Seputar Islam
Teks Khutbah Jumat Singkat Bulan Safar 25 Agustus 2023 dalam Bahasa Sunda, Tersedia File PDF
Berikut contoh teks Khutbah Jumat bulan Safar edisi 25 Agustus 2023 singkat dan penuh khidmat, dalam bahasa Sunda. Tersedia pula materi Khutbah PDF ya
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut contoh teks Khutbah Jumat bulan Safar edisi 25 Agustus 2023 singkat dan penuh khidmat, dalam bahasa Sunda. Tersedia pula materi Khutbah PDF yang bisa diunduh melalui link dibawah ini.
- Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda PDF >> Klik Disini.
Judul Khutbah Jumat Bahasa Sunda : "Nulungan Sasama Muslim, Hukumna Wajib"
KHUTBAH PERTAMA
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ, أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى : أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ فَاَصْلِحُوْا بَيْنَ اَخَوَيْكُمْ وَاتَّقُوا اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ' (QS al-Hujurat [49]: 10).
Alhamdulillah, sagala puji urang sanggakeun ka Alloh subhanahu wa ta’ala anu parantos ngumpulkeun deui urang sadaya dina bulan anu mulya, poéan anu mulya, dina tempat anu mulya, babarengan jeung jalmi-jalmi anu insyaAlloh dimulyakeun ku Mantena.
Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpah curahkeun ka Rosul Akhir Zaman Sayyidina Muhammad sholallohu ‘alaihi wa sallam.
Teu hilap ka kulawargina, sohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam nepika akhir zaman.
Prak geura takwa Aranjeun ka Alloh, Anu Maha Kawasa, Anu Mahabener, sarta Mahaadil.
To’atan sadaya paréntah-Na, jauhan sanéskanten cegahana-Na. Lain ngan dina hal ibadah mahdloh wungkul.
Tapi sakabéh aturan anu geus diturunkeun-Na ngalangkungan panutan urang Nabi sholallohu ‘alaihi wa sallam.
Saéstuna, éta téh jalan urang sadaya, jalan umat manusa, pikeun ngahontal karidhoana-Na, kabahagiaan di dunya ogé di akhérat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَثَلُ الْمُؤْمِنِينَ فِي تَوَادِّهِمْ وَتَرَاحُمِهِمْ وَتَعَاطُفِهِمْ مَثَلُ الْجَسَدِ إِذَا اشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌ تَدَاعَى لَهُ سَائِرُ الْجَسَدِ بِالسَّهَرِ وَالْحُمَّى
“Kaom Mu’min téh dina perkara silih pikacinta, mikanyaah jeung mikaasih saperti hiji awak. Lamun aya salahsahiji anggota awak anu nyeri mangka sakabéh awakna bakal milu nyaring (teu bisa saré) jeung muriang (milu ngarasakeun nyerina)” (HR Muslim).
Hadits ieu ngajelaskeun posisi urang ka sasama Muslim. Saha baé anu geus syahadat, ngucapkeun kalimah tauhid Laa ilaha illalloh, Muhammad Rosululloh, maranéhna nyaéta dulur urang.
Singsanajan bisa jadi béda warna kulit, ras, suku, bangsa, ogé basana. Urang téh nyaéta ngagem hiji akidah anu sarua, nyaéta akidah Islam.
Lamun aya anu dinyenyeri, urang ogé sakuduna ngarasa nyeri, sarta ngabéla ka maranéhna.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Geus leuwih ti saminggu ieu dulur urang sadaya, kaom Muslimah India di Nagara Bagéan Karnataka ngalaman dicegah maké jilbab di sakabéh lingkungan pendidikan, sakola atawa kampus.
Naha tanaga pangajar awéwé atawa murid jeung mahasiswi dipaksa pikeun ngaleupaskeun jilbab maranéhna nalika asup lingkungan sakola/kampus.
Larangan ieu téh disebut-sebut mangrupakeun instruksi langsung ti Kamenterian Pendidikan India.
Teu cukup kitu, maranéhna nandangan rupa-rupaning palécéhan sarta intimidasi ku pangagem Hindu.
Sajumlah warta sarta vidéo anu sumebar mintonkeun sagala rupa persékusi anu dilakukeun pangagem Hindu ka kaom Muslimah anu mertahankeun kana pakéan islami maranéhna.
Kanyahokeun ku anjeun sadaya, wanci kiwari Muslim India jadi salah sahiji golongan minoritas anu ditindes panggedéna di dunya. Rezim Hindu India anu keur ngawasa ayeuna némbongkeun sikep anti Muslim.
Masjid disemprot ku kokotor sapi, kaom Muslim dipaksa ngucapkeun pupujian ka déwa, tempat usaha kaom Muslim diruksak, jeung salahsahiji laporan dina taun 2019 nyebutkeun yén 90 persén kakerasan di éta nagara, korbana nyaéta Muslim.
Naon anu kajadian di India, sarupa jeung naon anu kajadian di Myanmar sarta Xinjiang China. Maranéhna ditindes ku rezim.
Ampir teu aya lembaga-lembaga di dunya mantuan ka maranéhna. Pamingpin nagri-nagri Islam oge cicing.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Alloh subhanahu wa ta’ala geus maréntahkeun umat Muslim pikeun salawasna méré bantuan nalika dulurna mikabutuh pitulung.
Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَاِنِ اسْتَنْصَرُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ فَعَلَيْكُمُ النَّصْرُ
“Lamun maranéhna ménta tulung ka aranjeun dina (urusan ngabélaan) agama mangka aranjeun wajib méré tulung” (TQS al-Anfal [8]: 72).
Nulungan sasama Muslim anu dianiaya hukumna nyaéta fardhu kifayah. Haram cicing baé nalika ningali dulurna saiman didloliman.
Kawajiban ieu karék disebut bérés nalika maranéhna anu didloliman meunang panyalindungan anu sampurna.
Nabi mépélingan yén henteu saurang Muslim ngantep panganiayaan ka sasama Muslim anging Alloh subhanahu wa ta’ala ogé bakal ngantep maranéhna didloliman ogé. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَا مِنْ امْرِئٍ يَخْذُلُ امْرَأً مُسْلِمًا عِنْدَ مَوْطِنٍ تُنْتَهَكُ فِيهِ حُرْمَتُهُ وَيُنْتَقَصُ فِيهِ مِنْ عِرْضِهِ إِلَّا خَذَلَهُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ فِي مَوْطِنٍ يُحِبُّ فِيهِ نُصْرَتَهُ. وَمَا مِنْ امْرِئٍ يَنْصُرُ مُسْلِمًا فِي مَوْطِنٍ يُنْتَقَصُ فِيهِ مِنْ عِرْضِهِ وَيُنْتَهَكُ فِيهِ مِنْ حُرْمَتِهِ إِلَّا نَصَرَهُ اللَّهُ فِي مَوْطِنٍ يُحِبُّ فِيهِ نُصْرَتَهُ
“Henteu salah saurang ngantepkeun (teu nulungan) dulurna sasama Muslim dina kondisi kahormatanana keur diganggu sarta harga dirina diruksak, anging Alloh bakal ngantepkeun (teu nulungan) manéhna nalika manéhna butuh pitulung.
Henteu salahsaurang nulungan saurang Muslim nalika harga dirina direndahkeun sarta kahormatanana dilanggar, anging Alloh bakal nulungan manéhna nalika butuh pisan hayang ditulungan” (HR Ahmad).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Pasualanana, kumaha carana urang méré pitulung ka maranéhna? Samentara, umat Islam geus dipisah-pisah ku wates nagara? Nepika haté jeung pikiran ogé geus diborogod ku paham kabangsaan?
Panghinaan katut panindesan anu tumiba ka kaom Muslim, kaasup di India, nyaéta paringetan teges pikeun kaom Muslim sadunya, yén pasualan ieu téh teu bisa diungkulan ku individu, organisasi, atawa lembaga dunya singsanajan saperti ku PBB (Persatuan Bangsa Bangsa).
Kaom Muslim sadunya kudu ngabogaan institusi sorangan anu sipatna global jeung mibanda kakuatan anu rohaka pikeun ngaraksa sarta ngabélaan kahormatan maranéhna.
Institusi global anu dimaksud téh taya lian nyaéta Khilafah Islam. Katunggaraan kaom Muslim sadunya, moal rék kajadian nalika aya Khilafah Islam jadi taméng anu tohaga ngajaga tur ngabéla kahormatan umat.
Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos mépélingan ka urang sadaya yén kacida pisan urgéna ayana Kholifah/Imam anu jadi taméng pikeun umat.
Anjeuna ngadawuh:
إِنَّمَا الإِمَامُ جُنَّةٌ، يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ، وَيُتَّقَى بِهِ
“Saéstuna Imam (Kholifah) téh (laksana) taméng: jalma-jalma bakal perang di satukangeun manéhna (ngadukung) sarta nyalindung (ti musuh) kalawan (kakawasaan)-nana” (HR al-Bukhari, Muslim, an-Nasa’i, Abu Dawud, sareng Ahmad).
Ayana khilafah bakal ngahalangan/nyegah musuh tina nyilakaan kaom Muslim; nyegah manusa anu hiji kanu séjén silih cilakaan, miara kamurnian ajaran Islam; sarta ngajaga saha baé anu tunduk dina kakawasaanana.
Leuwih ti kitu, Khilafah ogé bakal nyiptakeun suasana karukunan umat anu ngagem agama, kucara tetep méré kalaluaasan umat agama séjén ibadah jeung hirup luyu jeung kayakinan agama maranéhna.
Malikeun deui institusi Islam warisan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ieu pisan, salah sahiji cara pikeun mantuan sasama Muslim di dunya. Mudah-mudahan Alloh nulungan urang sadaya.
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH KEDUA
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سيّدِنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَ هُدَاهُ. أَمَّا بَعْدُ؛أعوذ بالله من الشيطان الرجيم. بسم الله الرحمن الرحيم. إنَّ اللهَ وملائكتَهُ يصلُّونَ على النبِيِّ يَا أيُّهَا الذينَ ءامَنوا صَلُّوا عليهِ وسَلّموا تَسْليمًااللّـهُمَّ صَلّ على سيّدِنا محمَّدٍ وعلى ءالِ سيّدِنا محمَّدٍ كمَا صلّيتَ على سيّدِنا إبراهيمَ وعلى ءالِ سيّدِنا إبراهيم وبارِكْ على سيّدِنا محمَّدٍ وعلى ءالِ سيّدِنا محمَّدٍ كمَا بارَكْتَ على سيّدِنا إبراهيمَ وعلى ءالِ سيّدِنا إبراهيمَ إنّكَ حميدٌ مجيدٌ.اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ.اللَّهُمَّ اغْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا وَ ذُنُوْبَ وَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا
***
Baca juga: Arti Tabligh, Ceramah, Pidato, Tausyiah, Khutbah dan Kultum, Apa Perbedaannya? Berikut Penjelasannya
Baca juga: Contoh Naskah Khutbah Jumat Singkat 25 Agustus 2023, Mudah Dipahami Tersedia File PDF
Baca juga: Contoh Naskah Khutbah Jumat Edisi 18 Agustus 2023 Bahasa Jawa, Penuh Makna dan Tersedia LINK PDF
Baca artikel dan berita Tribun Sumsel lainnya langsung dari google news
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Edisi Bulan Safar
PDF Naskah Khutbah Jumat 2023
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Bacaan Surat Yasin Latin Mudah Dibaca Lengkap Artinya PDF, Ayat 1- 83 |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Tentang Hari Kemerdekaan, Tersedia File PDF |
![]() |
---|
Teks Sholawat Hayyul Hadi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Bahasa Indonesia |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.