Seputar Islam

Khutbah Jumat Malam Nuzulul Quran Edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada File PDF

Berikut akan disajikan naskah Khutbah Jumat bertema Malam Nuzulul Quran edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, yang menyentuh hati dan penuh khidmat

Tribunsumsel.com
Khutbah Jumat Malam Nuzulul Quran Edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada File PDF 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan naskah Khutbah Jumat bertema Malam Nuzulul Quran edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, yang menyentuh hati dan penuh khidmat untuk referensi.

Adapun naskah Khutbah Jumat ini bisa diunduh dalam format PDF melalui tautan dibawah ini.

  • Unduh Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda >> [PDF Disini;]

________

Khutbah Jumat: "Makna Malam Nuzulul Quran"

Khutbah I

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,

أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.

اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ وَهَذَا كِتَابٌ أَنْزَلْنَاهُ مُبَارَكٌ فَاتَّبِعُوهُ وَاتَّقُوا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُونَ

(QS al-An‘am [6]: 155)

Alhamdulillah, urang sadayana masih kénéh ditepangkeun ku Alloh dina poéan anu mulya, dina tempat anu mulya, di bulan anu mulya, sasarengan sareng jalmi-jalmi anu InsyaAlloh dimulyakeun ku Alloh SWT.

Sholawat miwah salam mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka junjungan urang sadayana Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’ut tabi’in sareng sadaya ummatna anu salamina istikomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugika Yaumil kiyamah.

Prak geura takwa aranjeun ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa, iraha baé jeung dimana baé anjeun aya. Salamina raksa sagala tindakan, ucapan, sarta sikep urang supaya salamina aya dina jalan Alloh, nyukcruk galur sunnah Rosul.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Satiap bulan Romadhon kaping 17 kaom Muslim biasa ngalaksanakeun miéling Nuzulul Qur’an. Rupa-rupa acara dilaksanakeun pikeun ngingetan deui kana pentingna Al-Qur’an ngajadikeun padoman hirup manusa akhir zaman Kajadian Nuzulul Qur’an nyaéta kajadian anu ahéng.

Naha kunaon? Cobi perhatoskeun dawuhan Alloh SWT:

لَوْ أَنْزَلْنَا هَذَا الْقُرْآنَ عَلَى جَبَلٍ لَرَأَيْتَهُ خَاشِعًا مُتَصَدِّعًا مِنْ خَشْيَةِ اللَّهِ وَتِلْكَ الْأَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُونَ

“Lamun ieu Al-Qur’an ku Kami diurunkeun di luhureun gunung, anjeun (Muhammad) pasti bakal nyaksian éta gunung téh turut jeung hancur paburantak kusabab sieun ku

Alloh. Pangumpamaan ieu ku kami dijieun pikeun manusa supaya maranéhna daék mikir”. (TQS al-Hasyr [59]: 21).

Imam ath-Thobari nafsirkeun ayat ieu ku nyebatkeun: Alloh Anu Maha Agung ngadawuh, “Lamun Kami nurunkeun Al-Qur’an kana hiji gunung, samentara éta gunung téh mangrupakeun tumpukan batu, pasti anjeun bakal nyaksian, wahai Muhammad, éta gunung téh kacida pisan sieuna.”

Alloh ngadawuh, “Éta Gunung turut sarta beulah paburantak kusabab kacida pisan sieuna ka Alloh singsanajan éta gunung (batu-batu) anu kacida pisan teuasna.”

Taya lian kusabab éta gunung téh kacida hariwangna teu sanggup nyumponan hak-hak Alloh anu diwajibkeun ka dirina, nyaéta ngagungkeun Al-Qur’an”. (Ath-Thobari, Jami’ al-Bayan fi Ta’wil Al Qur’an, 23/300).

Anapon Imam al-Baidhowi napsirkeun ayat ieu ku nyebatkeun, “Lamun Kami (Alloh SWT) nyiptakeun akal jeung parasaan kana gunung, sakumaha anu geus Kami ciptakeun kana diri manusa, tuluy Kami nurunkeun Al-Qur’an kana luhureun éta gunung, kalawan konsékwénsi ganjaran jeung siksaan, éstu éta gunung bakal turut, patuh jeung hancur paburantak kusabab kacida sieuna ka Alloh SWT.

Ayat ieu mangrupakeun gambaran yén kacida pisan gedéna kahébatan sarta pangaruh Al-Qur’an.” (Al-Baidhawi, Anwar at-Tanzil wa Asror at-Ta’wil, 3/479).

Kusabab kitu pisan, nurutkeun Abu Hayan al-Andalusi; “Ayat ieu mangrupakeun panyacad ka manusa anu teuas haté jeung parasaanana teu kapangaruhan saeutik ogé ku Al-Qur’an.

Padahal lamun gunung anu ngadeg jeung tohaga baé pasti turut jeung patuh kana Al-Qur’an, samistina manusa leuwih payus pikeun turut jeung patuh kana Al-Qur’an”. (Abu Hayan al-Andalusi, Bahr al-Muhîth, 8/251).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Naon anu disebutkeun ku Abu Hayan al-Andalusi ieu éstu loba kajadian dina wanci kiwari. Loba manusa henteu nurut jeung patuh kana Al-Qur’an.

Loba manusa anu haténa teu ngageter nalika Al-Qur’an dibacakeun. Bisa jadi hal ieu téh kusabab loba haté manusa anu geus teuas ngabatu. Mungkin leuwih teuas alahbatan batu.

Henteu saeutik ogé kapangaruhan ku bacaan Al-Qur’an. Sumawona aya jorojoy pikeun ngamalkeun eusina jeung nerapkeun hukum-hukumna. Padahal mah satiap taun Nuzulul Qur’an dipiéling. Leuwih ti kitu mungkin Al-Qur’an sering dibaca atawa didangukeun.

Lamun kitu kaayaanana, saéstuna Alloh SWT geus ngingetan ka urang sadaya:

أَفَلَا يَتَدَبَّرُونَ الْقُرْآنَ أَمْ عَلَى قُلُوبٍ أَقْفَالُهَا

“Naha maranéhna henteu merhatikeun Al-Qur’an atawa haté maranéhna geus kakonci?”. (TQS Muhammad [47]: 24).

Hartina, nurutkeun Imam as-Samarqondi, “Naha maranéhna teu ngadéngékeun Al Qur’an; teu nyokot palajaran tina ieu Al-Qur’an; jeung teu mikirkeun kana naon anu geus ku Alloh SWT diturunkeun dina éta Al-Qur’an mangrupa jangji jeung ancaman sarta pinuh ku kaajaiban di jerona sahingga ku hal éta maranéhna ngarti yén Al Qur’an téh bener-bener ti sagédéngeun Alloh. Atawa haté-haté maranéhna geus katutupan?” (As-Samarqondi, Bahr al-’Ulum, 4/156).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Al-Qur’an sajatina Alloh SWT nurunkeun téh supaya jadi rohmat pikeun manusa (QS Fushilat [41]: 2-3). Jeung hal ieu téh ngan bisa ngawujud lamun panggerona diperhatikeun ku manusa. Alloh ngajangjikeun kabarokahan.

وَهَذَا كِتَابٌ أَنْزَلْنَاهُ مُبَارَكٌ فَاتَّبِعُوهُ وَاتَّقُوا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُونَ

“Al-Qur’an téh nyaéta kitab anu ku Kami diturunkeun anu diliputan kabarokahan. Kusabab kitu prak tuturkeun éta kitab téh jeung kudu tarakwa aranjeun, supaya aranjeun dibéré rohmat”. (TQS al-An‘am [6]: 155).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Panggerona Al-Qur’an sahenteuna ngabogaan dua aspék, nyaéta aspék ruhiyah (spiritual) jeung aspék siyasiyah (politik). Aspék ruhiyah ngawengku pangaturan hubungan manusa jeung Alloh SWT saperti sholat, puasa, haji, jsb.

Anapon aspék siyasiyah (politik) ngawengku pangaturan hubungan sasama manusa, khususna anu aya pakuat-kaitna jeung urusan publik (masyarakat) anu dijalankeun ku nagara sarta dikontrol dina ngalaksanakeunana ku umat.

Sabab, pulitik dina Islam hakékatna nyaéta pangaturan urusan umat, naha di jero atawa di luar nagara, saluyu jeung pituduh sarta hukum-hukum Al-Qur’an.

Hanjakal, aspék siyasiyah Al-Qur’an tacan meunang perhatian anu samistina sakumaha aspék ruhiyahna. Kusabab kitu, pantes karohmatan sarta kabarokahan Al-Qur’an masih jauh kénéh pisan tina kahirupan manusa jaman ayeuna.

Ayat Al-Qur’an anu sifatna politis, saperti ayat-ayat ngeunaan kawajiban nerapkeun hukum Islam dina aspék publik, teu di tanjeurkeun.

Nyakitu deui ayat-ayat ngeunaan da’wah & jihad, amar ma’ruf nahyi mungkar, nepika ayat-ayat ngeunaan kawajiban ngadegkeun sistem ékonomi Islam kaya-kaya leungit teu kaperhatikeun ku kaom muslimin.

Padahal mah, Al-Qur’an téh geus jelas ngatur kana sakabéh aspék kahirupan. Ieu téh mangrupakeun kitab anu paripurna pikeun manusa keur ngatur hirup kumbuh di dunya. Anu asalna ti Zat Anu Maha Bener jeung Adil, nyaéta Alloh SWT.

Kusabab kitu, tugas urang sadaya, ngabumikeun Al-Qur’an sahingga Islam ieu bisa dilaksanakeun kalawan sampurna (kaffah) sakumaha anu dicontokeun ku Nabi sareng para sohabat. Ngawujudkeun kabarokahan hakiki dibarengan ridho ilahi rabbi.

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ.

وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ

فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ

وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا

اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى
بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ
اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالعَفَافَ وَالغِنَى
اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ أَنْ تَرْزُقَ كُلاًّ مِنَّا لِسَانًا صَادِقًا ذَاكِرًا، وَقَلْبًا خَاشِعًا مُنِيْبًا، وَعَمَلاً صَالِحًا زَاكِيًا، وَعِلْمًا نَافِعًا رَافِعًا، وَإِيْمَانًا رَاسِخًا ثَابِتًا، وَيَقِيْنًا صَادِقًا خَالِصًا، وَرِزْقًا حَلاَلاًطَيِّبًا وَاسِعًا، يَا ذَا الْجَلاَلِ وَالإِكْرَامِ

اَللهُمَّ رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا صَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَتَخُشُّعَنَا وَتَضَرُّعَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَا اَللهُ يَااَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

اللَّهُمَّ أَعِزَّ الإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَوَحِّدِ اللَّهُمَّ صُفُوْفَهُمْ، وَأَجْمِعْ كَلِمَتَهُمْ عَلَى الحَقِّ، وَاكْسِرْ شَوْكَةَ الظَّالِمِينَ، وَاكْتُبِ السَّلاَمَ وَالأَمْنَ لِعِبادِكَ أَجْمَعِينَ
اللَّهُمَّ أَنْزِلْ عَلَيْنَا مِنْ بَرَكَاتِ السَّمَاء وَأَخْرِجْ لَنَا مِنْ خَيْرَاتِ الأَرْضِ، وَبَارِكْ لَنَا في ثِمَارِنَا وَزُرُوْعِنَا وكُلِّ أَرزَاقِنَا يَا ذَا الْجَلاَلِ وَالإِكْرَامِ

رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ

**

Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved