahim AS.

Mudah-mudahan ku ngalaksanakaeun amal ibadah dina sasih Zulhijah ieu urang sadaya tiasa ningkatkeun kana amal ibadah kalayan sampurna ditampi ku Allah SWT.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَا بِااِمْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍنِابْنِ عَبْدِاللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّثَبِّتْ اَقْدَاَمَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْنَ. رَبَّنَااتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

**

Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved