Seputar Islam

Khutbah Jumat Malam Nuzulul Quran Edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada File PDF

Berikut akan disajikan naskah Khutbah Jumat bertema Malam Nuzulul Quran edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, yang menyentuh hati dan penuh khidmat

Tribunsumsel.com
Khutbah Jumat Malam Nuzulul Quran Edisi 22 Maret 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada File PDF 

Loba manusa anu haténa teu ngageter nalika Al-Qur’an dibacakeun. Bisa jadi hal ieu téh kusabab loba haté manusa anu geus teuas ngabatu. Mungkin leuwih teuas alahbatan batu.

Henteu saeutik ogé kapangaruhan ku bacaan Al-Qur’an. Sumawona aya jorojoy pikeun ngamalkeun eusina jeung nerapkeun hukum-hukumna. Padahal mah satiap taun Nuzulul Qur’an dipiéling. Leuwih ti kitu mungkin Al-Qur’an sering dibaca atawa didangukeun.

Lamun kitu kaayaanana, saéstuna Alloh SWT geus ngingetan ka urang sadaya:

أَفَلَا يَتَدَبَّرُونَ الْقُرْآنَ أَمْ عَلَى قُلُوبٍ أَقْفَالُهَا

“Naha maranéhna henteu merhatikeun Al-Qur’an atawa haté maranéhna geus kakonci?”. (TQS Muhammad [47]: 24).

Hartina, nurutkeun Imam as-Samarqondi, “Naha maranéhna teu ngadéngékeun Al Qur’an; teu nyokot palajaran tina ieu Al-Qur’an; jeung teu mikirkeun kana naon anu geus ku Alloh SWT diturunkeun dina éta Al-Qur’an mangrupa jangji jeung ancaman sarta pinuh ku kaajaiban di jerona sahingga ku hal éta maranéhna ngarti yén Al Qur’an téh bener-bener ti sagédéngeun Alloh. Atawa haté-haté maranéhna geus katutupan?” (As-Samarqondi, Bahr al-’Ulum, 4/156).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Al-Qur’an sajatina Alloh SWT nurunkeun téh supaya jadi rohmat pikeun manusa (QS Fushilat [41]: 2-3). Jeung hal ieu téh ngan bisa ngawujud lamun panggerona diperhatikeun ku manusa. Alloh ngajangjikeun kabarokahan.

وَهَذَا كِتَابٌ أَنْزَلْنَاهُ مُبَارَكٌ فَاتَّبِعُوهُ وَاتَّقُوا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُونَ

“Al-Qur’an téh nyaéta kitab anu ku Kami diturunkeun anu diliputan kabarokahan. Kusabab kitu prak tuturkeun éta kitab téh jeung kudu tarakwa aranjeun, supaya aranjeun dibéré rohmat”. (TQS al-An‘am [6]: 155).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Panggerona Al-Qur’an sahenteuna ngabogaan dua aspék, nyaéta aspék ruhiyah (spiritual) jeung aspék siyasiyah (politik). Aspék ruhiyah ngawengku pangaturan hubungan manusa jeung Alloh SWT saperti sholat, puasa, haji, jsb.

Anapon aspék siyasiyah (politik) ngawengku pangaturan hubungan sasama manusa, khususna anu aya pakuat-kaitna jeung urusan publik (masyarakat) anu dijalankeun ku nagara sarta dikontrol dina ngalaksanakeunana ku umat.

Sabab, pulitik dina Islam hakékatna nyaéta pangaturan urusan umat, naha di jero atawa di luar nagara, saluyu jeung pituduh sarta hukum-hukum Al-Qur’an.

Hanjakal, aspék siyasiyah Al-Qur’an tacan meunang perhatian anu samistina sakumaha aspék ruhiyahna. Kusabab kitu, pantes karohmatan sarta kabarokahan Al-Qur’an masih jauh kénéh pisan tina kahirupan manusa jaman ayeuna.

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved